Bingungna Milih Tema Blog di WordPress


Sababaraha kali ganti téma (theme) WordPress, susah ogé néangan anu cocog. Cocog atawa loyog reujeung anu dipikaresep, susah alias bangga. Da geningan unggal téma ogé miboga kapinunjulan reujeung kakurang séwang-séwangan. Taya anu lengkep kabéhanana kapinunjulanana. Nya, kitu téa anu ngaranna nyieun blog anu haratis mah, kudu ngiluan kana kaayaan anu geus disadiakeun. Kudu milih anu geus nyampak. Anu haratis mah susah arék ngaropéana. Éta ogé aya pasilitas pikeun ngaropéa téma haratis ngan hanjakal lamun hayang nerapkeun éta pangropéana henteu haratis (kudu mayar).

Téma WordPress

Teuaya deui carana salian ti kudu ngamangpaatkeun kaonjoyan téma anu aya pikeun alusna blog anu dijieun. Anu penting mah téma anu dipilih téh bisa nyayagikeun aksara tulisan anu jelas jeung gampang kabaca (jinis aksarana anu alus jeung gedéna cukup), gampang pikeun pindah kana tulisan anu saacanna reujeung saterusna, nyadiakeun pidangan kana unggal lambaran anu disadiakeun katut wijét anu gampang diasupkeunana.

Jadina, téma anu dipiluh téh, nya téma anu ayeuna, nyaéta éma Elegant Grunge.

Ngan anu jadi catetan, téma unggal blog gumantung ka anu boga blogna. Hayang téma anu kumaha….

Mawakeun ka Kolot jeung Dulur anu Jauh


Réngsé silaturahmi reujeung tatangga, waktuna pikeun munjungan ka kolot reujeung dulur-dulur. Dulur reujeung kolot anu lemburna rada jauh, dina poéan lebaran mangrupakeun waktuna pikeun silaturahmi, babagi kabungah ku jalan munjungan reujeung mawakeun dahareun. Dahareun anu disadiakeun sapoé saacanna dibagi-bagi, sawaréh pikeun dahareun kulawarga, sawaréh deui pikeun bawaeun ka kolot reujeung dulur dina poéan lebaran.

Kiriman anu biasa dibawa diantarana sangu timbel reujeung deungeunna saperti daging, ditambah ku opak jeung rangginang atawa wajit. Nya, nu penting mah sabangsaning dahareun anu aya atawa ngahaja diayakeun. Kadaharan anu bisa disebut basajan, pikeun urang lembur, taya kadaharan anu araranéh. Da anu pentingna mah, silaturahmina ka dulur jeung kolot anu perenahna atawa lemburna jauh. Ngamangpaatkeun waktu lebaran sataun sakali pikeun ngaraketkeun deui tali kukulawargaan, da lamun ngahaja dina waktu séjén mah biasana rada susah ku lobana pagawéan.

Jalma-jalma keur sagaya pikeun mawakeun

Atuh dina mangsana bisa tepung jeung ngariung reujeung kolot atawa dulur téh osok matak uplek ngobrol, sagala diobrolkeun. Karasa sonona ku lila teu papanggih, bari sasalaman ménta panghampura tina sagala kagoréngan, ditambah ku dahareun anu dibawa sanajan ngan ukur saeutik jeung basajan. Teu wudu bungahna bisa ngaraketkeun deui duduluran, bisa apal saha waé dulur anu lemburna jauh. Susuganan kahareupna moal pareumeun obor.

Dina waktu balikna, tara léngoh teuing. Wadah babawaan mangsa datang téh osok aya eusian deui.

Lebaran di Lembur


Poéan anu dianti-anti, ahirna mah datang ogé. Sanggeus salila sabulan campleng ngalakonan puasa, ditumbu ku takbiran sapeuting jeput, poé lebaran téh kasampeur. Poé anu agung, poé anu dianti-anti ku sakabéh jalma anu puasa, poé anu jadi tanda beresihna jalma anu puasa tina sagala kokotor dosa.

Isuk-isuk kénéh jalma-jalma geus sariap sadia, marandi diteruskeun ku sarapan jeung dangdan maraké pakéan anu pangalusna (naha pakéan anu anyar atawa pakéan urut anu pangalusna). Sanggeus siap sadia, terus indit ka lapangan di hareupeun masigit, tempat di mana dilaksanakeunana solat ‘Id. Teu leupas diiringan ku sora Takbir anu ngaaweuhan tina Toa, jalma-jalma ngarumpul di lapang. Sanggeus nincak haneut moyan, acara Lebaran dimimitian. Di mimitian ku sambutan ti Bapa Ketua DKM jeung Bapa Kepala Dusun, diteruskeun kana ngalaksanakeun solat ‘Idul Fitri. Sanggeus solat, diteruskeun kana Hutbah ‘Id.

