Jalanna…


Nyoréang ka mangsa katukang….

Iinditan téh tara ieu maké angkutan, da euweuh angkutan. Mobil angkutan sabangsaning angdes (angkutan pedesaan) komo deui angkot (angkutan perdayeuhan) mah tacan aya. Iinditan téh laleumpang waé. Di sagédéngeun euweuh angkutan paranti urang lembur téh ogé jalanna anu masih kénéh dikoral mani rarinjul, acan diaspal.

Mobil anu osok lalar liwat téh paling ogé mobil treuk paranti ngakutan kai, suluh jeung barang séjénna. Mobil séjénna mah euweuh anu biasa ngaliwat, salian ti mobil dolak. Atuh jalan anu dikoral téh loba anu raruksak da kalindesan waé ku mobil treuk anu ngangkut babawaan anu bareurat. Lolobana mah jalanna  téh henteu datar, loba tanjakan jeung pudunan.

Jalan gede ka lembur

Ditambah deui ku taneuhna anu taneuh beureum, beuki hampang ruksakna eta jalan téh. Lamun keur pareng usum hujan, jalan teh matak laleueur balas baseuh ku kahujanan. Lamun henteu laleueur téh, bisa jadi laledok tapak ban mobil treuk. Atuh jalan gedé téh loba lalegokna jeung ledok mani jero bisa nepikeun ka satengah tuur jalma kolot jerona.

Lamun usum halodo anu netek, kebulna di jalan teh mani mahabu. Taneuh beureum di jalan teh jadi kebul balas kagéléngan wae ku mobil treuk. Kebulna mani loba jeung jero. Jerona bisa laput mumuncangan. Lamun pas ngaliwat mobil treuk ka éta jalan atawa aya angin anu ngaliwat, kudu siap-siap waé pikeun dikurilingan kekebul anu haliber.

Taya Halodo Panyadapan


“Mon, ari si Uju ka mana?” Si Acim nanya ka si Omon anu nyampeurkeun manéhna anu keur diuk dina babangkuan sisi jalan.

Anu ditanya henteu langsung ngajawab. Manéhna diuk di gigireun si Acim belah kénca.

“Naha henteu disampeur ku manéh?” Si Acim nanya deui ka si Omon.

“Lain henteu disampeur éta gé.” Si Omon kakara némbalan, “tapi pas tadi disampeur téh keur dicarékan ku indungna.”

Si Acim mencrong.

“Dicarékan?” Pokna nanya.

Si Omon ukur unggeuk.

“Naha dicarékan? Pédah naon kitu?” Si Acim panasaran.

“Teuing atuh da kuring gé teu apal.” Témbal si Omon.

Si Acim ngahuleng. Manéhna jadi bingung. Padahal maranéhna tiluan téh, nyaeta manéhna reujeung si Omon katut si Uju arék arulin.

“Sigana mah ulaheun ulin ku indungna.” Pokna si Omon ka si Acim.

Si Acim ngarahuh.

“Naha nya? Mani ulah-ulah teuing atuh ulin. Apanan ngan ukur ulin.” Ceuk si Acim bari mencrong ka si Omon.

ambek

Si Omon teu ngajawab. Manéhna mikir.

“Boa-boa, kamari-kamari basa ku urang diajak ulin oge manehna ulaheun ku indungna. Matakna manehna euweuh nyampeurkeun ulin jeung urang.” Si Omon bari ngimpleng.

“Heueuh sigana mah. Kitu.” Si Acim nyatujuan.

“Kumaha atuh?” Si Omon nanya ka si Acim.

“Nya henteu kukumaha. Tibatan manéhna dicarékan waé pédah diajak ku urang ulin, nya mending kénéh ku urang ulah diajakan ulin lamun sakirana indungna bakal teu ngidinan mah.”

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.chumpysclipart.com/images/illustrations/xsmall2/638_angry_man_at_work_blowing_his_top.jpg)

Roko Téh Nguntungkeun


Ceuk béja mah cenah, anu ngaranna ngaroko téh kacida pisan nguntungkeunana.

Tapi lebah mana nguntungkeunana nya?

