Supa jeung Suung


Supa jeung suung jadi dua kadaharan deungeun sangu anu kacida nikmatna reujeung alus pikeun kaséhatan. Ngan duanana ogé teu gampang dipanggihanana. Da di lembur mah euweuh anu ngahajakeun melak supa jeung suung. Suung atawa supa beubeunangan téh biasana mah meunang néangan ti kebon atawa leuweung. Naha bisa dihaja néangan atawa teu kahaja. Lamun eukeur usumna mah, nya bisa waé ngahajakeun néangan. Lamun teu keur usumna mah bororaah neangan, najan teu ngahaja ogé moal manggihan. Supa biasana mah euweuh usumna, sedengkeun suung biasana mah aya usumna.

Naha bet béda?

Suung

Da bener pisan, supa jeung suung mah béda. Sanajan duanan kadang osok pahili jeung lamun dina Bahasa Indonesia mah, sarua waé ngaranna téh, tapi suung jeung supa bisa dibédakeun. Utamana mah tempat jadina éta suung jeung supa. Lamun suung mah biasana jadina téh dina taneuh, sedengkeun supa jadina téh dina urut tatangkalan atawa tunggul anu geus paéh.

Ari rupa-rupana éta supa jeung suung téh lumayan loba ogé jinisna. Diantarana waé: supa saninten, supa lémbér, supa lumar, jeung nu séjénna. Sedengkeun ari suung diantarana waé: suung tanduk, suung bulan, suung paré, suung rampak jeung anu séjénna.

Supa lember (asal foto: internet)

Salian ti éta aya deui jinis suung anu teu bisa didahar nyaéta suung weureu. Sakumaha ngaranna, suung anu ieu mah lamun didahar téh bisa matak weureu.