Leutik Ringkang Gedé Bugang


Kecap leutik mah geus papada nyaho. Urang Sunda geus apal hartina leutik da geus jadi kecap sapopoé. Kitu deui reujeung kecap gedé. Leutik jeung gedé mangrupakeun hiji kaayaan anu bisa nuduhkeun kana kaayaan diri atawa wujud jeung wangunan. Leutik téh kabalikanana gedé. Lamun henteu leutik pasti gedé, jeung sabalikna.

Sedengkeun ari kecap ringkang katut bugang mah lain kecap anu biasa diomongkeun. Kecap ringkang katut bugang mah jarang dipaké dina kahirupan sapopoé. Paling anu remen diucapkeun téh mangrupakeun kecap pagawéan anu dijieun tina kecap ringkang, nyaéta ngaringkang atawa ngajuringkang. Ieu kecap ngaringkang nuduhkeun pagawéan jalma anu mucunghul atawa obah awakna hiji jalma, bisa ogé nuduhkeun gerakna jalma ti hiji tempat ka tempat séjénna. Nuduhkeun pindahna jalma ti hiji tempat anu mimitina teu katempo terus katempo ahisna ngiles di tempat séjén. Éta kecap ngaringkang anu nuduhkeun pagawéan. Lamun kecap asalna nyaéta ringkang, mangrupakeun kecap barang anu dina ieu hal nuduhkeun kana diri jalma anu teu cicing. Teu cicing miboga harti diri jalma anu hirup. jadi ringkang téh nuduhkeun diri jalma anu hirup.

Jalma-jalma keur ngagotong jalma

Kecap anu panungtungan, nyaéta bugang. Kecap bugang nuduhkeun kana diri jalma ogé, ngan anu geus robah kaayaanana. Bugang téh nuduhkeun kana diri jalma anu geus bisa kukumaha (aya kecap ngabubugang, kecap kaayaan) kusabab geus teu sampurna deui antara jiwa reujeung ragana. Jadi, bugang téh ngaran pikeun hiji jalma anu ngan ukur kari awakna wungkul.

Bugang jeung ringkang nuduhkeun kaayaan jalma anu patunggang-tonggong. Béda kaayaan. Ringkang nuduhkeun jalma anu hirup sedengkeun bugang nuduhkeun jalma anu geus kari awakna wungkul.

Leutik ringkang nuduhkeun kaayaan jalma anu hirup mah dirina téh leutik. Ari gedé bugang, nuduhkeun diri atawa awak jalma anu geus tilar dunya tapi miboga awak anu gedé. Hal ieu bisa kaharti atawa henteu. Anu ngaranna jalma hirup mah miboga awak anu leutik, sedengkeun lamun geus tilar dunya mah awakna téh jadi gedé. Tapi lain awakna anu robah téh. Ieu dina hal beurat reujeung hampangna awak jalma. Ceuk anu geus ngarasakeun mawa (ngagandong, manggul atawa ngagotong) awak jalma, aya anu béda antara jalma anu hirup reujeung anu tilar dunya. Jalma anu hirup kénéh mah leuwih hampang tibatan awak jalma anu geus tilar dunya.

Éta téh ceuk anu geus ngarasaan ngagotong mayit….

(Gambar meunang nginjeum ti http://1.bp.blogspot.com/_jXMpt-FJU4U/TJxc-1c3T4I/AAAAAAAACFw/xr-VttVUjcs/s1600/banner1.jpg)