Jalma Reujeung Janggélék Dirina (Bagéan Kahiji)


Bubuka

Jalma anu hirup di dunya ieu pasti ngaku dirina téh aya di dunya ieu. Hirupna téh pasti dibarengan ku ayana dirina atawa janggélék dirina. Da bener ogé anu ngaranna jalma hirup mah pasti kudu aya reujeung janggélék dirina atawa wujud dirina. Jalma anu hirup bakal katempo ragana. Jadi geus jadi hiji kapastian lamun jalma hirup bisa katempo tina raga badagna.

Ieu ibarat hirup reujeung hirupna jalma. Teu bisa dipisahkeun.

Jalma di dunya

Ngan anu kudu ditegeskeun téh, naha bener hiji jalma anu hirup teu bisa dipisahkeun reujeung janggélék dirina atawa aya dirina. Hirup jalma anu kumelendang di dunya ieu téh lain ngan ukur ngaku-ngaku hirup bari jeung henteu dibarengan ku janggélék dirina.

Anu dipimaksud ku ‘janggélék dirina’ téh nyaeta kumaha éta jalma téh ngalakonan kahirupanana téh bener-bener aya dina kahirupanana. Jalma anu hirup atawa aya di dunyana téh bener-bener aya. Lain ngan ukur ngaku-ngaku aya, anu padahal mah euweuh atawa teuaya.

Naon sababna?

Sababna mah, osok aya jalma anu ngaku aya tapi ayana éta jalma téh teu dianggap atawa dianggap euweuh. Dianggap euweuhna téh lain ku dirina, tapi ku pihak séjén, bisa ku jalma séjén atawa pihak di luar éta jalma. Jadi aya jalma anu ngaku dirina aya, tapi dianggapna euweuh. Ieu hal téh bisa waé kusabab aya hal-hal anu teu bisa dicumponan ku éta jalma dina ngalakonan kahirupanana, anu nyababkeun éta jalma téh sanajan aya ogé dianggapna euweuh.

Kumaha lamun kitu?

Ih, palias teuing!

Mudah-mudahan dijauhkeun tina kaayaan jalma anu samodél kitu.

[Nyambung]

(Gambar meunang nginjeum ti http://owall.net/image?id=6004&horder=223)

Hirup Jalma Reujeung Huripna (Bagean 2)


Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan anu kahiji, hirup jalma téh pasti dibarengan atawa dirojong ku bekel pikeun ngalakonan kahirupanana. Naha arék bekel pikeun ngalalakon kahirupan di dunya, pon kitu deui reujeung kehirupan sanggeus di dunya ieu.
Jalma anu kumelendang di dunya ieu dibéré sagala rupa bekel ku Gusti Alloh supaya bisa ngalakonan kahirupan kalawan sakumaha mistina. Salaku anu ngahirupkeun reujeung ngusik malikeun mahlukna, Gusti Alloh geus nyawiskeun sagala rupana pikeun kahirupan jalma. Salian ti bekel pikeun ngalakonan kahirupanana, Gusti Alloh ogé mekelan jalma ku tujuan kahirupan. Da hirupna jalma di dunya ieu téh lain ngan wungkul hirup terus paéh anu henteu ngabogaan tujuan, tapi hirupna jalma téh ngabogaan tujuan atawa maksud anu pasti. Tujuan atawa maksud hirupna jalma ieu geus dicawiskeun ku Gusti Alloh ka unggal jalma. Jadi kahirupan jalma téh lain ngan ukur dibéré bekel pikeun ngalakonan hirupna wungkul, tapi ogé dibéré papagon atawa cekelan pikeun ngajalankeun kahirupanana.

Kusabab éta, unggal jalma anu apal kana hirup reujeung huripna, moal bisa leupas tina maksud ngajalankeun kahirupanana. Anu béh dituna, hirupna téh pasti ngaliwatan jalan anu bener anu satuhu reujeung naon anu sakuduna. Jalan kahirupanana bakal mapay jalan anu geus dicawiskeun ku anu méré kahirupan jeung kahuripan.

