Sosorodotan dina Waktu Hujan


Paralakna sora hujan, maseuhan kenténg anu geus lila henteu kabaseuhan. Taneuh beureum anu bareulah mimiti kabaseuhan. Taneuh anu teuas kusabab padet balas katincakan ku anu ngalaliwat, jadi leucir kabaseuhan cai hujan. Mun kurangna ati-ati mah bisa matak labuh pikeun jalma anu ngaliwatanana. Labuh tisorodot nincak taneuh anu leucir. Anu apal mah moal wani nincak taneuh anu leucir jeung leueur. Mending kénéh néangan titincakan anu hipu atawa tacan katincak kunu séjén. Malah mandar henteu sirodot.

Ngan pikeun budak mah, dina waktu hujan, taneuh anu leucir balas kahujanan téh mangrupakeun tempat anu dipikaresep. Lamun batur (kolot) mah embung nyorang atawa nincak kana anu leucir, barudak mah ngahaja néangan tempat anu leucir. Lamun aya mah taneuhna anu rada lega atawa panjang.

Barudak anu keur huhujanan

Taneuh anu leucir téh, osok dipaké pikeun sosorodotan. Naha arék mudun atawa datar. Dina palebah datarna, bisa dipaké tempat ngadu pangabisa pikeun sosorodotan bari henteu labuh. Saha anu bisa lumpat ngawahan terus nyorodot bari nangtung di tempat anu leucir bari henteu labuh, miboga kaagul sorangan. Asa jadi budak anu agul, anu pangbisana. Dina henteu bisana, nya ngan ukur nempokeun. Anu miboga saeutik wawanén, osok miluan najan hemar-hemir sieun labuh. Budak anu bisa ngajaga kasaimbangan awakna, bisa nangtung nyorodot kalawan henteu labuh.

Atuh pikeun anu labuh, lumayan nyeri ogé. Komo lamun labuhna camekblek bujur heula. Matak seueul kana cungcurungan. Ngan anu ngaranna pangaresep mah, tara dirasa sanajan nyeri ogé. Rasa kanyeri kalindih ku rasa resep arulin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://badeathsworld.files.wordpress.com/2010/06/aeta-kids-running-rain.jpg)

Papacangan


Tali panyangcang papacangan geus ditalikeun. Kabiasaan ngalamar geus dilakonan. Hiji jajaka jeung hiji mojang geus ngaitkeun tatali yén moal incah balilahan deui, moal ngolémbar ka mamana deui. Duanana geus katalian pikeun nungguan waktuna jatuk rami, nungguan waktu pikeun jucung ka kabé nyungcung. Duanana miboga landian atawa nyanding panelah bébéné jeung beubeureuh. Si wanoja jadi bébéné (calon pamajikan) pikeun si jajaka, sedengkeun si jajaka jadi beubeureuh (calon pisalakieun) pikeun si wanoja.

Ngalamar

Ngan sanajan kakait jeung dikaitkeun, panyangcang geus disambungkeun, lain hartina geus halal sagala-galana. Da panyangcang anu kakait ieu mah ngan ukur tanda yén ulah/moal néangan deui anu lian pikeun dijadikeun pisalakieun atawa pipamajikaneun. Dina ieu kaayaan mah masih kénéh diwawatesanan, sanajan geus jadi bébéné jeung beubeureuh, tapi masih kénéh batur tacan katalian ku tali panganténan (tacan disahkeun ku lebé).

Anu aya mah nya siap-siap waé pikeun nyanghareupan prungna walimahan panganténan anu mangsa nyieun panyangcang dirempugkeun wakktu dilaksanakeunana. Jadi, anu alus mah nyayagakeun diri katut sagalana pikeun nyanghareupan poéan dirapalan (disahkeun ku bapa lebé).

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Baca oge:

  1. Nanyaan

Panyésaan tina Dongeng dina Radio


Anu masih keneh inget ngeunaan dongéng dina radio, salian ti ngeunaan dongéng reujeung anu ngadongéngna, aya hal séjén anu masih kénéh nyangkaruk atawa kainget. Nyaéta ngeunaan iklan reujeung musik anu ngiringkeun dongéngna. Dina ngadongéng dina radio, biasana mah osok diselangan ku iklan heula. Aya iklan panyelang dina dongéng anu matak dipikainget téh kusabab iklanna anu matak pikaseurieun jeung kecap-kecapna (sabagéan kecapna) gampang diingetna. Coba waé kecap Gurandil. Ieu kecap téh aya dina iklan Oskadril. Dina iklanna téh apanan nyaritakeun anu batuk tapi saliwang. Dititah ngadahar Oskadril, anu kadéngéna téh apanan Gurandil. Piraku salaki batuk dititah ngadahar Gurandil.