Sasalam beres solat 'Id

Réngsé kabéhanana, diteruskeun kana sasalaman diantara jalma-jalma anu hadir. Nguriling ti hareup nepikeun ka tukang, sasalaman. Sasalaman anu jadi tanda silih lubarkeunana dosa diantara papada jalma. Dosa-dosa anu dihaja katut anu teu dihaja, antara budak reujeung kolot, antara salaki reujeung pamajikan, antara tatangga reujeung tatangga, dilubarkeun ku jalan sasalaman. Aya anu ngadon ceurik, rembeng cimata, aya ogé anu ngadon heureuy.

Bubar tina sasalaman, langsung baralik disambung ku silaturahmi ka tatangga anu teu bisa hadir ka lapang tempat solat ‘Id.

Wilujeng Boboran Siam 1432 H


Wilujeng Boboran Siam 1 Syawwal 1432 H

Sabulan campleng urang manteng,
Anu gawe atawa ngadon ngedeng,
Ngambah sagara lain na impleng,
Dibarung ku rasa keyeng,

Jog anjog ka pajaratan,
Seja mungkas bakal lekasan,
Ninggalkeun sagara pangbuian,
Ngambah hirup nu anyaran,

Tungtung nu ditunggu-tunggu,
Ayeuna geus henteu di ditu,
Isukan mangsa nu tangtu,
Bakal manggih poe anu kembu,

Teuteup bareubeu bungah sedih,
Ngahiji na dada ngalindih,
Sakeudeung deui bakal patebih,
Jeung lalakon beberesih,

Rasa bungah sugan jadi tanda,
Lubarna sagala dosa,
Pungkasna beresih tanpa ceda,
Mapag poe kalawan sampurna,

Ngan hiji nu dianti-anti,
Rasa sedih lain sajadi-jadi,
Susuganan ngajadi ciri,
Taun hareup panggih deui

Ngadulag Ngurilingan Lembur


Dina wanci ngagayuh ka tengah peuting, barudak téh biasana mah beuki ramé. Pasalna mah aya hiji kabiasaan di lembur pikeun ngadulag bari ngurilingan lembur, mapay jalan gedé atawa jalan paranti liwat urang lembur. Nguriling bari ngadulagna téh lain ngan ukur raraméan ngadulag ngurilingan lembur tapi aya maksud séjén, nyaéta pikeun méntaan dahareun anu bakal dibikeunkeun ka masigit. Tapi sabenerna mah da lain ménta, da urang lembur teu kudu dipénta. Anu apal mah diburitna ogé geus nyadiakeun dahareun kayaning opak, rangginang, wajit reujeung papais katut cau pikeun dibérékeun ka barudak anu ngadon ngider bari ngadulag. Nya barudak anu ngahaja ngurilingan lembur téh teu kudu hésé capé ngengetrok panto unggal imah pikeun méntaan dahareun pikeun ka masigit. Urang lembur anu dina waktu ngadéngé sora bedug atawa dulag ngadeukeutan ogé geus sadia pikeun mikeunken dahareun meunang ngawadahan kana kérésék.

Wilujeng Boboran Siam 1 Syawwal 1432 H

Sanggeus ngurilingan lembur téh, barudak beubeunangan. Sanajan henteu kabéh urang lembur méré dahareun, tapi beubeunanganana bisa nepikeun ka dua karung dahareun. Da saacanna indit ogé barudak geus nyadiakeun wadah kayaning karung pikeun ngawadahan dahareun. Réngsé nguriling, baralik deui ka masigit bari babawaan. Babawaan téh diasupkeun ka masigit pikeun dipurak ku anu keur Takbiran. Teu tinggaleun ogé barudak anu ngadon nguriling. Malahan mah barudak apanan meni parebut dahareun, pada-pada ngajéwang jeung néangan dahareun anu dipikaresep ku séwang-séwanganana.

Atuh, di masigit téh jadi loba dahareun. Anu kadang mah tara nepikeun ka béak. Aya sésa nepikeun ka isukna waktu Lebaran. Anu wareg mah nya wareg. Komo barudak mah, da sagala dihanca. Dahareun anu dipikaresep moal moal diliwat.

