Aya Waktu anu Lila, Aya Waktu anu Sakeudeung


Dina kahirupan jalma di dunya mah teu leupas tina waktu. Waktu anu ngajurung laku-lampah kahirupan unggal jalma. Matak dina kahirupanana, jalma osok kasengker ku waktu atawa kaukur ku ukuran waktu. Asal ukuran anu dipakéna téh jelas. Jelas naon anu dipaké ngukurna.

Ngan dina kanyataanana, anu ngaranna ukuran waktu téh osok teu jelas. Teu jelasna téh kusabab henteu sarua anu dipaké ngukurna. Da biasana mah anu dipaké ngukur waktu mah hal-hal anu aya di luareun diri jalma, lain anu aya di dirina. Waktu bisa diukur maké jam, waktu ogé bisa diukur ku cahya panon poé. Lamun waktu diukur maké jam, aya waktu sadetik, samenit, jeung sajam. Lamun ukuranana maké panon poé, aya ukuran sapoé, dua poé, saminggu, sabulan jeung sataun. Atawa bisa ogé ukuranana téh maké bulan, anu ampir sarua ukuranana jeung maké ukuran panon poé.

jam jeung kalender

Dina hal maké ukuran anu disebutkeun di luhur, bisa jadi patokan anu ‘ampir sarua’. Ukuranana moal loba bédana.

Ngan lamun ukuran waktu téh maké anu aya di diri jalma, misalna dirina éta jalma, teu bisa dijadikeun patokan anu sarua. Da anu ngaranna masing-masing jalma mah euweuh anu sarua atawa sarimbagan. Komo deui lamun anu dipakéna téh rarasaan. Rarasaan mah ukuran anu pang teu bisa dipercayana. Rarasaan jalma ngeunaan waktu osok béda-béda, gumantung ka jalmana. Salian ti gumantung ka jalmana, ogé gumantung kana kaayaan. Kaayaanana téh arék kaayaan iraha waktuna atawa kaayaan tempat. Ditambah deui ku kaayaan kabiasaan. Kadang rarasaan jalma téh asa lila waktu téh. Kadang rarasaan jalma téh asa sakeudeung waktu téh. Kitu waé nurutkeun anggapan jeung rarasaan jalma mah, moal leuwih ti perkara lila jeung sakeudeung. Ngan rarasaan ngeunaan sakeudeung jeung lilana waktu anu dilakonan taya ukuran anu jelas. Sakumaha lilana anu ngaranna sakeudeung jeung, sakumaha lilana waktu anu ngaranna lila téh.

Hayang bukti? Coba waé nyoba nungguan hiji hal anu kudu ditungguan. Misalna nungguan babaturan nyampeur ka imah. Waktu anu dipaké nungguan téh bisa waé kaasup lila atawa sakeudeung. Lila jeung sakeudeungna téh gumantung kana rarasaan éta jalma anu nungguanana. Lamun dina nungguanana téh miboga sipat bosenan, mangka waktuna bakal kaasup lila. Béda reujeung lamun dina nungguanana téh bari migawé pagawéan anu dipikaresep, waktu téh bakal karasa sakeudeungna.

Lamun, Siga Naha, Padahal…


Lamun geuleuh, geuleuh kunaon
Lamun ijid, ijid kunaon
Lamun ceuceub, ceuceub kunaon
Lamun kesel, kesel kunaon

Siga anu geuleuh, geuleuh pisan
Siga anu ijid, ijid pisan
Siga anu ceuceub, ceuceu pisan
Siga anu kesel, kesel pisan

Naha bener geuleuh kitu?
Naha bener ijid kitu?
Naha bener ceuceub kitu?
Naha bener kesel kitu?

Padahal mah henteu geuleuh teuing
Padahal mah henteu ijid teuing
Padahal mah henteu ceuceub teuing
Padahal mah henteu kesel teuing

-

(Dicutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150307372301894, gambar meunang nginjeum ti http://1.bp.blogspot.com/-n2dr_NNngCY/TWEq02xt_bI/AAAAAAAAANc/6AIJRRg3vxU/s1600/angry-face.jpg)

Ngokolakeun Pamanggih


Anu ngaranna pamanggih mah bisa meunang jeung nimu ti mana waé. Sagala anu kapanggih naha arék mangrupa pikiran atawa barang, bisa ti mana waé. Ngan anu dipimaksud di dieu mah pamanggih téh dina rupa pikiran. Rupana téh kaluar tina pikiran jeung angen-angen, anu bisa dimudalkeun atawa ditembrakeun. Éta pamanggih téh bisa diwincik jadi mangrupakeun perkara anu jelas nyata lain ngan ukur pikiran anu pondok atawa saeutik jeung lain pokona wungkul. Éta pamanggih téh bisa dibéjérbéaskeun supaya kaharti kalawas jelas atra ku pihak/jalma séjénna.

