Munggahan di Dayeuh


Anu ngaranna munggahan mah teu nolih kana patempatan. Anu ngaranna mapag bulan puasa mah di mamana ogé ampir sarua waé, kaayaanana osok bédana reujeung poéan biasa. Mapag bulan puasa lain ngan ukur dilakukeun ku jalma-jalma di pasisian atawa pilemburan. Dalah urang dayeuh ogé sarua waé arék mapag bulan puasa mah osok munggahan.

Wilujeng Mapag Sasih Shaum 1432 H

Ngan aya hal-hal anu ngabédakeun antara pilemburan reujeung wewengkon dayeuh. Béda kusabab béda tempat, ogé kusabab kabiasaan atawa kabudayan. Dina mapag bulan puasa biasana osok sagala diayakeun hususna ngeunaan kadaharan. Arék di dayeuh atawa di pasisian, ampir sarua waé kitu. Anu biasana mah tara meuli daging, ayeuna mah jadi ngahaja meuli. Pon kitu deui reujeung kadaharan séjénna. Anu ngabédakeunana téh biasana mah ngeunaan hahargaan. Di dayeuh mah anu ngaranna hahargaan utamana kadaharan dina nyanghareupan puasa téh osok sagala naraék. Teuing pédah ngamangpaatkeun kaayaan teuing kusabab hukum ekonomi, teuing kusabab duanana. Nu pasti mah hahargaan téh naraék, béda reujeung poéan séjénna. Sedengkeun di pilemburan mah biasana tara kapangaruhan ku kaayaan arék nyanghareupan bulan puasa. Hahargaan, anu sumberna ti pilemburan biasana mah tara ieu naraék kusabab arék nyanghareupan bulan puasa. Kajaba lamun beulieunana asalna ti dayeuh anu hargana ogé da geus naék ti dayeuhna.

Terus ogé, kaayaan di dayeuh mah dina mapag bulan puasa téh jalan-jalan jadi pinuh ku kandaraan. Kandaraan padedet di jalan, jadi wa hareurin. Teu bisa bébas gagancangan lamun maké kandaraan ka mamana téh. Kandaraan pabaliut kalawan tujuan séwang-séwangan. Aya anu ngadon pakanci, balanja atawa balik ka lemburna.

Ngararancang Jinis Blog


Pikeun sawaréh jalma anu ngaranna blog téh bisa disebut mangrupakeun hiji jalan pikeun néangan kipayah. Sedengkeun pikeun sawaréh deui blog téh mangrupakeun jalan anu digunakeun pikeun mudalkeun jeung nembrakeun pangaresep. Sedengkeun pikeun sawaréh deui blog téh dijadikeun jalan pikeun ngabuktikeun janggélék dirina di dunya maya. Sawaréh deui mah aya anu nyieun blogna téh kusabab kabawakeun ku babaturanana atawa kabawakeun ku jaman anu keur mahabuna jaman internét. Kabéhanana ogé sarua ngagunakeun blog pikeun tempat cicingna.

Blog

Jadi dina nyieun blog, alusna mah kudu jelas tujuanana. Pikeun kaperluan naon nyieun blogna téh. Naha sipatna anu bener-bener dileukeunan atawa ngan saukur heureuy jeung kabawakeun ku batur wungkul. Dina saacanna nyieun blog, aya alusna lamun ngararancangan heula naon tujuanana nyieun blog téh. Supaya dina nyieunna jelas naon anu dipimaksud. Jeung lamun saméméhna nyieun téh jelas tujuanana, dina nyieunna bisa diloyogkeun reujeung pamaksudanana. Pilihan-pilihan nyieun blog bisa disaluyukeun reujeung pamaksudan anu geus dirarancang. Lamun tujuanana pikeun bisnis, tangtuna ogé bakal béda reujeung blog anu ngan saukur pikeun heureuy.

Pilihan rarancangan anu utamana biasana mah pakait reujeung ngaran blog anu arék dijieun. Ngaran anu kumaha anu alus jeung loyog reujeung pamaksudna anu geus dirarancang. Lamun geus meunang ngaran anu alus, terus naha ngaranna éta téh arék diteundeun dina loka atawa situs anu haratis atawa anu kudu mayar. Pilihan ieu gumantung kana mangpaatna ogé.

Rarancang blog ogé bisa dijadikeun patokan ngeunaan jinis blog anu dijieun. Naha jinis blogna téh kaasup kana blog budaya, olah raga, blog bisnis atawa jinis blog séjénna. Lamun geus jelas jinisna, bisa asup kana gabungan atawa grup blog anu sarua jinisna. Anu tungtungna bisa babagi ngeunaan tulisan reujeung panagweruh ngeunaan poko blog anu dijieun.