Lagu Kalangenan di Lembur


Najan di pilemburan, anu ngaranna lagu atawa musik geus nepi ti béh ditu kénéh ogé. Najan jalur asupna ka pilemburan mah ngan ukur maké siaran radio. Salian ti siaran dongéng, anu dipikalandep téh ogé siaran musik atawa lagu. Jaman harita mah anu pang dipikaresepna téh nyaéta lagu-lagu Sunda, anu disiarkeun hususna ti Radio RRI Bandung. Rupa-rupa lagu Sunda geus jadi kalangenan pikeun urang lembur harita, ti mimiti lagu Pop Sunda, Calung, Degung, Cianjuran, Kiliningan, Jaipongan, dangdut (Sunda) jeung jinis lagu séjénna.

Iis Ariska jeung Aas Ariska

Harita mah acan mahabu lagu-lagu rumaja atawa anu keur mangkak déwasa saperti ayeuna. Grup bén (band) ogé tacan mahabu kawas ayeuna. Teu apal-apal acan jaman harita mah anu ngaranna grup bén téh. Jeung deui da jaman harita mah, tipi ogé masih kénéh arang langka. Anu boga tipi téh ngan hiji dua. Ditambah deui siaranana apanan TVRI wungkul. Salian ti éta apanan harita mah pikeun ngahirupkeun tipi téh maké aki anu kudu disetrum di lembur séjén.

Jaman harita mah anu keur nanjung téh diantarana Iis Ariska jeung Aas Ariska jeung grup BBR-na, Neng Iko, calung Darso, Doel Sumbang, Nining Méida, jeung nu séjénna. Jadi teu anéh lamun anu dipikainget jeung anu apal téh lolobana mah lagu-lagu Sunda. Jeung taya rasa tinggaleun jaman atawa kurung batok teu apal di lagu-lagu Indonésia, da paling modérnna nya lagu-lagu Pop Sunda harita mah atawa lagu Dangdut Indonésia.

(Gambar meunang nginjeum ti youtube.com)

Kecap Babawaan Barang (Barangbawa), Tambahan


Ngahaturkeun nuhun ka Kang Riki Ramli M. anu parantos ngadeudeul kana eusi seratan dina ieu blog. Salasawiosna perkawis Kecap Babawaan Barang (Barangawa), nambihan seratan anu tipayun. Di handap ieu mangrupikeun kecap-kecap barangbawa anu didugikeun ku anjeunna. Nuhun….

Budak anu keur diais ku indungna
  • Ais/ngais, mawa barang gigireun awak atawa luhureun cangkéng. mawana bisa disangkéh ku leungeun atawa maké sinjang/sarung.
  • Monggo/ponggo, mawa barang dina punduk/tak-tak, sibarangna ngaliwatan tak-tak kenca-katuhu.
  • Gémbol, mawa barang dibulen ku sinjang atawa sarung. mawana saeutik atawa réa sarua baé.
  • Nyanda, ngangkat bari cicing, nahan barang ku dampal leungeun kaluhur supaya barangna teu rag-rag.
  • Gusur/tarik, mawa barang bari dibetot, barangna bisa dina roda atawa ngagasur na taneuh.
  • Bopong, mawa barang ku dua leungeun kanu dada bisa ku saurang atawa leuwih.
  • Kempit, ampir sarua jeung ngélék ngan ngempit mah barangna ipis.
  • Giwing, mawa barang ku sabeulah leungeun, barangna aya cacantelan/kakait.
  • Ranggeum/canggeum, mawa barang ku dampal leungeun, biasana barang nu sok mawur/bahé.
  • Dorong lawanna kecap tarik, mawa atawa mindahkeun hiji barang kalayan heunteu diangkat, baranagna sina maju atawa mundur, ngagunakeun anggota awak naon bae.
  • Comot, mawa barang ku ramo, barang nu dibawana ngan saeutik atawa letik.
  • Jiwir, mawa barang ukur ku jempol jeung curuk.
  • Jewang, mawa barang bari jeung rikat/gancang dibawa, bisi barangna ruksak alatan rag-rag, katubruk, kateunggeul jsb.