Roko

Masih kénéh cenah ceuk béja, anu ngarana ngaroko téh nguntungkeunana lebah mayarna. Jalma anu ngaroko mah ngiluan mayar pajeg éta roko. Sedengkeun ari pajeg apanan dipaké pikeun ngawaragadan pangwangunan di Indonésia. Jadi, anu ngaroko téh ngiluan ngarojong kana pangwangunan.

Salian ti éta cenah, anu ngaroko téh supaya (pabrik) rokona gancang béak. Da lamun henteu dibeulian jeung henteu diseungeutan mah, tangtuna ogé éta roko téh bakal ngabugbrug di pabrikna, anu bakal bisa minuhan éta pabrik. Jadi daripada diduruk pabrikna kusabab ulah aya roko, mending kénéh ngaduruk rokona.

Aya deui anu séjén, cenah mah matak nguntungkeun pikeun patani anu melak bako reujeung anu digarawé di pabrik roko. Jadi patani anu melak bako bakal aya anu meulian pepelakanan nyaéta pelak bako téa. Sedengkeun pikeun anu digarawé di pabrik bisa manjang miboga pagawéan.

Bener kitu nguntungkeun?

Sigana mah bener nguntungkeun. Da cenah anu nguntungkeun mah taya deui iwal ti roko. Anu lian mah bisa bisa nguntungkeun, salian ti roko.

Lamun roko urut diudud osok jadi kuntung. Éta téh hartina nguntungkeun.

Kakara kapikiran….

Beja Geus Walatra


Jajap sora ti anggalna
Pamohalan bisa laksana
Paménta taya tungtungna
Hariwang pinuh sungkawa

Béja-béja mani walatra
Datangna unggal mangsa
Nu nyamuni atawa wakca
Nembrak taya anu anca

Kocap kecap sagala ucap
Naha nepi naha teu cacap
Naha daria bari ditanggap
Naha bener atawa sulap

Sabiwir hiji nu ngahiji
Nongtorékan di ieu nagri
Harta harti jadi pangaji
Nilepan bebeneran pasti

Iraha atuh bakal walagri
Harepan nu minuhan ati
Nepi ka iraha dipatri
Nedunan pamundut Gusti

Mangsa daria nu nalangsa
Lahlahan ménta pangriksa
Tangtayungan bendu salaksa
Jauhkeun sagala panyiksa

Neundeun harepan ka saha
Nu bisa mawa béja wiwaha
Nu bisa ngungkulan subaha
Taya cupat sipat mokaha

Ka mana nyantélkeun haté
Nu cicing lin dinu simpé
Néangan pakeun nyarandé
Nu lin ngan ukur mépéndé

Nagri Indonesia

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150112754341894)

Ngala Papatong


Papatong téh sabangsaning sasatoan leutik anu osok ngapung. Ngapungna maké jangjang anu jumlahna opat siki, dua di katuhu, dua di kénca. Sukuna aya genep sedengkeun matana aya dua.

Ari rupa awakna sigan kapal hélikopter. Panjang awakna kira-kira dua buku ramo panengah.

Papatong eunteup dina gagang anu aya leugeutan

Papatong éta téh ku barudak mah osok dipaké heureuy. Mimitina papatong téh ditéwakan terus sanggeus ditéwak, buntutna osok ditalian ku tali rami atawa tali séjénna supaya ngapungna aya cirian jeung henteu jauh teuing (da beurateun ku tali).

Ngan tungtung osok karunya. Papatong téh osok kasiksa. Komo budak anu luasan atawa delekaan mah.

Ngala papatong bisa make palastik anu herang atawa bodas. Biasana mah palastik urut wadah sabangsaning kuéh atawa kurupuk. Palastikna ula gedé teuing, kira-kira gedéna sajeungkal. Eta palastik téh diteukteuk lamun antara anu bolong reujeung buntutna atawa bujurna panjang teuing. Diteukteuk supaya mangrupa pasagi. Terus éta palastik téh maka gagang dina bujurna pikeun nyekelan éta palastik. Cara ngagunakeunana, éta palastik téh dipaké ngarungkup papatong anu eunteup dina régang. Biasana mah papatong téh osok katipu kusabab palastika anu hérang, teu katempo aya palastik.

Jalan séjén pikeun ngala papatong nyaéta maké leugeut. Arék leugeut teureup atawa leugeut nangka. Ngan maké leugeut mah osok ngaruksak kana awak papatong.