Aya hiji hal anu disebut goréng dina ngeunaan dahareun ieu. Dahareun anu maké wadah atawa dibungkus kayaning papais, wajit jeung cau, osok matak bala masigit ku cangkangna. Terus ogé dahareun ieu osok dipaké heureuy, ngaheureuyan jalma anu keur saré. Anu heureuy téh lain ngan ukur budak, dalah ninggang di kolot ogé anu resep heureuy mah osok maké dahareun ieu pikeun ngaheureuyan batur. Jalma anu keur saré bari disalimut ku sarung, sarungna osok diasupan dahareun kayaning papais jeung wajit. Atawa ngadon ngahuapan anu keur saré. Dahareun meunang mesék téh diantelkeun kana biwir anu keur saré. Atuh anu ngalindur mah kadang aya anu ngadon ngalamotan dahareun bari saré.

Takbiran


Maleman lebaran, mani ramé. Ti masigit, sora anu takbir mani aweuhan ngaliwatan Toa, silih témbalan. Sorana béda-béda, aya sora barudak, kolot jeung sora aki-aki. Ngan kabéh sora téh sorana lalaki, euweuh sora awéwé. Awéwé mah henteu ngiluan Takbiran di masigit, paling anu aya ogé ngadin Takbiran di imahna séwang-séwangan.

Wilujeng Boboran Siam 1 Syawwal 1432 H

Ti mimiti réngsé solat Isa, masigit geus ramé. Anu biasana mah ramé ku anu solat Tarawéh, ayeuna mah ramé ku anu Takbiran (da Tarawéhna geus lekasan). Ti gigireun masigit, ramé ku barudak anu nakolan sagala pikeun nganteur sora anu ngadulag. Aya anu nakolan kohkol meunang nyieun tina awi, aya anu nakolan awak bedug, aya ogé anu nakolan tihang paranti neundeun bedug.

Pokona mah kolot budak araya di masigit kalawan pagawéanana séwang-séwangan. Kolot mah rata-rata caricing di masigit pikeun ngiluan Takbiran. Ngan henteu ngumpul cicingna téh. Aya anu di hareup deukeuteun mimbar, aya anu di juru, aya anu di tengah. Aya anu sila mendeko, aya ogé anu ngadon diharudung sarung kusabab tiris. Malahan mah geus nyérélék ka wanci peutingna mah, naruntutan sawaréhna mah ngadon kérék di masigit.

Ari barudak, lolobana mah teu daék cicing. Aya anu ngadon cilingcingcat ka luar jeung ka jero masigit. Aya anu ngadon hareureuy reujeung babaturanana, aya anu husu ngiluan Takbiran, aya anu resep tatakolan. Pokona mah sagala rupa pagawéan dipilampah sakumaha kahayangna-kahayangna. Ngan aya hiji hal anu dianti-anti ku barudak mah nyaéta néangan dahareun anu dibikeunkeun ku urang lembur.

Mapag Lebaran


Dina wanci ngagayuh ka poéan lilikuran, salian ti aya anu harusu kana néangan Lailatul Qodar, aya ogé anu pahibut siap-siap mapag Lebaran. Najan masih kénéh sababaraha poé deui kana lebaranana, tapi euyeubna geus karasa. Hal ieu bisa katohiyan kana kaayaan jalma-jalma anu geus siap-siap pikeun mapag éta poé. Pikeun mapag éta poé, aya anu haget néangan pakéan anu sing sarwa weuteuh. Ngahaja ngadon balanja ka pasar seja néangan pakéan sakulawargaeun, atawa ngadon meuli ti tukang dagang barang anu ngider ka lembur.

Salian ti siap-siap dina pakéanana, aya deui anu siap-siap dina hal dahareunana. Pikeun mapag poéan lebaran, ampir sarua reujeung mapag datangna bulan puasa: dahareun téh osok sagala diayakeun. Kadaharan geus dipolahkeun ti anggalna kénéh, komo deui kadaharan anu kudu diolah heula kayaning opak, rangginang reujeung wajit. Terus lamun wanci arék nincak kana poéan lebaranana osok ditambahan ku kadaharan anu teu bisa lila diteundeunna kayaning papais. Teu kaliwat ogé deungeun sanguna kayaning daging jeung lauk. Anu boga hayam (ngingu hayam loba), bisa meuncit hayam bogana. Atuh anu teu boga ngadon nyiar ka pasar atawa meuli ti tatangga.

Kadaharan anu disayagikeun pikeun mapag lebaran: kanéker, akar kalapa, papais, opak, rangginang

Atuh dina prakna lebaran téh jadi sagala aya jeung sagala weuteuh. Papakéan anu dipaké téh pakéan weuteuh kakara meuli. Kadaharan anu disadiakeun ogé jadi sagala aya. Kadaharan anu disadiakeun téh lain ngan ukur keur dahareun sakulawarga wungkul, tapi ogé biasana mah dipaké pikeun ngiriman (mawakeun) ka kulawarga séjén: baraya, kolot jeung dulur anu salembur atawa béda lembur.