Mikir meunang pamanggih jadi ngebray caang ibarat lampu

Lamun dikaitkeun reujeung tulisan dina blog, anu ngaranna pamanggih téh kacida pentingna. Tapi sabenerna mah pamanggih téh lain ngan ukur anu aya pakaitna reujeung blog wungkul, tapi dina hal séjén ogé bisa diterapkeun. Ngan pamanggih dina hal ieu mah, aya pakaitna reujeung pamanggih pikeun ngeusian blog, hususnya pamanggih anu bisa dijadikeun bahan ngeusian blog mangrupa tulisan. Pamanggih anu kaluar tina pikiran, bisa diwalatrakeun jeung dijelaskeun kalawan jéntré supaya bisa kaharti ku anu ngalongok blog, anu tungtungna bisa kaharti maksud tulisan anu dipimaksud.

Anu ngaranna pamanggih bisa kapanggih di mana waé, nah eukeur jalan-jalan, keur ulin, keur maca, keur ngimpleng. Pokona mah lolobana anu ngaranna pamanggih téh teu bisa ditangtukeun bakal kapanggih di mana reujeung iraha. Pamanggih ieu ku nyerelekna waktu atawa robahna tempat osok kapopohokeun atawa leungit. Teu nempo naha pamanggih éta téh penting atawa henteu. Kusabab kitu kudu ditarékan kumaha carana supaya anu ngaranna pamanggih téh teu gampang leungit atawa kapopohokeun. Dina hal ieu aya cara anu gampang din ngokolakeun pamanggih supaya ulah poho atawa leungit, nyaéta ku jalan dicatet. Pamanggih anu kapanggih téh gagancangan ditalian ku jalan ditulis supaya ulah ka mana waé atawa leungit. Jadi saacanna pamanggih éta leungit atawa kalindes ku pamanggih atawa perkara séjénna, gancang talian. Sanajan ngan ukur ku sakecap atawa dua kecap, anu ngaranna pamanggih mah kudu gagancangan ditulis. Supaya engké dina waktuna rinéh téh bisa dipikiran deui jeung di walatrakeun ku mangrupa tulisan anu leuwih jéntré.

(Gambar anu dipapantes meunang nginjeum ti http://images.paraorkut.com/img/wallpapers/1600×1200/t/think_different-5471.jpg)

Blog jeung Kabiasaan Nulis


Anu ngaranna blog mah umumna dieusi ku rupa-rupa tulisan. Ti mimiti tulisan anu kaasup heureuy atawa teu puguh nepikeun ka tulisan anu bener-bener maksud jeung tujuanana. Tulisan anu kaasup eukeur pribadi sorangan anu nyieunna nepikeun ka tulisan anu aya pakaitna reujeung kahirupan jalma réa. Tulisan anu basana rupa-rupa ogé, gumantung ka anu nyieun tulisanana. Tulisan anu osok dicampuranan reujeung gambar atawa poto, atawa bisa ogé dibarung ku pidio atawa rékaman sora. Ngan anu utamana mah blog dieusi ku tulisan.

Kabiasaan nulis

Kusabab eusi blog mah umumna dieusian ku rupa-rupa tulisan, anu nyieun blog téh sahanteuna miboga kamampuhan pikeun nulis. Anu nyieun blog miboga kahayang jeung kabisa pikeun numplekeun naon anu aya dina pikiran jeung haténa kana wangunan tulisan. Nya kadituna mah, pangabisa dina perkara nulis téh jadi hiji modal pikeun hiji jalma dina ngokolakeun blog jieunanana. Sanajan pangabisa dina nulisna téh ngan ukur saeutik-saeutik, henteu bisa panjang. Da anu penting mah anu nyieun blog miboga pangabisa jeung kahayang dina nulis naon anu aya dina pikiranana.

