Tumbal dina Kahirupan


Anu ngaranna tumbal atawa wadal jeung korban geus teu bisa dipisahkeun tina kahirupan. Dina ngalakonan kahirupanana unggal jalma miboga udagan séwang-séwangan. Dina ngudag atawa ngahontal udaganana, diperlukeun modal atawa cara pikeun ngahontalna. Modal atawa cara anu bisa jadi cukang lantaran ngahontal kahayang jeung pamaksudan. Ieu cukang lantaran téh kacida loba pisan rupana. Ti mimiti perkara anu bisa katempo jeung nyata ayana, nepikeun ka perkara anu teu katempo. Ti mimiti anu gampang ngalakonana nepikeun ka anu susah ngalaksanakeunana.

Gambaran

Hal ieu geus jadi katangtuan. Kahayang moal bisa kahontal atawa kalaksanakeun lamun, henteu aya hal anu dikorbankeun. Nya sahanteuna ngorbankeun waktu jeung tanaga. Da kahayang moal bisa kahontal lamun ngan ukur cicing jeung cicing waé mah. Moal ujug-ujug ragrag ti langit.

Komo deui lamun kahayang atawa udaganana anu gedé. Kahayang anu gedé mah biasana merlukeun korban atawa tumbal anu leuwih gedé deui. Diperlukeun modal atawa wadal anu gedé ogé. Salian ti tanaga jeung waktu ogé bisa jadi kudu numbalkeun harta. Malahan mah bisa waé ngawadalkeun raga jeung jiwa.

Pikeun jalma anu kacida pisan mikahayangna kana hiji hal anu dicita-citakeun, bisa waé ngorbankeun sagalana. Naha dirina sorangan atawa ngorbankeun jalma séjén. Ieu téh dilaksanakeun tujuanana ngan hiji, pikeun ngahontal kahayang anu geus diajeng-ajeng atawa diimpleng ti anggalna. Komo danget ayeuna mah, anu ngaranna korban atawa wadal téh mindeng kadéngé. Loba jalma (jalma-jalma) anu téga ngorbankeun jalma séjén pikeun ngahontal kahayang jeung udagan dirina (atawa golonganana).

(Gambar meunang nginjeum ti http://jacsky.files.wordpress.com/2009/01/100_1489.jpg?w=500&h=333)

Ngamalkeun Élmu Nalika Ulangan


Cik atuh amal boga élmu téh.
Amalkeun atuh élmu téh saeutik mah.

Caritaan mah cenah élmu téh kudu diamalkeun. Ngan dina prak-prakanana salah ngalarapkeun. Lamun nilik kana kawajiban mah bener, élmu téh kudu diamalkeun. Diamalkeun hartina dipraktékeun atawa diprakeun dina kahirupan sapopoé. Ngan aya ogé anu napsirkeun yén ngamalkeun élmu téh nyaéta dibagi-bagi ka jalma séjén, lain dikeukeuweuk ku sorangan. Anu miboga anggapan ieu lain salah, da bener ogé anu ngaranna élmu téh kudu ditatalépakeun atawa dibagikeun kanu lian pangpangna anu tacan ngartieun kana éta élmu. Ku jalan ngabagi élmu ka jalma séjén, sugan waé jadi amal, nyaéta amal anu hadé.

Méré niron (ngamalkeun elmu) nalika ulangan

Dina palebah ngamalkeun élmu dina harti dibagikeun ka jalma séjén, kadang aya anu salah ngagunakeunana. Aya anu salah dina ngalarapkeunana. Baheula waktu keur sakola, remen aya kecap cik atuh amal boga élmu téh atawa amalkeun atuh élmu téh. Lamun nempo kalimahna mah euweuh anu salah, ngan anu salah téh dina ngalarapkeunana. Éta kecap téh osok kaluar atawa aya dina nalika keur ngiluan ulangan atawa satutasna ulangan. Nalika ulangan, henteu kabéh barudak bisa ngajawab pananya dina lambaran ulangan. Aya sababaraha urang anu jigana susaheun dina nyieun jawabanana. Nya, pikeun anu ngalaman susah néangan jawabanana, osok kaluar kecap atawa kalimah amalkeun élmu téh. Jadi, najan bener ogé élmu téh kudu diamalkeun, ari dina pas ulangan mah apanan teu meunang niron jeung silih béjaan. Jadi najan kudu silih béjaan élmu ogé, angger waé kasengker ku panghulag teu meunang silih béjaan.

Jadi, dina perkara ieu mah teu bisa nyumput di satukangeun kudu ngamalkeun élmu. Da tujuanana ngamalkeun élmu dina keur ulangan mah lain hayang élmuna tapi hayang meunang niléy anu alus.

(Gambar meunang nginjeum ti http://3.bp.blogspot.com/_qw09bcR_rX8/TQXkuAiHo_I/AAAAAAAAAI4/IjTIE72W8OE/s1600/menyontek.jpg)