Pasini ti Mimiti


Nyukcruk galur ti kapungkur
Waktu raga tacan campur
Teu apal saha dulur
Tapi taya nu bakal lapur

Diinget-inget moal inget
Waktuna lain ayeuna danget
Waktu ingetan tacan lebet
Taya anu wani nyatet

Alam saha taya nu apal
Taya nu bisa dikedal
Naha arek naha moal
Taya nu wani ngajajal

Kumaha jeung kumaha kecap
Naon jeung naon geus hilap
Jujutan kumaha teu kakocap
Teu apal saha nu jajap

Parandene teu kadenge
Arek api-api conge
Gentraan geus diangge
Aya cahya na jalan melenge

Apanan nyieun jangji anu paheut
Kacida deukeut jeung seukeut
Supaya ahir baring teu cueut
Waktu panto geus dipeundeut

Jangji ti kamari geus pasini
Unggal jiwa nyieun sakseni
Unggal jiwa disakseni
Taya kaliwat najan sahiji

Unggal jiwa geus ditanya
Pananya sarua taya karunya
Keun bekel hirup di dunya
Taya sora nanya maenya

Pangjawab sarua kuduna
Ngangken nu hiji jawabna
Taya pasalia hancenganana
Kituna anu sampurna

Ahir baring ditanya sarua
Naha jejeg jangji teu midua
Taya jalan anu dihua
Komo dibarung rasa cua

(Dicutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150098719031894)

Sajarah di Lembur


Sanajan sajarah téh biasana dipagunemkeunana di sakolaan, da pédah aya pangajaranana, di lembur ogé anu ngaranna sajarah mah lain euweuh. Di lembur ogé osok aya anu nyabit-nyabit kana sajarah mah. Ngan sajarahna, biasana mah ngan ukur tatalépa ngaliwatan obrolan atawa omongan wungkul. Taya catetan sajarah anu dijadikeun buku. Pon kitu deui teu nepikeun ka ditetelepék nepikeun ka bubuk leutikna.

Aki keur nyaritakeun jaman baheula

Sajarah di lembur mah lolobana aya pakaitna reujeung karuhun. Sakumaha anu geus disebutkeun saméméhna, anu ngaranna sajarah mah ngeunaan kahirupan jalma baheula atawa anu geus kaliwat. Barudak biasana mah osok naranggap caritaan kolot ngeunaan jaman keur ngorana éta kolot. Naha arék keur jaman bajoang ngusir Kompeni atawa jaman Jepun. Da caritaan éta anu matak ramé pikeun barudak mah. Komo lamun éta kolotna (nini atawa aki) anu resep cacarita.

Salian ti ngeunaan kahirupan pribadi jaman baheula karuhun atawa kolot, bisa ogé sajarah ieu pikeun nyukcruk galur turunan atawa pancakaki. Ku jalan nilik kana sajarahna, bisa kapanggih saha waé dulur anu masih kénéh aya kakait dulur atawa baraya.

Jadi sajarah di lembur mah ambahanana téh ngan saeutik. Ngan ukur ngawengku salembur atawa saturunan wungkul. Pangjauhna jauhna, paling ogé ngeunaan sajarah ngadegna lembur, saha waé anu ngadegkeun lembur jeung kumaha kaayaan harita waktu ngadegna.

Nyérélék


Wanci nyérélék tara tetelepék
Henteu diulah-ulah, dihempék-hempék
Teu bisa dihulag komo dicarék
Teu bisa embung kudu daék
Kudu ayaga siap arék

Waktu nyérélék ngan sapangkék
Wuwuh hirup kawas golék
Usik malik ajeg déngdék
Alus tarapti rapih soék
Di ahir bakal ditalék

Andelan lin ukur cacapék
Ditambah pinter kodék
Neundeun batur na kélék
Sapira kawas ka ékék
Kade bisi dicobék

Wanci robah kudu naék
Ulah cicing waé na poék
Komo olo-olo torék
Ditambah saré kérék nyegrék
Bisi ahir baring dikadék

(Citutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150096029666894)

Pieunteungeun jeung Pangajaran


Dina kahirupan kadang aya hal-hal anu kudu dijadikeun pangajaran atawa bahan pangajaran, kadang aya ogé anu kudu dijadikeun bahan pieunteungeun. Naon atuh bédana?

Hade jadi pangajaran, goreng jadi pieunteungeun

Sakumaha anu geus disebutkeun dina tulisan anu tiheula, anu ngaranna kahirupan teu leupas tina dua hal nyaéta hadé reujeung goréng. Sikep jalma anu alus mah, kana éta dua hal téh kudu béda. Kumaha atuh sikep jalma sakuduna téh?