Kumaha atuh lamun teu miboga pangabisa nulis atawa henteu keyeng kana kabiasaan nulis? Sabenerna mah pikeun ngeusian blog ku tulisan, teu kudu ku tulisan meunang sorangan. Tulisan anu bakal dijadikeun eusi blog bisa néangan di internét hususna blog anu bogana batur. Tinggal nyalin tulisan anu geus nyampak. Ngan budaya ieu teu hadé ogé, kusabab lamun terus-terusan niron tulisan meunang batur mah, bisi matak teu ngeunah ka anu boga blog anu tulisan ditiron. Komo lamun nironna téh teu maké tatakrama jeung teu ménta idin ti anu bogana, kawas jalma anu maling waé.

Jadi alusna mah anu ngaranna miboga blog mah bisa nambahan kahayang atawa pangjurung pikeun ngaremenkeun kana nulis. Atawa bisa ogé tibalik. Anu resep kana nuli, bisa nerapkeun pangaresep kana nulisna téh kana wangunan blog. Jadi aya pakait anu bulak-balik. Ku ayana blog, anu henteu resep nulis, saeutikna bisa nambahan sumanget pikeun nulis. Atuh di sisi séjénna, anu mikaresep kana tulas-tulis, bisa namplokeun pangaresepna dina wangunan blog.

(Gambar meunang nginjeum ti http://baltyra.com/wp-content/uploads/2010/09/writing….jpg)

Nyieun Blog di WordPress


Nyieun blog di WordPress?

Gampang….

Ieu tulisan mah nga ukur nyaritakeun nyieun blog di pangladén wéb wordpress.com, moal nyaritakeun ngeunaan nyieun blog di pangladén wéb anu séjénna saperti blogspot. Da kabeneran tacan paham ngeunaan blog dinu lain salian ti wordpress. Eta ogé ketang kungsi nyieun blog di blogspot, ngan tacan kungsi dieusian.

Pikeun nyieun blog di wordpress, taya cara anu susah. Carana gampang pisan. Modalna ngan ukur miboga alamat surélék atawa émail. Alamat surélék ieu dipaké pikeun daptar di wordpress. Lamun geus miboga alamat surélék, tinggal asup waé ka alamat loka http://www.wordpress.com/, atawa lamun hayang asup kana wordpress anu make Basa Sunda bisa asup ngaliwatan http://su.wordpress.com/.

Kaca wordpress.com

Lamun asupna maké wordpress.com dina lambaran wordpress anu mucunghul, tuluy téangan jeung klik panumbu sign up now anu aya di handapeun kenop Get Started Here. Sedengkeun lamun asupna ngaliwatan WordPress Basa Sunda bisa maké kenop Daftar Ayeuna!. Dina kaca anu mucunghul, eusian kotak eusian anu aya, diantarana Blog Address, Username, Tulaksandi, Konpirmasi, Email Address.

  1. Blog Address dieusian ku alamat blogna, misalna ciburuan. Lamun éta kotak dieusian ku kecap ciburuan, mangka alamat blogna bakal jadi ciburuan.wordpress.com. Ngan Blog Address ieu kudu milih kecap anu acan aya, anu acan dipiboga ku batur. Pikeun ngeusian ieu Blog Address pilih kecap anu gampang diinget, sarupa atawa sajalan (henteu papalingpang) reujeung eusi blog, katut acan aya anu miboga. Ngeunaan eusi ieu kotak bisa dirobah dina hiji waktu (nyieun deui alamat blog anu béda).
  2. Saterusna kotak eusian Username dieusian ku ngaran anu baris dipaké pikeun asup kana jero blog jeung ngaran pangarang anu nulis dina blog. Ngaran Username ogé teu meunang sarua reujeung anu geus aya. Jadi kudu milih kecap atawa ngaran anu acan aya dina wordpress.
  3. Kotak eusian Tulaksandi reujeng Konpirmasi dieusian ku kecap sandi anu bakal dipaké pikeun asup kana jero blog. Tulaksandi mah bébas arék sarua reujeung batur ogé, ngan ulah nepikeun ka diuar-uar ka batur. Ulah aya batur anu nyahoeun kana tulaksandi ieu. Bisi blog urang diruksak atawa dicokot ku batur.
  4. Terus Email Address dieusian ku alamat surélék.

Sanggeus bérés ngeusianana reujeung disatujuan ku wordpress, dina harti euweuh pangwawadi nanaon anu aya pakaitna reujeung kecap atawa ngaran anu diasupkeun téh tacan aya anu miboga, bisa langsung mencét kenop Sign up.

Sanggeus kitu mah tinggal mariksa alamat surélék anu dipaké daptar ka wordpress pikeun disahkeun.