Anu Leungit Ingetan Jeung Néangan Élmu


Teu sakabéhna jalma anu hirup bisa sadar kana dirina jeung kaayaanana. Aya sababaraha urang jalma anu kadang teu sadar kana kaayaan dirina. Teu sadar téh bisa disebut oge teu eling kana dirina atawa leungit ingetanana. Anu biasana mah inget kana diri jeung kaayaan dirina, kusabab aya hal anu ngaganggu kana éling jeung ingetanana, éta jalma jadi teu sadar kana ingetanana. Kaayaan teu sadar ieu bisa disebut ogé gélo.

Pikeun barudak mah, aya kalana sarieuneun ku jalma anu leungit ingetanana téh. Komo deui lamun dangdanan jalmana lumayan pikasieuneun. Kumis baplang, janggotna paranjang jeung bajuna sararuék, matak pikagimireun anu manggihanana. Komo pikeun budak awéwé mah matak birat lalumpatan.

Jalma anu kaganggu ingetanana

Teu kabéh jalma anu kaganggu ingetanana pikasieuneun. Aya ogé jalma anu matak pikaseurieun. Jalma anu kaganggu ingetanana anu ieu mah osok dihareureuyan ku barudak téh. Komo ku budak lalaki mah. Najan apal yén éta jalma téh kangaggu ingetanana, osok pada ngaheureuyan (pada nanya bari heureuy). Untung waé tumibana ka barudak anu resep heureuy, tacan apal kana bebeneran jeung apal di temah wadi. Coba waé lamun anu anu migawéna (ngaheureuyanana) téh jalma anu geus kolot. Katempo pisan sigana mah saruana téh.

Lamun manggihan jalma anu kaganggu ingetanana, biasana mah anu mimiti jadi pananya (gunemcatur) téh kunaon éta jalma bet kaganggu ingetanana. Nya jawaban anu remen kapanggih mah cenah kusabab éta jalma téh teu kataékan ngala élmuna. Élmu anu keur diala atawa diudagna henteu nepikeun ka kacagking. Élmu naon atuh? Umumna mah élmu ngeunaan kanuragan atawa élmu kabatinan. Cenah éta gé….

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_7VoKPsVndP4/TRNBOi5aDXI/AAAAAAAAA3E/KTxdOFaDZB4/s1600/4.Orang+gila.jpg)

Melak Cabé Bakal jadi Cabé, Melak Bonténg Bakal jadi Bonténg


Aya cabé aya bonténg. Aya tangkal cabé aya ogé tangkal bonténg. Duanana osok jadi pepelakan di kebon atawa di huma. Naha jadi pepelakan anu utama atawa pepelakan anu ngan ukur panambah wungkul. Pepelakan anu utama, atuh kebon téh dipinuhan ku cabé atawa bonténg. Sedengkeun lamun jadi pepelakan panambah mah biasana osok dipelak dina sela-sela pepelakan séjénna kayaning paré di huma. Sanajan ngan ukur jadi pepelakan panambah, ari ngahasilkeunana mah angger waé ngahasilkeun atawa buahan anu bisa dipanén dina waktuna panén.

Sanajan duanana mangrupakeun pepelakan anu sarua bisa dipelak kalawan dihijikeun melakna dina hiji tempat atawa kebon, duanana mangrupakeun pepelakan anu béda. Béda kacida. Da ku nempo atawa ngadéngé ngaranna ogé apanan geus béda. Dina wujudna ogé béda, pon kitu deui rasa jeung mangpaatna. Wujudna beda, anu hiji mah leutik anu hiji ma gedé. Rasana, anu hiji mah lada anu hiji deui mah henteu. Mangpaatna anu hiji mah bisa didahar kalawan ditambulan, sedengkeun anu hiji deui mah langka anu daékeun nambulan. Ditambah deui tangkalna ogé béda, anu hiji mah ngareuy, sedengkeun anu hiji deui mah miboga tangkal.
Sanajan loba bédana, lain hartina henteu bisa dihijiken atawa dicampurkeun. Aya kalana kadaharan anu mangrupakeun campuran antara cabé jeung bonténg. Lamun eukeur hayang petis bonteng, cabé jeung bonténg bakal patepung lawung paamprok jonghok. Kitu deui jeung kadaharan cobék bonteng katut karédok. Pacampurna dina ieu hal mah matak resep ka anu ngadaharna, komo pikeun anu mikaresep kadaharan saperti kitu mah.

Cabe jeung bonteng dina tangkalna

Ngan nyakitu téa, anu ngaranna cabé mah béda reujeung bonténg. Moal pahili antara cabé jeng bonténg. Atawa pasalia ngahasilkeun. Tangkal cabé mah bakal ngahasilkeun cabé, sedengkeun areuy bonténg mah bakal ngahasilkeun bonténg. Moal aya tangkal cabé anu ngahasilkeun bonténg atawa sabalikna.

Melak cabé bakal jadi cabé, melak bonténg bakal jadi bonténg. Melak hadé bakal jadi hadé melak goréng bakal jadi goréng.

(Gambar meunang nginjeum ti internét terus diropéa)