Antara Jodo jeung Nikah


Tina obrolan jeung anu dipikolot, cenah aya hubungan anu raket antara jodo jeung nikah. Anu ditikah ku hiji jalma, éta mangrupakeun jodona éta jalma. Jadi pantona jodo téh bisa disebut ogé nikah. Da lamun masih kénéh bobogohan mah tacan tangtu bisa jadi jodo. Sanajan bobogohanana méakeun waktu sababaraha taun, ari acan nepikeun kana panto panganténan mah tacan tangtu bisa jadi jodo.

Naha jodo bisa salah…?

Teuing atuh ngeunaan hal éta mah. Ngan anu jelas mah cenah, lamun lain jodo mah, sanaja geus nikah ogé bakal moal lana dina rumah tanggana. Lamun lain jodona mah, pasti hiji waktu bakal pipirakan. Jadi, sanajan geus nikah, tacan tangtu jalma anu ditikah ku hiji jalma mangerupakeun jodona. Anu ngaranna jodo mah, dina rumah tanggana ogé tangtu bakal lila malahan bisa nepikeun ka pakétrok iteuk atawa nepikeun ka diurugan taneuh beureum (ninggalkeun alam dunya). Malahan bisa jadi anu ngaranna jodo mah lain ngan ukur pikeun di dunya wungkul, tapi ogé nepikeun ka ahérat.

Nikah

Kusabab anu ngaranna jodo mah teu bisa katohiyan kusabab ngan ukur ku bobogohan, jarang kolot anu miboga budak anu diingkeun sina lila bobogohanana. Lamu hiji budak hususna budak awéwé geus katempo miboga papacangan, biasana mah kolotna tara ngantepkeun kitu waé. Lamun kolotna geus satuju kana papacangan budak awéwéna, tara lila sina bobogohan. Budak lalakina biasana mah gancang ditalék naha bener-bener mikabogoh budakna atawa henteu. Lamun bener-bener mikabogohna, nya moal lila ogé biasana mah prung wae ditikahkeun. Tara ngantep nepikeun ka lila.

Ieu hal, jadi hiji alesan lobana barudak atawa jalma anu nikah dina umur ngarora kénéh. Sanajan kakara ogé lulus sakola dasar, ari geus katempo miboga kabogoh mah tara lila diantepkeun. Budak téh sina gagancangan ménta ditanyaan, dilamar jeung ditikahkeun.
Bisi kumaonam sigana mah lamun diantepkeun lila teuing bobogohan téh. Jeung ogé arék nanaonan lila-lila teuing bobogohan lamun tujuanana sarua waé arék nikah mah. Mending kénéh langsung disampurnakeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://wahidunana.files.wordpress.com/2010/04/nikah.jpg)

Ucing Tangkal


Ucing tangkal mah bisa disebutkeun ucing-ucingan anu merlukeun wawanén jeung katapisan leungeun katut suku. Salian ti éta barudak anu maénna kudu geus biasa naék kana tangkal.

Sakumaha ngaranna, ucing tangkal mah ucing-ucingan anu dipaénkeunana dina tangkal. Barudak anu diudag ku budak anu ucing téh kudu naék kanu tangkal. Tangkal anu osok dipaké téh nyaéta tangkal kopi di kebon kopi. Tangkal kopi di kebon kopi mah rata-rata dareukeut, dahan hiji tangkal kopi osok deukeut kana dahan tangkal kopi anu séjénna. Jadi lamun diudag ngaliwatan hiji tangkal kopi, budak anu diudagna bisa tatalépa (pindah) kana tangkal kopi séjénna anu dahanna deukeut. Jadi bisa ngaleupaskeun diri tina udagan atawa inceran budak anu ucing. Salian ti tangkal kopi, bisa ogé maké tangkal séjénna saperti tangkal jéngkol, tangkal jambu jeung tangkal limus. Ngan anu remen dipaké mah tangkal kopi, kusabab alesan tadi téa, ditambah ku tangkal kopi mah biasana teu pati jarangkung teuing kawas tangkal jéngkol. Lamun naék kana tangkal kopi mah sanajan henteu karawél ku budak ti handap anu nangtung dina taneuh, tapi dina naékna teu pati jangkung teuing. Salian ti éta, tangkal kopi mah dahanna lumayan loba jeung lumayan kuat pikeun nahan beurat awak budak anu naék. Dina teu kuatna ogé dahan atawa tangkal kopi mah tara langsung peunggas tapi melendoy (melengkung).
Dina maénna, ucing tangkal mah moal capé teuing kawas ucing lumpat. Da maénna tara lulumpatan. Budak anu ucing, kudu bisa naék kana tangkal supaya bisa néwak budak anu teu ucing. Dina turunna ka handap ogé tara lila, da kudu naék deui kana tangkal supaya henteu langsung diudag.

Budak keur naek kana tangkal

Ku hal ieu, dina maén ucing tangkal barudak anu maénkeunana kudu miboga pangabisa dina naék kana tangkal jeung katapisan dina naékna. Cekelan leungeun kana tangkal kudu kuat, pon kitu deui titincakan suku kudu kuat ogé. Hal anu pokona mah kudu wanian atawa mibiga wawanén atawa luasan. Da lamun sieunan mah bisa-bisa keur naék kana tangkalna téh ragrag ka handap.

Goréngna ucing tangkal mah nyaéta dina ragragna mata cilaka ka budakna. Bisa urat misalah, raheut jeung tatu séjénna gara-gara ragrag tina tangkal. Ngan kusabab makéna tangkal kopi anu teu jangkung teuing, dina ragragna téh teu pati hariwang teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti http://sbelen.files.wordpress.com/2009/12/learning-by-doing-on-a-tree.jpg)