Naon atuh ari AudaCity téh?
AudaCity téh mangrupakeun pakakas anu bisa dipaké pikeun ngolah audio dina komputer. Ngolah audio atawa sora ieu bisa diwincik dina hal-hal saperti ngarékam sora sacara langsung, ngarobah sora tina tip jeung rékaman jaman baheula kana rékaman digital jaman ayeuna, misahkeun sora jeung ngarobah panjangna rékaman, jeung loba deui kagunaan séjénna.
Program AudaCity disadiakeun kalawan haratis, kusabab éta program atawa pakakas téh dimekarkeun atawa diwangun ku jalma réa ti sakuliah dunya, anu tujuanana supaya bisa digunakeun kalawan haratis.
Kapinunjulan anu aya dina AudaCity diantarana waé, nyaéta:
- Ngarojong rekaman loba saluran tina mik, jalur asup (line input) jeung sumber sejenna
- Narima (ngimpor) jeung ngirim (ngekspor) sora tina atawa kana wangunan WAV, AIFF, AU, Ogg Vorbis jeung MP3
- Ngarobah jeung ngahijikeun gedena sora ngagunakeun pakakas ngagambar jeung fade
- Geus diterapan rupa-rupa epek saperti Echo, Phaser, wahwah jeung Reverse

Anu merlukeun program AudaCity bisa ngundeur éta program tina situs http://freeaudacitydownload.com/download/ atawa klik di dieu.