Ngabastakeun


Barudak anu mangkak rumaja, geus miboga sipat galak sinongnong atawa geus nincak balég tampélé, osok aya-aya waé kalakuanana téh. Barudak anu najan geus boga kahayang, tapi teu bisa terus terang sajalawantrahna. Lamun boga pamaksudan jeung kahayang ngan ukur bisa ti jauhna atawa teu bisa langsung togmol. Osok maké jalan anu malipir atawa sacara henteu langsung.

Budak anu miboga rasa resep ka lain jinis

Budak anu mangkak rumaja mah geus miboga rasa anu mikaresep ka lain jinis. Lamun budak lalaki, nya geus boga resep ka budak awéwé. Pon kitu deui sabalikna, budak awéwé geus miboga rasa resep ka budak lalaki. Ngan dina perkara resepna ieu, jarang anu wani balaka langsung ka jinisna. Lolobana mah ngan ukur bisa nyérangkeun ti kajauhan. Pikeun budak anu kurang wawanénna mah, biasana osok aya istilah ngabastakeun atawa silih bastakeun. Ngabastakeunana bisa ku ucapan atawa ku tutulisan. Tapi biasana (kalolobaanana) mah maké tutulisan anu ngahaja ditulis dina tembok atawa dina papan.

Ngabastakeun téh nyaéta nyambungkeun atawa nyebutkeun yén si Anu bogoheun atawa mikabogoh ka si Ani. Anu nulisna mah biasana babaturanana, anu ngahaja hayangeun nembrakeun kahayang haté budak anu ngaranna ditulis. Ngan dina palebah ngabastakeunana, teu kabéh didasaran kusabab budak anu diitulisna resepeun atawa mikabogoh. Aya ogé anu ngan ukur heureuy atawa moyokan. Malahan mah aya ogé budak anu ngadon ngabastakeun babaturanan si Anu bogoheun ka si Ani, padahal anu sabenerna mah manéhna sorangan anu mikaresep ka si Ani.

(Gambar meunang nginjeum ti http://ayfachry.files.wordpress.com/2011/04/pacaran1.jpg)

Tutulisan dina Papan jeung Tihang Saung


Sabenerna mah barudak urang lembur ogé henteu éléh ku budak urang dayeuh. Motékarna barudak urang lembur aya anu sarua reujeung motékarna barudak urang dayeuh. Salasahiji motékarna budak urang lembur anu sarua reujeung motékarna barudak urang dayeuh téh dina hal tutulisan atawa curat-corét dina témbok.

Cocoretan dina tembok urut barudak urang dayeuh

Lamun barudak urang dayeuh resep cocorétan dina témbok naha témbok imah atawa témbok pager, utamana témbok bogana batur, barudak urang lembur mah cocorétanana téh dina papan atawa tihang di saung. Jadi najan sarua resep cocorétan, ngan aya bédana. Salian ti tempat cocorétanana anu béda, anu ngabédakeun téh ogé paranti cocorétanana. Lamun barudak urang dayeuh mah osok maraké pilok atawa cét anu disemprotkeun, barudak urang lembur mah biasana maké méhong atawa areng.

Barudak urang lembur anu resep cocorétan biasana mah osok ngamangpaatkeun saung di kebon atawa sisi balong di tampian pikeun cocorétan. Lamun balik ulin ti kebon atawa ti leuweung atawa ka cai, anu kabeneran aya saung paranti reureuh  atawa eureun ngareureuhkeun kacapé, osok néangan areng urut ngadurukan di saung pikeun cocorétan dina papan kiding saung atawa dina tihangna. Ari anu dituliskeunana, rupa-rupa. Aya tutulisan kecap biasa, aya kecap moyokan aya ogé anu ngadon gagambaran. Malahan aya ogé anu ngadon ngabastakeun.

Papan saung dijadikeun tempat tutulisan budak urang lembur

(Gambar meunang nginjeum ti http://26.media.tumblr.com/tumblr_kx68ceWYlS1qahlm3o1_500.jpg)

Sirikan ka Batur


Kuring jeung batur. Kuring nempo batur. Lamun batur kitu, asa kuhayang kitu. Lamun batur kieu asa kuhayang kieu. Batur miboga itu, asa kuhayang miboga itu. Batur bisa kieu asa kuhayang bisa kieu. Da kumaha deui, bet asa hayang sarua reujeung batur. Malahan lamun bisa mah ngaleuwihan batur. Batur teh kudu éléh ku kuring, ulah nepikeun batur ngéléhkeun kuring.

