Naon pakaitna antara Bulan Rayagung jeung Bébésanan atawa Hajat Panganténan?
Pikeun urang Sunda hususna, duanana aya pakaitna. Kakait anu kacida raketna jeung deukeutna. Loba kolot anu milih ngalaksanakeun hajat panganténan budakna dina ieu bulan. Jadi, pakaitna mah nya dina bulan ieu téh jadi bulan maréma anu hajat panganténan.
Loba jalma (kolot) ngabogaan anggapan ngeunaan alusna jeung agungna bulan ieu. Dina bulan ieu aya poéan anu agung nyaéta poéan ‘Idul Adha, Ibadah Qurban jeung Ibadah Haji. Kusabab kitu teu saeutik kolot anu milih ieu bulan pikeun ngayakeun hajat panganténan atawa bébésanan. Tujuanana mah supaya meunang barokah dina ieu bulan.