Pilem Saur Sepuh, Judul Anu Nyunda


Dina mangsana inget kana judul pilem anu hiji ieu mah matak bungah. Bungahna téh lain nanaon, nilik kana kecapna geus bisa nyirikeun yen ieu téh kaasup kecap tina Basa Sunda. Katambah deui kecapna anu alus jeung lemes. Saur sepuh téh apanan nandakeun kasauran ti sepuh. Kitu kira-kira anggapan harita waktu ngadéngé pilem anu judulna Saur Sepuh.

Pilem Saur Sepuh

Jadi, pilem Saur Sepuh ieu geus dianggap lain pilem anu ti wewengkon séjén deui. Najan dina kanyataanana mah ieu pilem téh nyaritakeun ngeunaan wewengkon Gunung Lawu, teu pati ditalék di mana tempatna Gunung Lawu téh. Pokona mah pilemna ramé. Ngan aya anu matak piaksieuneunana téh nyaéta gelutna maké bedog jeung pedang katut sanjata séjénna. Lamun keuna kana awak téh apanan matak raheut gudawang, kaluar getih baloboran. Matak sieun jeung ketir. Inget ka diri sorangan. Sieun tumiba ka diri sorangan.

Nempo ka anu jadi lalakonna, aya Lasmini jeung Mantili katut Brahma Kumbara, kaciri deui ngaran anu ngaharib-harib kecap tina Basa Sunda. Jadi taya pikiran yén pilem ieu téh asalna mah ti wewengkon séjén.

(Gambar meunang nginjeum ti http://andromedajunior.files.wordpress.com/2010/08/img00444-20100803-12591.jpg)

Lalajo Layar Tanceb


Anu paling ahéng jaman harita mah paling ogé layar tanceb. Lapang maén bal anu dipinuhan ku jukut dom-doman téh dina waktu peutingngna robah jadi tempat anu ramé. Di sakurilingeunana (di unggal sisi lapang), dikuribeng maké pager tina karung atawa terpal. Waktu peuting anu biasana mah geus jarempling kusabab jalma-jalma ngarampih di imahna séwang-séwangan, jadi ramé ku jalma-jalma anu ngarumpul di tengah lapang maén bal. Teu nolih di kaayaan dirina, teu nempo ayana di diri budak, atawa kolot, lalaki atawa awéwé, loba jalma anu ngahaja datang ka lapang. Najan kudu mayar heula saacaana bisa asup ke jero lapang, teu matak jadi mugagkeun kahayang.

Dina peuting éta, di lapang maén bal téh arék diputer pilem layar tanceb. Hiburan anu arang langka ayana. Teu matak heméng lamun loba jalma anu ngadon datang ka lapang. Najan rada jauh ogé dijugjug waé. Kabeneran cenah lalakon pilem-na ramé. Lamun teu salah mah anu boga lalakonna téh Roma Irama, ngan judulna poho deui. Nya nu penting mah ramé waé. Judulna mah teu pati penting.

Layat tanceb

Dina prak-prakanana lumayan ramé ogé. Anu lalajo mani manco kana layar anu ngahaja diadegkeun di sisi lapang belah kalér. Aya sababarah pilem anu diputer. Teu karasa waktu téh geus peuting pisan mangsa pilem kabéh lekasan diputerna. Mangsa balikna teu kahaja meunang potongan pilem anu diteukteuk ku anu muterkeun pilem. Disidik-sidik mah geningan siga poto waé. Aya sababaraha hiji poto anu ngaruntuy. Katempo gambar jalma anu keur maén pilem. Kabéhanana euweuh bédana. Ampir sarua keur narangtung. Tina sababaraha gambar téh sarua waé kitu-kitu kénéh.

Naha nya ari keur diputer mah, gambar jalma-jalma anu dina pilem téh bet bisa hirup, bet teu cicing. Siga jalma biasa waé. Bakating ku loba kitu gambarna? Bisa jadi. Da waktu dina muterkeun pilemna, gulungan pilem téh geningan diputerkeun maké mesin. Tapi waktu muterna, naha gambarna henteu ngaleut ka luhur…?

(Gambar meunang nginjeum ti http://rickybrahmana.com/wp-content/uploads/2011/06/layar-tancap.jpg)

Kunaon Undur-undur Bet Mundur


Saha atuh anu teu apal kana sato anu ngaranna undur-undur. Anu resep ngupuk mah, pasti apal ka satu anu ieu. Sato anu osok nyieun imah dina taneuh bari anu wangunana legok. Imahna anu legok téh ampir sarua reujeung aseupan, buleud jeung mancung ka handap. Sedengkeun undur-undurna mah tara katempo di  tempat anu ngalegokna, da osok nyumput dinu taneuh di deukeuteun tempat anu legokna.

Undur-undur osok dipaké hareureuy ku barudak mah. Heureuyna téh nyaéta dijadikeun eupan pikeun ngala undur-undur anu lianna. Lamun meunang hiji undur-undur, osok ditalian pas belah beuheungna make tali anu leutik. Terus éta undur-undur téh diteundeun dina imah undur-undur anu tacan diala undur-undurna. Teu lila biasana mah éta undur-undur nu ditalian téh osok mundur asup kana jero imah undur-undur anu acan diala téa. Diantepkeun sina ka jero taneuh. Saterusna kakara tali éta undur-undur téh ditarik. Lamun keur alus mah, undur-undur anu jadi eupan téh osok maunangkeun undur-undur anu imahna diasupan ku éta undur-undur.

Liang atawa imah undur-undur
Aya hiji hal anu tetep jadi kahémeng ngeunaan undur-undur ieu. Anu jadi pananya téh nyaéta kunaon undur-undur bet mundur. Dina ‘leumpangna’, undur-undur mah lain maju ka hareup, tapi kalahka mundur ka tukang. Naha nya…? Waktu keur sakola mah, pernah maca buku anu nalungtik ngeunaan undur-undur ieu. Ngan teu pernah dibaca nepikeun kan tuntasna. Da kaburu dijadikeun gogoncangan reujeung babaturan. Jadi tatarucingan, Naha undur-undur majuna mundur? Padahal apanan euweuh anu majuna mundur. Aya ogé anu mundurna mundur, atawa majuna maju.

Jadi, ngeunaan ieu masih kénéh jadi kapanasaran….