Ngan gurandil téh naon nya…?

Dongéng tina Radio

Ari musik pangiringna, aya hiji musik instrumen anu matak waas. Lamun ngadéngé ieu musik matak inget ka jaman baheula, mangsa keur leutik. Mimitina mah teu apal lagu naon éta téh. Pokona mah musikna ngeunaheun. Ceuk pun Ibi, cenah musik éta téh mangrupakeun isntrumen tina lagu Diantosan di Péngkolan.

Matak nineung lamun ngadéngé ieu instrumen….

Dongéngna Dongéng tina Radio


Ngeunaan dongéng dina radio, lumayan loba lalakon anu dicaritakeun. Anu masih kénéh kainget mah dina taun 90-an aya dongéng anu kacida kawentarna nyaéta dongéng anu judulna Si Rawing. Dongéng Si Rawing nyaritakeun ngeunaan ngalalakonna Darma anu ceulina rawing kusabab kasabet ku Bah Béwok maké bedog. Dongéng Si Rawing mangrupakeun lalakon dongéng anu panjang, lila pisan arék tamatna. Teuing sabaraha lila tamatna téh. Malahan apanan nepikeun ka aya pilm-na sagala.

Si Rawing dina pilm

Dongéng Si Rawing didongéngkeun ku Wa Képoh. Wa Képoh mangrupakeun salasaurang tukang ngadongéng anu kahot, bisa nyarita rupa-rupa sora, ti mimiti sora lalaki nepikeun ka sora awéwé. Ngan radio anu nyiarkeun ieu dongéng poho deui, teuing galura radio naon.

Salian ti dongéng anu lalakonna Si Rawing, aya deui lalakon séjénna. Saperti lalakon Kasan Dara Sandra, Si Buntung Jago Tutugan, Doni Ajo, Ajag Bodas, Nyi Ganting jeung lalakon séjénna anu lamun ditataan mah lumayan loba (ngan kalolobaanana mah poho deui).
Sedengkeun anu ngadongéngna salian ti Wa Képoh, aya ogé Mang Bahar, Mang Jaya, Mang Engkos, jeung nu séjénna. Pokona mah moal kurang tukang ngadongéngna mah. Aya sababaraha pilihan anu ngadongéng jeung lalakon dongéngna. Da biasana mah euweuh dua urang tukang ngadongéng anu ngadongéngkeun hiji lalakon.

(Gambar meunang nginjeum tina http://jejakandromeda.files.wordpress.com/2010/01/eka-soemadinata-rawing.jpg)

Dongéng tina Radio


Salian dongéng ti nini, aya ogé dongéng anu asalna tina radio. Dongéng tina radio mah biasana leuwih ramé jeung campuh pisan. Komo lamun anu ngalalakonana téh mangrupakeun hiji jawara. Jeung deuih da dongéng tina radio mah kalolobaanana téh ngeunaan jawara jeung élmu kaduragan. Anu ngalalakon biasana mah anu jago kana silat atawa kaduragan. Teu anéh lamun dina sapanjang ngalalakonna remen ngalaman tarung nepikeun ka toh pati jiwa raga.

Ditambah deui dongéng tina radio mah tara tamat sakeudeung-keudeung. Dina hiji lalakon atawa judul téh bisa méakeun waktu mangpoé-poé atawa mangbulan-bulan. Teu anéh lamun osok matak gantung déngéeun. Hayang gera apal kana tuluyanana, jeung hayang gera apal kana pamustunganana.

Radio mérek National anu osok dipaké ngadéngékeun dongéng

Dongéng dina radio disiarkeun biasana mah unggal poé. Kalolobaanana mah dina waktu pasosoré. Najan kitu aya ogé anu dina waktu pabeubeurang. Dina sapoéna biasana mah ngan ukur sajam (kadang kurang), dikurangan ku waktu berita ogé iklan pangrojong. Jadi hiji judul dongéng dina radio miboga katangtuan siaran (jadwal) sorangan, anu aranglangka incah balilahan. Kusabab geus jelas kana jadwal siaranana, dina prungna siaran téh anu mikaresep osok langsung madep nyanghareupan radio anu geus disetél kana galura anu nyiarkeun dongéng. Malahan anu keur boga gawé ogé osok ngahajakeun eureun heula pikeun ngadéngékeun heula dongéng atawa nyetél radio bari digawé. Naha arék digawé di lembur atawa di kebon (ka kebon téh bari mawa radio). Pokona mah ulah nepikeun ka tinggaleun dongéng. Lamun sakalina tinggaleun téh matak teu apal kana jujutan lalakonna.

