Rumpaka Lagu Diantosan di Péngkolan


Panasaran ku lagu Diantosan di Péngkolan, hayang pisan apal kana laguna. Da baheula mah ngan ukur instrumen wungkul, teu aya anu ngawihan. Susuganan waé atuh aya, sakalian reujeung instruménna lamun aya mah.

Jalan anu mengkol

Nya nyobaan waé tatanya ka Wa Google. Lumayan loba ogé hasil anu kapaluruh ngeunaan diantosan di pengkolan. Ngan kalolobaan mah eusina téh teu loyok reujeung anu dipikahayang. Aya hiji hasil pamaluruhan anu béda, judulna téh élékésékéng anu alamatna di http://datasunda.org/php/dnl.php?type=ri&file=R001-117.pdf&titre=Elekesekeng. Dicoba dibuka, ana goréhél téh geningan eusina lagu (rumpaka) diantosan di pengkolan. Ditambah deui, judulna téh lain diantosan di pengkolan tapi élékésékéng.

Laguna sakumaha ditulis di handap ieu (rumpaka meunang nyutat tina rumpaka anu diundeur ti datasunda.org)

Diantosan di péngkolan
kunaon teu témbong sumping
Kapan jangji paheut pisan
Piraku kapopohokeun

Diantosan di péngkolan
Ngalentuk ampir tilu jam
Kapan jangji geus paheut pisan
Piraku kapopohokeun

Lengo deui lengo deui ditempoan
Lain deui lain deui panasaran
Élékésékéng élékésékéng
Keuheul aya ka sorangan
Teu bisa kumaha

Diantosan di terminal
Geus paheut rék tabuh tujuh
Salsé hudang subuh-subuh
Maksakeun sanajan tunduh
Gesrut dangdan maké baju anu weuteuh
Disapatu meunang nyemir témbong bersih
Indit ti imah satengah tujuh
Ngahariring lagu disko haté mah teu puguh
Geus jam tujuh tacan datang
Mimiti rada hareudang
Jam salapan masih suwung
Kapaksa indit ditéang
Jangjina jam tujuh peuting

Diantosan di bioskop
Jam opat kahadé hilap
Urang tepang caket lawang
Di dinya jangji patepang
Balik ngantor rurusuhan boga jangji
Dasar sial jalan macét hésé tepi
Rék leumpang jauh rék nunggu kesel
Teu ku hanteu mobil mogok
Teu bisa kukumaha

Pangkeselna nu ngantosan
Mun telat sok seseblakan
Lain deui lain deui
Tungtungna élékésékéng
Rék ambek ambek ka saha

8 thoughts on “Rumpaka Lagu Diantosan di Péngkolan

  1. Ngalentur ampir tilu jam
    saur simkuring mah ngalentuk ampir tilu jam
    Gesrut dangdang maké baju anu weuteuh
    saur simkuring mah Gesrut dangdan maké baju anu weuteuh

    Like

Tunda talatah