Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)


Dina nyieun ayun-ayunan aya sababaraha hal anu bisa dijadikeun bahan diajar pikeun barudak. Boh dina mangsa nyieunna, boh dina maénna. Dina nyieun ayun-ayunan, barudak kudu apal kana bahan jeung kumaha cara nyieunna. Bahan anu alus jeung kuat kudu bisa ngimbangan kana beurat awak budak anu bakal ngadiukan atawa tumpak kana éta ayun-ayunan. Pon kitu deui kana kakuatan dahan anu bakal dipaké ngagantungkeun éta ayun-ayunan. Saméméh nyieun ayun-ayunan, biasana barudak anu arék nyieun ayun-ayunan téh osok nyoba heula kakuatan tali anu bakal dijieun tali ayun-ayunan. Nyobana ku jalan ditarik tungtung pada tungtung. Di dinya bisa kabaca kakuatan éta tali. Lamun kakara ogé ditarik geus pegat, hartina éta tali teu bisa dipaké pikeun tali ayun-ayunan.

Jadi pangajaran anu kahijina nyaéta kumaha carana supaya meunang tali anu kuat, bisa naha beuratna anu bakal dijieun ayun-ayunan. Lamun dikaitkeun reujeung pangajaran di sakola mah aya anu ngaranna pangajaran Fisika ngeunaan besot (pegas). Dina hal ieu pangajaran aya itung-itungan kumaha kakuatan besot lamun ditarik make beungbeurat. Da tali teh lamun dina pangajaran ieu mah bisa diibaratkeun besot anu élastis (Modulus Elastis). Ngeunaan hal ieu anu leuwih panjangna bakal dibéjérbéaskeun dina tulisan anu husus.

 

Ayun-ayunan (asal gambar: facebook.com)

Anu penting mah, dina maén ayun-ayunan téh aya hal anu bisa dikoréhan, utamana kucaha cara nerapkeun pangajaran di sakola anu lobana mah ngan ukur téori wungkul. Susuganan sanajan ngaranna mah kaulinan barudak, tapi di jerona mah aya eusi anu mundel pikeun bekel diajar.

Baca oge:

  1. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)

Lalab Rumbah


Naon atuh anu dipimaksud ku ngaran lalab téh?

Lamun nempoan jinis-jinis anu kaasup kana lalab, anu disebut lalab téh nyaéta sabangsaning dangdaunan atawa pupucukan (daun anu ngora kénéh) anu biasa didahar. Didaharna bisa dipaké deungeun sangu atawa lain. Ngan umumna anu ngaranna lalab mah anu dipaké deungeun sangu, kadang remen dipaké pikeun coél sambel.

Daun sintrong

Lalab biasana osok jaradi di kebon, di tegalan atawa sisi leuweung. Naha kusabab ngahaja dipelak atawa henteu (dina harti jadi sorangan). Ngan lolobana mah jadi sorangan, kajaba lamun éta tangkal lalab téh ngabogaan mangpaat séjénna contona bisa dimangpaatkeun bagéan tangkal anu séjénna, naha bisa tangkalna atawa buah/beutina. Lamun ngan ukur diarah daunna mah (jadi lalab), arang langka anu ngahaja melak. Contona waé tangkal sintrong, antanan, jeung anu séjénna. Ari anu ngahaja osok dipelak mah contona waé daun katuk (kusabab ngabogaan mangpaat séjénna, nyaéta bisa dijadikeun obat), tangkal jambu médé (kusabab bisa dimangpaatkeun buahna), tangkal gedang (kusabab bisa diarah buahna), jeung anu séjénna.

(Asal poto: http://www.datasunda.org/pl/images/s_nature_nature_alam/s_vegetable_legume_sayur/sintrong-tropical_burnweed-crassocephalum_crepidioides-01.jpg)