Sanggeus meunang, éta papatong téh terus ditalian maké tali dina buntutna. Papatong téh sina hiber. Kusabab ditalian, papatong téh ngapungna tara jauh jeung tara luhur teuing. Jadi gampang pikeun néwakna deui.

Lamun karunya ka éta papatong kusabab kasiksa, bikeun waé ka hayam supaya jadi parab hayam.

Tungkul Ka Jukut Tanggah Ka Sadapan


Di mamana ogé lamun tungkul mah pasti kudu ka handap. Anu di handap téh, lamun di kebon mah lolobana jukut. Jadi lamun tungkul mah kudu neuteup kana jukut.

Sedengkeun lamun tanggah pasti kudu ka luhur. Panon anu jalma anu tanggah mancona téh ka luhur. Anu di luhur téh biasana mah nya tatangkalan anu jarangkung. Hiji tangkal anu jangkung téh nyaéta tangkal kawung. Ari dina tangkal kawung, anu jelas mah tangkal kawung téh osok diala gulana ku jalan disadap. Dina tangkal kawung aya anu ngaranna sadapan, nyaéta paranti nyadap kawung.

Sadapan dina tangkal kawung

Lamun tungkul kudu tenget kanu keur diteuteup nalika tungkul. Lamun tungkul nyanghareupan jukut, kudu tenget jeung anteb dina nyanghareupanana. Ulah maliré deui kana hal séjén, sanajan aya perkara anu leuwih alus tibatan jukut.

Lamun tanggah jeung neuteup sadapan, kudu jongjon kana sadapan, ulah maliré kana perkara anu séjén. Sanajan perkara anu séjén éta téh leuwih pikabiteun tibatan sadapan anu euweuh pikaresepeunana.

Budak Urang Inggris Diajar Basa Inggris


“Yéh, manéh nyaho teu, yén urang Inggris ogé keur leutikna kudu diajar Basa Inggris?” Si Acim nanya ka si Duyéh.

“Henteu….” Témbal si Omon.

“Ceuk guru kuring di sakola cenah mah, matak urang Inggris pinter basa Inggris ogé pédah wae diajar basa inggrisna téh ti keur leutik kénéh.” Ceuk si Acim deui.

“Kitu nya?”

“Heueuh. Bener cenah mah. Diajarna teh ti keur leutik keneh.”

“Terus, maksud manéh ngobrolkeun ngeunaan éta arék naon kitu?” Si Duyéh panasaran.

“Teu nanaon….” Si Acim ngabéléhém.

“Ih teu puguh kitu.” Si Duyéh ngabalieur.

“Lain kitu. Ieu mah, lamun urang ogé diajarna ti keur leutik kénéh mah sigana pinter meureunan nya?” Ceuk si Acim bari ngahuleng.

“Nya puguh waé atuh. Urang ogé apanan pinter kana basa Sunda téh kusabab diajarna ti leuleutik kénéh.” Ceuk si Duyéh.

“Heueuh nya….” Ceuk si Acim.

Barudak urang Inggris

“Tapi…?” Si Acim teu kebat nyaritana. Manehna ngahuleng.

“Tapi naon?” Si Duyéh nyelok.

“Tapi lamun urang Inggris henteu diajar basa Inggris, terus maranéhna ngomong basa naon nya?” Ceuk si Acim siga anu nanya ka sorangan.

“Éta meureunan ceuk guru manéh kumaha?” Si Duyéh malik nanya.

“Nu matak éta henteu kapikiran harita mah. Ngan ayeuna kakara kapikiran.”

“Kapikiran naon?”

“Heueuh. Naha urang Inggris bet diajar basa Inggris. Apanan basa Inggri téh basa maranéhna lain?” Ceuk si Acim deui.

“Ah kuring mah moal milu mikiran.” Ceuk si Duyéh.

“Lain kitu. Anu kapikiran ku kuring mah, mangsa keur laleutikna mah maranéhna téh maké basa Sunda. Kusabab kitu maranéhna téh dialajar basa Inggris ogé.”

“Kitu nya?”

Si Acim teu ngajawab. Manéhna mikir heula.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.cai.org/files/images/photo-albums/kidsalbum-2006/pic_3.jpg)