Wangunan MVC dina CodeIgniter


Ngomongkeun rangkay gawé CodeIgniter, teu bisa leupas tina wangunan MVC. Sababna mah dina ngagunakeunana rangkay gawé CodeIgniter maké wangunan MVC. Naon atuh MVC téh? MVC téh mangrupakeun wangunan program anu misahkeun bagéan-bagéan program jadi tilu bagéan nyaéta M, V jeung C. M mangrupakeun wawakil tina Models, V wakil tina Views sedengkeun C tina Controllers.

Pikeun leuwih jelasna mah MVC (Models-Views-Controllers) téh bisa dijelaskeun kieu:

  • Models mangrupakeun bagéan program anu nguruskeun data atawa bagéan program anu eusina téh ngeunaan struktur data anu diperlukeun dina ngajalankeun programna. Data-data anu diperlukeun ku program diurus ku bagéan Models.
  • Views mangrupakeun bagéan program anu nguruskeun rupa atawa pidangan programna. Sagala anu aya pakaitna reujeung anu bisa katempo tina program éta diurusna ku Views. Sagala wangunan program anu bisa katempo ku anu ngagunakeun program, diatur atawa dikokolakeun ku bagéan Views.
  • Controllers mangrupakeun bagéan program anu nyambungkeun antara Models reujeung Views. Data anu bakal diancokeun dina bagéan Views ditarik tina bagéan Models ku bagéan Controllers. Pon kitu deui sabalikna, naon (data) anu dipénta atawa anu diasupkeun ku anu maké program dina bagéan Views diasupkeun ka bagéan Controllers pikeun diolah terus ditepikeun ka bagéan Models lamun mikabutuh data anu disadiakeun ku Models.

Wangunan MVC téh kacida alusna dina nyieun program anu gedé pisan wangunan programna. Dina sakali waktu mah pasti program anu geus dijieun téh kudu diropéa atawa dibebener deui. Ku jalan maké wangunan MVC, pikeun ngaropéana leuwih gampang tibatan anu henteu maké wangunan MVC. Lamun anu perlu diropéa téh aya pakaitna reujeung pidangan atawa naon anu diancokeun ka anu maké program, anu dirobah téh apanan kari ngarobah bagéan Views-na. Lamun anu kudu dirobah téh ngeunaan datana, nya kari ngarobah bagéan Models-na.

Wangunan MVC dina struktur map CodeIgniter

Rangkay gawé CodeIgniter, dina makéna maké wangunan MVC. Dina struktur program anu disadiakeun geus ngasupkeun wangunan MVC. Hal ieu bisa katempo tina struktur map-na anu nyadiakeun map Controllers, Models jeung Views. Éta masing-masing map téh gunana pikeun neundeun payil program sakumaha bagéanana. Payil program anu gunana pikeun ngokolakeun data diteundeunna dina map Models. Pon kitu deui reujeung payil anu ngokolakeun ngeunaan pidangan diteundeunna dina map Views.

Mikawanoh Nadoman atawa Pupujian


Nadoman atawa pupujian mangrupakeun hiji wangun kakawihan anu eusina ngeunaan bagbagan agama atawa ngeunaan kahirupan anu diwengku ku agama. Eusina lolobana mah ngeunaan pépéling pikeun kahirupan jalma. Salian ti ngeunaan pépéling, aya ogé anu nyaritakeun ngeunaan agungna Gusti Alloh, ngeunaan kahirupan Kanjeng Nabi Muhammad jeung anu séjénna.

Barudak ngarumpul di masigit

Nadoman osok dikawihkeun hususna ku barudak nalika nungguan datangna waktu solat (saméméh ngong adan) atawa nungguan diadegkeunana solat (sanggeus ngong adan nungguan komat). Dina nungguan waktu solat saperti solat Maghrib atawa Isya, di masigit barudak osok ramé nadoman atawa pupujian. Lamun di masigitna aya TOA atawa sapeker, nadomanana osok disambungkeun kana TOA. Kusabab kitu, dina waktu Maghrib mah di masigit téh osok ramé ku barudak anu ngadon nadoman atawa pupujian, malahan mah aya anu osok patarik-tarik sora. Sanajan remenna osok ku barudak dinadomkeunana, tapi kolot ogé osok miluan ngawihkeun pupujian atawa nadoman.

Ngeunaan jinis jeung rupa nadoman atawa pupujian, kacida lobana. Ngan sakumaha jinis kakawihan baheula, loba nadoman atawa pupujian anu ngan ukur tatalépa ngaliwatan carita atawa omongan wungkul, henteu nepikeun ka ditulis dina buku. Hususna di pilemburan. Nadoman atawa pupujian téh tatalépa ku jalan diapalkeun. Dina sakalina lila henteu dinadomkeun téh apanan poho waé bari jeung teu boga catetanana. Salian ti eta oge kadang kusabab tatalepana ngaliwatan omongan kalawan langsung diapalkeun, jarang anu apal kana judul nadoman atawa pupujian anu keur dinadomkeunana. Teuing ti dituna oge geus tanpa judul….

(Gambar meunang nginjeum ti http://a1.sphotos.ak.fbcdn.net/)

Mikawanoh ICT (TIK: Téhnologi Inpormasi jeung Komunikasi)


Dina jaman kompiuter ayeuna mah anu ngaranna ICT téh geus jadi hal anu lumrah kapanggihna. Komo deui ayeuna téh internét geus beuki mahabu. Sanajan henteu apal naon anu ngaranna ICT tapi kalawan henteu sadar geus icikibung dina wewengkon ICT. Nya sahanteuna geus ngagunakeun pakakas ICT.