Hirup Hurip Jalma

Jalma anu apal kana hirup huripna, tangtu bisa ngajalankeun kahirupanana kalawan bérés roés. Moal loba teuing cawadeunana.

Kompiuter teh Pakakas Paranti Ngitung


Jaman ayeuna mah anu ngaranna kompiuter (komputer maksudna) téh geus teu anéh deui. Ampir di unggal imah, pangpangna jalma-jalma di dayeuh ngabogaan kompiuter. Jadi anu ngaranna kompiuter téh geus teu jadi barang anu jarang deui. Loba jalma anu merlukeun éta kompiuter pikeun migawé pagawéanana. Loba pagawéan anu bisa dipigawé ku jalan maké kompiuter. Ku ayana kompiuter, kahirupan jalma jadi bisa leuwih gampang. Pagawéan ti mimiti nulis, ngokolakeun data, ngitung nepikeun ka ngagambar, bisa dipigawé maké kompiuter. Malahan mah pikeun ngadalikeun hiji barang ogé bisa maké kompiuter.

Kompiuter jaman baheula, Konrad Zuse

Sanajan kitu, naon atuh ari anu ngaranna kompiuter téh?

Nurutkeun warta ti Wikipedia mah, cenah kompiuter téh mimitina mangrupakeun sesebutan pikeun jalma anu pagawéanana ngitung aritmatika, naha arék maké alat atawa henteu. Ngan ka béh dieunakeun, ngaran kompiuter téh sesebutan pikeun alat anu dipaké pikeun ngitung, lain jalmana. Jadi, anu ngaranna kompiuter téh mangrupakeun hiji alat anu digunakeun pikeun ngitung aritmatika.

Ku majuna waktu, gunana kompiuter lain ngan ukur dipaké ngitung wungkul, tapi dipake ogé dina perkara salian ti ngitung.

Loba komputer anu digunakeun salian ti pikeun kapentingan ngitung saperti:

  1. Maén gim
  2. Nulis atawa ngetik
  3. Ngagambar
  4. Neundeun data jeung ngokolakeun data
  5. Nyetel musik jeung pidio atawa tipi
  6. Jeung anu sejenna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.computerhistory.org/timeline/images/1941_zuse_z3.jpg)

Pasini ti Mimiti


Nyukcruk galur ti kapungkur
Waktu raga tacan campur
Teu apal saha dulur
Tapi taya nu bakal lapur

Diinget-inget moal inget
Waktuna lain ayeuna danget
Waktu ingetan tacan lebet
Taya anu wani nyatet

Alam saha taya nu apal
Taya nu bisa dikedal
Naha arek naha moal
Taya nu wani ngajajal

Kumaha jeung kumaha kecap
Naon jeung naon geus hilap
Jujutan kumaha teu kakocap
Teu apal saha nu jajap

Parandene teu kadenge
Arek api-api conge
Gentraan geus diangge
Aya cahya na jalan melenge

Apanan nyieun jangji anu paheut
Kacida deukeut jeung seukeut
Supaya ahir baring teu cueut
Waktu panto geus dipeundeut

Jangji ti kamari geus pasini
Unggal jiwa nyieun sakseni
Unggal jiwa disakseni
Taya kaliwat najan sahiji

Unggal jiwa geus ditanya
Pananya sarua taya karunya
Keun bekel hirup di dunya
Taya sora nanya maenya

Pangjawab sarua kuduna
Ngangken nu hiji jawabna
Taya pasalia hancenganana
Kituna anu sampurna

Ahir baring ditanya sarua
Naha jejeg jangji teu midua
Taya jalan anu dihua
Komo dibarung rasa cua

(Dicutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150098719031894)

Sajarah di Lembur


Sanajan sajarah téh biasana dipagunemkeunana di sakolaan, da pédah aya pangajaranana, di lembur ogé anu ngaranna sajarah mah lain euweuh. Di lembur ogé osok aya anu nyabit-nyabit kana sajarah mah. Ngan sajarahna, biasana mah ngan ukur tatalépa ngaliwatan obrolan atawa omongan wungkul. Taya catetan sajarah anu dijadikeun buku. Pon kitu deui teu nepikeun ka ditetelepék nepikeun ka bubuk leutikna.

