Puasa di Bulan Rayagung


Ngeunaan ibadah puasa di bulan Rayagung, aya hadis anu ngajelaskeun ngeunaan puasa éta. Hadis éta teh unina kurang leuwih: “Ti Abu Qotadah Al-Anshory r.a. yén Rosululloh pernah ditanya ngeunaan puasa dina poéan Arafah, tuluy anjeunna ngajawab, “Puasa éta mupus dosa-dosa taun nu geus kaliwat jeung taun anu bakal datang.” (HR Muslim).

Terus dina hadis séjénna, ngajelaskeun yén Rosululloh ngahulag puasa dina dua rupa poé, nyaéta ‘Idul Fitri jeung ‘Idul Adha. Terus ogé aya hadis anu nyebutkeun yén Rosululloh nyarita cenah poéan Tasyriq téh poéan pikeun barangdahar (dahar jeung nginum) sarta pikeun zikir ka Gusti Alloh.

Kalender Rayagung

Jadi lamun henteu bisa ngalaksanakeun puasa Rayagung ti mimiti bulan Rayagung, bisa ogé ngalaksanakeun puasana téh ngan ukur dina poéan ka salapan dina bulan Rayagung. Sakumaha dijéntrékeun dina hadis di luhur, puasa dina poéan ka salapan téh bisa mupus dosa sataun katukang jeung sataun anu bakal datang. Puasa ieu téh dilaksanakeunana husus pikeun jalma anu teu ngiluan Ibadah Haji ka Mekkah. Da anu ngalaksanakeun Ibadah Haji mah eukeur ngalakukeun Wukuf di Arofah bisa henteu ngalaksanakeun puasa sakumaha anu dilakukeun ku Rosululloh.

Sedengkeun dina poéan saterusna mah, poéan ‘Idul Adha (tanggal 10 Rayagung) jeung poéan tasyriq (tanggal 11, 12, 13 Rayagung, teu meunang ngalaksanakeun puasa.

Sirah Cai jeung Kahirupan


Cai teu bisa dipisahkeun tina kahirupan jalma. Jalma dina nyorang kahirupanana teu bisa leupas tina cai. Jalma teu bisa hirup lamun euweuh cai. Cai jadi hiji modal kahirupan jalma.

Di pilemburan mah, cai téh biasana kaluar ti sirah cai. Sirah cai jadi kokocoran cai ti jero taneuh anu saterusna mah ngocor ka tempat anu leuwih handap, mapay solokan, wangan nepikeun ka walungan anu ditungtungan ku sagara di lautan atawa situ.

Cai ti sirah cai saméméh ngocor ka wahangan, bisa dimangpaatkeun jeung diala pikeun kapentingan hirup jalma, bisa dipake beberesih atawa nginum jeung masak. Cai anu ngocor kaluar ti sirah cai gumantung kana kaayaan sakurilingeun éta sirah cai, utamana kaayaan alam jeung tatangkalanana. Sakumaha anu geus kamaphum ku urang, cai anu ngocor ti sirah cai téh asalna mah tina cai hujan anu teu langsung ngocor ka wahangan, tapi anu nyerep ka jero taneuh jeung diteundeun di dinya pikeun sawatara waktu saméméh dikaluarkeun atawa dikocorkeun. Cai anu nyerep téh nyangsang di jero taneuh anu dipinuhan ku akar-akar tatangkalan, kadang bisa ogé nyangsang dina dangdaunan anu minuhan éta tempat. Teu matak hémeng lamun dina  tempat kitu, taneuhna teh osok baseuh. Jadi anu ngaranna sirah cai mah biasana tempatna téh dipinuhan ku sabangsaning tatangkalan. Tatangkalan anu remen aya di sirah cai téh biasana mah rungkun awi.

Sirah cai

Supaya éta sirah cai téh langgeng tetep ngocor waé caina, éta sirah cai téh kudu dijaga kaayaanana, supaya ulah nepikeun ka tatangkalana dituaran. Komo nepikeun ka gundulna mah. Ieu kaayaan téh geus jadi hiji hal anu biasa di pilemburan mah. Urang lembur, taya anu hayang ngaharu ganggu kana tatangkalan anu jaradi di sirah cai. Sanajan tatangkalanna geus galedé ogé, diantepkeun waé. Lamun perlu awi, paling ogé saperluna waé.

Malahan lamun nengetan jaman béh dituna mah, anu ngaranna sirah cai téh kacida dipupustina. Sirah cai téh jadi tempat anu ahéng atawa karamat. Taya anu wani ngaganggu. Arék kukumaha ogé diantepkeun waé.

Ngaroroték


“Mon manéh apal hartina ngroroték?” Ceuk si Acim ka si Omon basa maranéhna arulin di sisi lembur.

“Naon kitu?” Si Omon malik nanya.

“Jawab heula atuh.”

“Apanan matak nanya ogé teu apal.” Témbal si Omon.

“Bisi waé manéh geus apal. Da ngabéjaan anu geus apal mah keur naon.” Ceuk si Acim teu buru-buru ngabéjaan hartina.

“Heueuh naon atuh?” Si Omon maksa.

“Sakeudeung heula atuh.” Si Acim ngarénghap heula.

Si Omon teu nyarita deui. Manéhna ngadagoan caritaan si Acim satuluyna.

“Basa aya kénéh jenatna nini kuring, kuring osok diajak ngaroroték ku nini kuring ka kebon.” Ceuk si Acim ngamimitian nyarita.

“Terus…?” Si Omon megat caritaan.

“Nya saterusna mah kuring téh mantuan nini kuring ngaroroték.”

“Kitu nya…?”

“Heuheuh.” Si Acim unggeuk.

“Ari ngaroroték téh naon atuh?” Si Omon mencrong.

“Ngaroroték téh nyaéta…, ngala suluh. Ngan biasana mah suluhna téh anu laleutik, sabangsaning régang atawa dahan anu laleutik.” Ceuk si Acim.

“Ih, sugan téh naon. Sugan téh anu anéh.” Ceuk si Omon siga anu handeueul. “Borona mah dibandungan.”

Si Acim ukur nyenghél.

Suluh