Tapi naha kudu kitu? Naha bet sirikan ka batur? Pédah batur kitu atawa boga anu kitu, naha kuring kudu kitu ogé? Naha kudu kitu?

Saur pun guru mah, aya dua hal ngeunaan sirik nempo batur bisa kitu atawa miboga hal anu kitu. Najan sirik téh goréng, tapi teu kabéh sirik éta goréng. Aya sirik anu alus. Anu kumaha atuh sirik anu meunang (alus) jeung sirik anu teu meunang (goréng) téh?

Sirik ka babaturan

Sirik anu hadé mah nyaéta sirik kana pasipatan atawa kalakuan jalma anu alus. Sirik ieu ngabalukarkeun hayangna nurutan milampah pagawéan anu alus ogé. Jadi lamun nempo kalakuan jalma séjén anu hadé atawa alus, kudu sirik hayang nurutan milampah kahadéan deui. Sedengkeun sirik anu goréng mah biasana hayang miboga naon anu dipiboga ku batur, supaya bisa kapimilik ku dirina kalawan batur jadi henteu ngapimilik. Lamun batur boga harta anu loba, dirina hayang boga ogé kalawan batur anu miboga harta hayangna jadi miskin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/-YOnaa_rQF3k/TmM_XrFuWVI/AAAAAAAAADk/_WOeIu_-2yU/s1600/iri.jpg)

Lamun Teu Ngakal Moal Ngakeul


Ngakal béda jeung ngakeul. Tapi dina ieu paribasa mah, aya pakaitna antara ngakal jeung ngakeul. Ngakal bisa miboga harti ngagunakeun akal pikiran, anu béh dituna ngagunakeun anggahota awakna pikeun ngalaksanakeun naon anu aya dina pikiranana atawa naon anu geus dipikirkeunana. Ari ngakeul, hartina pagawéan niiskeun sangu dina dulang meunang ngasakan (nyangu) dikurah-karih maké cukil bari digeberan ku hihid.

Salaku jalma anu miboga akal, tangtuna ogé kudu dipaké atawa digunakeun éta akalna téh. Dina nyanghareupan kahirupanana, jalma kudu néangan cara atawa akal kumaha supaya kahirupanana bisa bener jeung lumangsung kalawan lungsur-langsar sakumaha kahayangna. Dina manggihan karerepet dina kahirupanana, jalma kudu ngagunakeun akal pikeun mikiran kumaha cara ngungkulan éta karerepet. Lamun geus manggihan cara kumaha ngungkulanana, saterusna mah tinggal diprakeun éta carana téh dina wangunan gawé anu hadé. Jadi lain ngan ukur dipikiran wungkul.

Dulang paranti ngakeul

Salasahiji kahayang jalma anu hirup téh nyaéta bisa ngakeul. Ngakeul bisa dihartikeun nuduhkeun kaayaan jalma anu miboga bekel pikeun ngalakonan kahirupanana. Bekel anu mangrupa harta banda. Harta banda anu bisa dimangpaatkeun pikeun bekel hirupna. Dina hal ngakeul, apanan lain ngan ukur ngakeulna, tapi kudu aya anu bisa diakeulna. Najan bisa ngakeul ogé lamun euweuh anu bisa diakeulna (sangu/béas) mah, nya taya hartina.

Ahirna mah, lamun hayang boga bekel pikeun ngalakonan kahirupan ieu, unggal jalma kudu bisa ngamangpaatkeun anu aya di dirina (akal jeung ragana) pikeun néangan kipayah pibekeleun hirupna. Lamun henteu kitu, moal bisa meunang kipayah. Da anu ngaranna kipayah mah moal ujug-ujug datang sorangan atawa ragrag ti langit.

(Gambar meunang nginjeum ti http://bukokom.com/wp-content/uploads/2010/12/PIC_0433.jpg)