Naon atuh ICT téh?

ICT

Gampangna mah ICT téh mangrupakeun singketan tina kecap anu asalna dina Basa Inggris nyaéta Information Communications Technology, atawa dina Basa Indonésiana jadi Teknologi Informasi dan Komunikasi (TIK). Atuh lamun ditarjamahkeun kana Basa Sunda mah kurang leuwih Téhnologi Inpormasi jeung Komunikasi. Nilik kana ngaranna ICT atawa TIK téh diwangun ku tilu kecap nyaéta Téhnologi, Inpormasi jeung kecap Komunikasi.

Nurutkeun inpo ti tutor2u, anu ngaranna ICT téh rada susah ogé pikeun néangan harti anu sabenerna (kusabab bisa miboga harti anu rupa-rupa). Sanajan kitu, anu leuwih condongna mah ICT téh sagala hal anu ngeunaan téhnologi digital anu geus aya anu mantuan sing saha waé (jalma, tukang bisnis jeung pausahaan) dina ngagunakeun inpormasi.

ICT téh ngawengku sakabéh produk atawa pakakas anu bisa neundeun, ngasupkeun, ngokolakeun, ngirim jeung narima inpormasi sacara éléktronik dina rupa digital. Contona waé kompiuter, email, robot, henpon, jeung anu séjénna. Kusabab éta, ICT kacida raketna kana neundeun, ngasupkeun, ngokolakeun, ngirim atawa narima data digital. Anu leuwih pentingna deui, ICT bisa ngahijikeun éta sakabéhna supaya bisa pakait-kait jeung gawé babarengan.

Dina kanyataanana, aya dua rupa ICT anu nyampak, nyaéta:

  1. Téhnologi anu dumasar kana kompiuter baheula (biasana mangrupa kompiuter pribadi (PC) anu aya di imah atawa di pagawéan)
  2. Téhnologi anu dumasar kana kompiuter jaman ayeuna anu digabungkeun reujeung téhnologi komunikasi jaman ayeuna (anu bisa digunakeun ku jalma-jalma atawa organisasi pikeun tutukeuran/komunikasi jeung babagi inpormasi kalawan digital)

(Gambar meunang nginjeum ti http://blogaholic.pk)

Budak Lalaki mah Kudu Bisa Nyieun Tali tina Awi Tali


Tali anu dijieun téh biasana mah dipaké pikeun nalian suluh atawa parab (parab domba/sapi). Tali anu dijieunna tina tangkal awi tali. Nyieun tali tina leunjeuran awi teu bisa kitu waé. Budak anu nyieun tali kudu miboga wawanén pikeun ngahua atawa meulahan leunjeuran awi jadi tali anu aripis. Henteu pauran dina kuduna maut huaan awi tali anu aya hinisan. Teu sieuneun raheut kabesét ku hinis.

Rungkun awi tali

Barudak anu osok ngala suluh mah geus biasa lamun kudu nyieun tali pikeun meungkeut suluh tina tangkal awi tali téh. Salian ti gampang manggihanana (manggihan rungkun awi tali), ogé tali anu tina tangkal awi tali mah lumayan kuat pikeun nalian suluh téh. Moal matak pegat. Ngan teu sakabéhna budak anu osok ngala suluh bisaeun nyieun tali tina awi tali. Aya ogé anu henteu bisaeun.

Pikeun anu henteu bisaeun mah biasana osok ménta pangnyieunkeun atawa néangan areuy atawa aakaran pikeun nalian suluhna. Aareuyan kayaning areuy geureung osok dipaké pikeun nalian beungkeutan suluh. Bisa ogé maké kulit tangkal tisuk pikeun talina. Ngan nya kitu téa, anu teu bisaeun nyieun tali tina tangkal awi tali mah osok dipoyokan ku babaturan séjénna. Pajarkeun téh piraku lalaki teu bisa nyieun tali….

Élmu Ngaragap Diri Sorangan


Nu matak teu ngeunah ka sorangan, matak teu ngeunah ogé ka batur

Dina hirup kumbur reureujeung reujeung batur atawa tatangga, kudu bisa ngaragap diri sorangan. Élmu ngaragap diri sorangan kacida pentingna dina ngajaga sikep reujeung kabiasaan dina kahirupan, utamana sikep ka diri batur. Sikep anu dipibanda ku unggal jalma, anu aya pakaitna reujeung batur bakal diwawatesan ku élmu ngaragap diri sorangan.

Anu kumaha atuh anu disebut ngaragap diri sorangan téh?

Hirup reureujeungan reujeung batur
Ngaragap diri sorangan téh bisa disebutkeun ngarasakeun heula ku diri sorangan. Sagala hal utamana ngeunaan sikep, dirarasakeun heula ku diri sorangan. Sagala sikep atawa pagawéan anu bakal diterapkeun ka batur, dirarasakeun heula ku diri sorangan. Sikep anu kitu téh kumaha karasana ku diri sorangan. Lamun sikep anu bakal ditibankeun ka batur téh karasana ngeunah dina waktu ditibankeun ka diri sorangan, ku batur ogé bakal karasa ngeunah. Sabalikna lamun éta pagawéan atawa sikep téh matak teu ngeunah kana diri, ku batur ogé sarua waé bakal karasa teu ngeunahna.

Kusabab kitu, dina ngalakukeun pagawéan dina kahirupan di masarakat, moal leupas tina sikep ngaragap diri sorangan. Da salaku papada jalma mah, miboga rarasaan anu ampir sarua. Anu teu ngeunah pikeun hiji jalma, umumna kitu ogé pikeun jalma séjén.