Aki keur nyaritakeun jaman baheula

Sajarah di lembur mah lolobana aya pakaitna reujeung karuhun. Sakumaha anu geus disebutkeun saméméhna, anu ngaranna sajarah mah ngeunaan kahirupan jalma baheula atawa anu geus kaliwat. Barudak biasana mah osok naranggap caritaan kolot ngeunaan jaman keur ngorana éta kolot. Naha arék keur jaman bajoang ngusir Kompeni atawa jaman Jepun. Da caritaan éta anu matak ramé pikeun barudak mah. Komo lamun éta kolotna (nini atawa aki) anu resep cacarita.

Salian ti ngeunaan kahirupan pribadi jaman baheula karuhun atawa kolot, bisa ogé sajarah ieu pikeun nyukcruk galur turunan atawa pancakaki. Ku jalan nilik kana sajarahna, bisa kapanggih saha waé dulur anu masih kénéh aya kakait dulur atawa baraya.

Jadi sajarah di lembur mah ambahanana téh ngan saeutik. Ngan ukur ngawengku salembur atawa saturunan wungkul. Pangjauhna jauhna, paling ogé ngeunaan sajarah ngadegna lembur, saha waé anu ngadegkeun lembur jeung kumaha kaayaan harita waktu ngadegna.

Nyérélék


Wanci nyérélék tara tetelepék
Henteu diulah-ulah, dihempék-hempék
Teu bisa dihulag komo dicarék
Teu bisa embung kudu daék
Kudu ayaga siap arék

Waktu nyérélék ngan sapangkék
Wuwuh hirup kawas golék
Usik malik ajeg déngdék
Alus tarapti rapih soék
Di ahir bakal ditalék

Andelan lin ukur cacapék
Ditambah pinter kodék
Neundeun batur na kélék
Sapira kawas ka ékék
Kade bisi dicobék

Wanci robah kudu naék
Ulah cicing waé na poék
Komo olo-olo torék
Ditambah saré kérék nyegrék
Bisi ahir baring dikadék

(Citutat tina http://www.facebook.com/note.php?note_id=10150096029666894)

Pieunteungeun jeung Pangajaran


Dina kahirupan kadang aya hal-hal anu kudu dijadikeun pangajaran atawa bahan pangajaran, kadang aya ogé anu kudu dijadikeun bahan pieunteungeun. Naon atuh bédana?

Hade jadi pangajaran, goreng jadi pieunteungeun

Sakumaha anu geus disebutkeun dina tulisan anu tiheula, anu ngaranna kahirupan teu leupas tina dua hal nyaéta hadé reujeung goréng. Sikep jalma anu alus mah, kana éta dua hal téh kudu béda. Kumaha atuh sikep jalma sakuduna téh?

Sikepna teh nyaeta….

Lamun kana anu hadé kudu dijadikeun pangajaran. Kaayaan anu hade, boh anu keur kaalaman atawa geus kaalaman, naha ku sorangan atawa ku batur, naha kacatet atawa henteu, anu ngaranna kahadéan mah kudu dijadikeun bahan pangajaran. Anu kade mah kudu diajarkeun. Diajar supaya anu hadé téh bisa diconto jeung dipigawé deui. Anu tungtungna, kahadéan teh bakal langgeng atawa tetep aya dina kahirupan. Sanajan dina wujud anu geus robah atawa béda kusabab robahna jaman atawa waktu.

Ari pieunteungeun?

Anu kudu dijadikeun pieunteungeun mah nyaeta hal atawa perkara atawa pagawean anu goréng. Pieunteungeun teh nyaeta perkara anu kudu dijadikeun eunteung. Anu garanna eunteung, bisa apal anu goréng sanajan disumputkeun. Jadi anu goréng mah kudu dijadikeun eunteung pikeun kahirupan ayeuna, pikeun ngajalankeun kahirupan jaman ayeuna. Lamun pagawéan anu eukeur dijalankeun téh sarua reujeung anu aya dinu eunteung, maka bakal katempo éta pagawéan anu keur dipugawé téh goréng. Lamun goréng, ulah dipigawé atawa gagancangan ditolak atawa dieureunan.