(Gambar meunang nginjeumm ti http://1.bp.blogspot.com/-HMeWV5QpXrQ/Tj0NHONBOtI/AAAAAAAACQI/sq-3sgNqZ6I/s1600/Radio+National.jpg)

Sunda anu Jadi Ngaran Tempat di Indonesia


Waktu diajar pangajaran IPS hususna Géograpi di sakola sedeng (SMP), aya rasa bungah mangsa diajar ngeunaan pulo-pulo anu aya di Indonésia. Salaku urang Sunda, henteu bungah kumaha, da dina pangajaranana ngaran Sunda téh disabit-sabit katut dipaké pikeun ngaran sababaraha tempat anu aya di Indonésia. Bener ieu mah, ngaran Sunda téh dipaké pikeun ngaran sababaraha tempat di Indonesia.

Waktu diajar ngeunaan pulo-pulo anu aya di Indonésia, éta pulo-pulo (kumpulan pulo) anu aya di Indonésia téh kabagi jadi dua jinis pulo, nyaéta Sunda Gedé jeung Sunda Leutik. Pulo-pulo anu kaasup pulo Sunda Gedé nyaéta pulo Sumatera, Pulo Jawa jeung Pulo Kalimantan. Sedengkeun ari Sunda Leutik ngawengku pulo-pulo anu laleutik saperti pulo Bali, pulo Madura jeung pulo laleutik séjénna. Jadi ngaran Sunda téh baheula mah dipaké pikeun ngaran kumpulan pulo-pulo di Indonésia.

Pulo-pulo anu aya di Indonesia

Salian ti éta aya ogé anu ngaranna Dangkalan Sunda. Ieu mah mangrupakeun ngaran pikeun tempat di laut anu rada déét di wewengkon Indonésia bagéan kulon. Laut anu rada déét urut daratan anu kaeléb ku cai laut anu misahkeun pulo Sumatera, pulo Jawa jeung pulo Kalimantan disebutna téh Dangkalan Sunda.

Jadi, aya rasa bungah waktu kecap Sunda dipaké pikeun ngaran-ngaran anu aya di Indonésia, lain wungkul ngaran pikeun wewengkon Sunda wungkul.

Budak anu Masantrén (Santri) mah Jaragoan


Baheula mah anu aya hiji hal anu matak gimir jeung dipikasieun téh. Anu dipikasieun téh lamun panggih jeung jalma atawa budak/rumaja anu réngsé masantrén (santri). Lain kukumaha, anu dipikasieunna téh sieun kalawan teu dihaja naon anu dipigawé atawa diucapkeun matak nyeri atawa matak ngaganggu ka éta jalma/budak anu réngsé masantrén téa.

Ceuk béja ti kolot atawa tina obrolan jalma anu dipikolot, cenah anu réngsé masantrén mah rata-rata jaragoan. Réngsé masantrén téh lain ngan ukur meunang élmu agama atawa bagbagan agama wungkul, tapi miboga kasaktén anu lain joré-joré. Sanajan ngan ukur ngebutkeun carécét (sapu tangan), jalma anu dituju atawa jalma anu disinghareupan ku éta lulusan pasantrén bisa jadi ngarumpuyuk tanpa tangan pangawasa. Éta téh ngan ukur ku ngebutkeun carécét wungkul. Komo deui lamun leuwih ti éta.

Santri anu keur masantren

Ku kaayaan ieu, tangtuna ogé matak hemar-hemir ka jalma anu teu nyaho di nanaon. Nya kaasup kuring. Nu matak, lamun bisa mah henteu panggih jeung jalma anu lulusan pasantrén. Sieun pas dina panggihna manéhna ngebutkeun carécét di hareupeun kuring. Atuh lamun dina kituna téh, kacida bahyana atawa bingungna pikeun kuring.

Ngan untung éta mah jaman baheula, jaman tacan apal dinanaon. Tacan apal di temah wadi, tacan apal kumaha kahirupan sabenerna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://azizmoursall.files.wordpress.com/2011/08/ssa41533.jpg)