Sikepna teh nyaeta….

Lamun kana anu hadé kudu dijadikeun pangajaran. Kaayaan anu hade, boh anu keur kaalaman atawa geus kaalaman, naha ku sorangan atawa ku batur, naha kacatet atawa henteu, anu ngaranna kahadéan mah kudu dijadikeun bahan pangajaran. Anu kade mah kudu diajarkeun. Diajar supaya anu hadé téh bisa diconto jeung dipigawé deui. Anu tungtungna, kahadéan teh bakal langgeng atawa tetep aya dina kahirupan. Sanajan dina wujud anu geus robah atawa béda kusabab robahna jaman atawa waktu.

Ari pieunteungeun?

Anu kudu dijadikeun pieunteungeun mah nyaeta hal atawa perkara atawa pagawean anu goréng. Pieunteungeun teh nyaeta perkara anu kudu dijadikeun eunteung. Anu garanna eunteung, bisa apal anu goréng sanajan disumputkeun. Jadi anu goréng mah kudu dijadikeun eunteung pikeun kahirupan ayeuna, pikeun ngajalankeun kahirupan jaman ayeuna. Lamun pagawéan anu eukeur dijalankeun téh sarua reujeung anu aya dinu eunteung, maka bakal katempo éta pagawéan anu keur dipugawé téh goréng. Lamun goréng, ulah dipigawé atawa gagancangan ditolak atawa dieureunan.

Ngeunaan Sajarah


Naha bet ngomong sajarah nya?

Ieu mah beubeunangan atawa daluang ti panyabaan. Da ngomongkeun sajarah mah biasana aya dina pangajaran di sakola-sakola, naha sakola handap, sakola tengah atawa paguron luhur. Di sakola mah, ngeunaan sajarah teh ditengetan pisan, ti mimiti ayana jelema di dunya ieu nepikeun ka ayeuna. Malahan mah aya palajaran husus anu ngaranna PSPB atawa Sajarah. Sajarah teh kacida pentingna pikeun kahirupan jalma. Da ngaliwatan sajarah, jalma anu hirup ayeuna bisa apal ngeunaan kaayaan jaman baheula.

Da sajarah mah eusina téh ngeunaan jaman baheula atawa carita ngeunaan jaman baheula. Ku ayana jujutan waktu, moal bisa aya jaman ayeuna lamun euweuh jaman baheula. Jaman ayeuna osok aya patali reujeung jaman baheula, atawa kaayaan jaman ayeuna téh kumaha kaayaan jaman baheula.

Ku jalan apal sajarah, bisa apal kumaha kaayaan jaman baheula. Eta kaayaan jaman baheula téh bisa dijadikeun pieunteungeun atawa bahan pangajaran dina jaman ayeuna. Jadi, aya dua hal anu bisa diala tina sajarah jaman baheula: nyaéta dijadikeun pieunteungeun atawa dijadikeun pangajaran. Ieu hal téh, sakumaha kahirupan jalma ayeuna, anu ngaranna kahirupan moal leupas tina hadé reujeung goréng, kahirupan sajarah ogé moal leupas tina dua hal éta: aya sajarah ngeunaan kahadéan, aya sajarah ngeunaan kagoréngan.

Sajarah ibarat tangkal

Jadi mangpaat sajarah pikeun kahirupan jalma téh, pangpangna kumaha supaya sajarah bisa dijadikeun dua hal tadi. Sajarah anu hadé kudu dijadikeun bahan pangajaran pikeun kahirupan ayeuna. Sedengkeun sajarah anu goréng kudu dijadikeun pieunteungeun pikeun kahirupan jalma ayeuna.

Ngeunaan sajarah, asal kecapna téh cenah tina basa Arab anu lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda mah hartina téh tangkal atawa dahan tatangkalan.

Sajarah téh bisa disebut ogé pangajaran atawa élmu anu eusina ngeunaan hal atawa kaayaan jaman baheula. Sajarah utamana ngomongkeun ngeunaan kaayaan atawa kahirupan jalma jaman baheula. Da anu nyieun sajarah mah jalma anu hirup di dunya ieu. Sajarah téh bisa aya kusabab ayana jalma. Lamun euweuh jalma mah tacan tangtu aya anu ngaranna sajarah.

Jadi, anu ngaranna sajarah mah moal leupas tina kahirupan jalma.