Kuring Mikaresep Sakumaha Mikaresepna Andika


Kuring mikaresep naon anu dipikaresep ku kuring sakumaha mikaresepna andika kana perkara anu dipikaresep ku andika.

Kabeh jalma sarua miboga rasa resep. Teu nempo di saha-sahana, pasti jalma mah miboga hal anu dipikaresep. Rasa resep, rasa suka aya di unggal jalma. Ngan anu ngabédakeunana mah perkara anu dipikaresepna. Najan unggal jalma sarua miboga rasa resep, tacan tangtu naon anu dipikaresepna téh sarua. Kuring reujeung andika sarua miboga rasa resep. Ngan tacan tangtu naon anu dipikaresep ku kuring sarua reujeung naon anu dipikaresep ku andika. Gedéna rasa resep, bisa waé sarua. Arék ngan saukur resep, rada resep atawa kacida resepna. Unggal jalma miboga hal anu kacida dipikaresepna, aya hal anu dipikaresep jeung anu rada dipikaresep.

Silih pikaceuceub antara dua urang jalma

Sabalikna rasa resep, aya ogé rasa miceuceub. Unggal jalma miboga rasa ceuceub. Ngan nya kitu téa, perkara anu dipiceuceubna, tangtuna ogé moal sarua. Sakumaha anu dipikaresep, anu dipiceuceub ogé tangtuna béda-béda di unggal jalma.

Dina kahirupan, hirup kumbuh jeung papada jalma, pangaresep unggal jalma kadang mangaruhan kahirupan. Pon kitu deui reujeung rasa ceuceub. Aya perkara anu dipikaresep ku hiji jalma, tapi dipiceuceub ku jalma séjén. Béda rasa dina hiji perkara, bisa jadi asal pacogrégan atawa henteu akurna hiji jalma jeung jalma séjén. Bédana pangaresep, bisa jadi sabab paanggangna tatali warga. Komo lamun bédana téh patunggang tonggong pisan. Naon anu dipikaresep ku hiji jalma jadi perkara anu dipikaceuceub ku jalma séjén.

Kumaha atuh ngungkulanana? Anu kudu jadi patokan mah, unggal jalma miboga pangaresep séwang-séwangan. Pon kitu deui jeung anu dipikaceuceub ku unggal jalma, tangtuna béda-béda. Sapanjang anu dipikaresep jeung anu dipikaceuceubna teu nyababkan dosa mah, teu kudu jadi pacogrégan komo mumusuhan mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/-7Y7VqwYq_xM/TW9NcWFNRQI/AAAAAAAAAKc/MMUBFMtm1Ns/s1600/gasakan.JPG)

Ngeunah Éhé Teu Ngeunah Éon


Anu kabayang waktu harita mah, kecap éhé dina ungkara ieu téh mangrupakeun lalandian atawa singketan tina kecap héhé anu hartina seuri. Sedengkeun éon kurang leuwihna mah bangkenu atawa murukusunu. Jadi anu kaimpleng ngeunaan harita ungkara ngeunah éhé teu ngeunah éon téh mangrupakeun sesebutan atawa kaayaan jalma dina dua kaayaan. Lamun jalma meunang kabungah bakal seuri atawa bakal katingali bungahna téh. Sedengkeun lamun dina waktu meunang katugenah atawa meunang rerepet, mangka éta jalma bakal jamedud murukusunu.

Jalma keur nggariung

Tapi nyatana, anggapan ieu téh geningan bet salah. Da anu disebut ku ngeunah éhé teu ngeunah éon téh mangrupakeun gambaran kaayaan anu pasalingsingan anu karandapan ku dua pihak atawa dua jalma dina hiji waktu atawa hiji kaayaan. Aya jalma anu meunang kangeunahan, sedengkeun di sisi séjén aya jalma anu meunang kateungeunahan. Ngeunah éhé téh mangrupakeun sesebutan pikeun jalma anu meunang kangeunahan, sedengkeun teu ngeunah éon téh sesebutan pikeun pihak jalma anu meunang katugenah.

Ngeunah di anjeun, teu ngeunah di kuring. Kitu cenah gambaranana mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://photoserver.ws/images/NOzl4d51b4ea98a49.jpg)