Kadaharan Kakarén Lebaran


Dina poéan lebaran mah biasana kadaharan téh osok sagala diayakeun. Anu biasana aranglangka aya ogé, biasana mah ngahaja nyieun atawa ngolah éta kadaharan. Kadaharanana mah biasana teu jauh tina kadaharan anu diayakeun waktu mapag bulan puasa. Aya sababaraha jinis kadaharan anu osok diayakeun dina mapag poéan lebaran téh (jadi éta kadaharan téh osok aya dina poéan lebaran). Kusabab dina poéan lebaran mah lumayan loba anu ngaranna kadaharan téh, jadi tara nepikeun ka béak dina sapoé dua poé. Eta kadaharan téh osok nyésa. Komo deui kadaharan anu bisa diteundeun lila mah, osok jadi kakarén lebaran.

Kadaharan kakaren lebaran: Kanéker, akar kalapa, papais, opak, rangginang

Diantara kadaharan anu osok diayakeun dina poéan lebaran téh, jeung jadi kakarén lebaran téh nyaéta: papais (ngan kadaharan ieu mah tara kuat lila, paling sapoé atawa dua poé), kanéker (nyaéta kadaharan anu bahanna sarua jeung papais, ngan wujudna baruleud terus digoréng), opak ketan, rangginang, wajit, jeung kadaharan lainna.

Parebut Kuntung Roko


Dina mangsa urang lembur nyarekar, biasana mah osok marawa ududeun sagigireun mawa sintung kalapa téh. Ceuk paribasa mah cenah, pikeun nyuguh kanu disekarna atawa anu geus maot téa. Salian ti anu dua éta, osok ditambahan ku mawa cai sajalikén, rupa-rupa kekembangan jeung menyan. Malahan aya ogé anu mawa seupaheun lamun jalma anu disekar téh keur hirupna resep nyeupah. Kabéhanana téh saacanna indit ka kuburan osok dido’aan heula ku jalma anu dipikolot atawa jalma anu bisa. Nepi ka kuburan, terus waé mendekung ngado’a di gigireun kuburan kolotna atawa kuburan anu disekar. Ari kekembangan diawurkeun di luhureun kuburan, kitu deui cai meunang ngado’aan, dibanjurkeun kana kuburan nepikeun ka taneuhna baseuh. Sedengkeun sintung kalapa osok dipaké siga parupuyan lamun di imah mah, dijieun paranti meuleum menyan meunang ngado’aan nepikeun ka béakna, jeung haseupna ngebul ka awang-awang. Sanggeus kitu, biasana mah ditungtungan ku nyeungeut roko, atawa neundeun seupaheun dina luhureun kuburan kénéh. Satuluyna mah urang lembur anu nyekar teh balik ka lembur.

Seupaheun jeung Sintung kalapa di luhureun kuburan

Dina mangsa urang lembur marulang ti kuburan, barudak anu ngahaja arulin ka kuburan mah tara tuluy baralik. Caricing heula waé di kuburan bari ngarobrol. Sanggeus kolot-kolot anu nyarekar baralik, barudak téh ribut lalumpatan néangan kuburan anu aya seungeut rokoan. Barudak téh parebut roko anu tacan béak ku seuneu. Roko anu ngelun kénéh ku seuneu téh dicarokotan tina luhureun kuburan. Nya, itung-itung udud gratis, tibatan béak teu puguh, nya mending diudud. Ngan hanjakal euweuh barudak anu daék maliré kana seupaheun mah. Sanajan angger kénéh, tacan kacocéng, jiga anu arembungeun lamun kudu mawa seupaheun mah. Teuing ku naon…. Teu resepeun nyeupah meureunan…!

Hikmah tina Nyekar ka Kuburan


Geus jadi kabiasaan lamun di lembur mah anu ngaranna nyekar ka kuburan teh osok dipigawe waktu poean lebaran. Anu teu biasa ka kuburan oge, dina poean eta mah ngahajakeun pikeun datang ka kuburanana, nya ngahajakeun wae pikeun sataun sakali mah. Da lamun lain poe lebaran mah biasana ka kuburan teh arek nanaon. Kajaba pikeun jalma anu arek ka kebon atawa liar nyanyabaan anu jalanna ngaliwatan ka tempat kuburan. Tapi da eta mah ngan ukur ngaliwat wungkul ka kuburanana teh, lain ngahajakeun nganjang ka kuburan, nganjang ka tempat dikurebkeunana karuhun (kolot, nini aku, buyut jeung saterusna).

Dina poean lebaran mah, jalma-jalma teh ngalabring ka kuburan. Tujuanana mah ampir sarua, nyaeta seja ngalayad, ngalongok tempat dikurebkeunana anu geus maot (karuhun tea). Anu saterusna mah nya ngadoakeun supaya anu geus aya di alam kubur teh sing meunang panghampura ti Gusti, diperenahkeun di tempat anu alus jeung merenah sarta ditarima Iman jeung Islamna.
Nya geus kabiasaan, kuring oge osok ngadon ‘ulin’ ka kuburan teh. Nya itung-itung taun kali ka kuburan teh, nempoan kuburan karuhun: nini aki, jeung uyut.

Ngan aya anu beda dina taun ayeuna mah. Teuing ngan ukur rarasaan wungkul, atawa memang bener beda. Anu ngabedakeunana teh, anu ayeuna mah naha kuring teh henteu ti biasana nelek-nelek ngaran-ngaran jalma anu aya dina tutunggul eta kuburan. Diilik-ilik mah loba kuburan anu kawilang anyar keneh. Salian ti anyar keneh oge, aya sababaraha kuburan anu dieusian ku jalma anu sapantaran atawa rada sapantaran jeung kuring, malahan mah aya anu umurna teh sahandapeun ti kuring. Dipikir deui, anu kuburanana diilikan ku kuring teh geningan babaturan ulin kuring baheula waktu keur leutik. Kakara kuring sadar…, bener! Enya eta teh babaturan ulin baheula.

Ari ayeuna…? Tinggal tutunggulna anu bisa katempo teh. Da jasadna mah geus jadi taneuh….

Kuburan

Naha atuh bet aya rasa sieun…. Sanajan susah ngajelakeunana, tapi anu jadi bahan pikasieuneun teh, iraha atuh kuring nyusul eta babaturan. Kuring sieun lamun waktu kuring kudu nyusul eta babaturan teh dina kaayaan tacan boga bekel. Kuring sieun lamun kudu nyusul manehna dina waktu teu payus, dina kaayaan hade atawa alus.

Tapi sanajan sieun oge, kuring kudu sigep lamun kuring kudu nyusul manehna. Da anu ngaranna ninggalkeun ieu dunya mah taya anu apal, arek iraha jeung dimana. Ngan ukur Gusti anu apal. Hartina lamun kitu mah kuring kudu neangan bekel masing loba pikeun sampeureun jaga di alam kubur jeung alam saterusna.

Ngan aya anu pikahemengeun kuring. Pikeun kolot-kolot mah, ngomognkeun perkara ninggalkeun dunya teh da siga anu geus biasa wae. Anu ngaranna tilar dunya teh lain perkara anu kudu dipikasieun deui. Da ngabogaan kayakinan pasti kabeh jalma oge bakal tilar dunya. Jadi pikeun kolot-kolot mah perkara tilar dunya teh teu kudu dipikasieun deui, teu kudu tagiwur nyanghareupan maot.

Ari kuring, sanajan kuring oge yakin kana maot mah geus jadi hiji hal anu pasti, tapi tetep wae sieun mah aya wae. Sieunna teh lain nyanghareupan maotna, tapi sieunna teh kusabab tacan boga bekel, jeung sieun dina pas maotna teh eukeur ngalakukeun dosa atawa kagorengan….