Ninggalkeun Romadhon Mapag Syawwal


Sabulan campleng urang manteng,
Anu gawe atawa ngadon ngedeng,
Ngambah sagara lain na impleng,
Dibarung ku rasa keyeng,

Jog anjog ka pajaratan,
Sega mungkas bakal lekasan,
Ninggalkeun sagara pangbuian,
Ngambah hirup nu anyaran,

Tungtung nu ditunggu-tunggu,
Ayeuna geus henteu di ditu,
Isukan mangsa nu tangtu,
Bakal manggih poe anu kembu,

Teuteup bareubeu bungah sedih,
Ngahiji na dada ngalindih,
Sakeudeung deui bakal patebih,
Jeung lalakon beberesih,

Rasa bungah sugan jadi tanda,
Lubarna sagala dosa,
Pungkasna beresih tanpa ceda,
Mapag poe kalawan sampurna,

Ngan hiji nu dianti-anti,
Rasa sedih lain sajadi-jadi,
Susuganan ngajadi ciri,
Taun hareup panggih deui,

Wilujeng Boboran Shiam 1 Syawwal 1431H, Hiji nu dipiharep, bukakeun lawang panghampur, kanggo silih lubarkeun sagala dosa

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=464067566893)

Ari Sare mah Osok Sareupna


“Cim, apal teu manéh.” Ceuk si Duyéh ka si Acim.

“Apal naon ari manéh…?” Si Acim malik nanya.

“Eta, ceuk kolot kuring mah ulah saré sareupna cenah.” Ceuk si Duyéh ngajéntrékeun.

“Teu meunang nya…?’ Si Acim ngahuleng.

Si Duyéh unggeuk bari neuteup ka si Acim.

“Naha cenah, naon sababna…?” Si Acim panasaran.

“Teu apal kuring ogé. Ngan pokona mah ulah saré wanci sareupna. Pokona mah kitu.” Ceuk si Duyéh deui.

“Lamun kuring saré sareupna, kumaha tah?” Si Acim siga anu nangtang.

“Teu meunang. Pamali éta téh. Bisi matak….”

Si Acim ngahuleng.

“Tapi salila ieu kuring mah saré téh osok sareupna waé. Kumaha nya…?” Ceuk si Acim teu euleum-euleum.

Si Duyéh melong. “Tah éta téh kabiasaan anu goréng. Lamun kuring mah geus dicarékan ku indung kuring.”

“Dicarékan nya…?”

“Heueuh.”
“Tapi naha indung kuring mah tara nyarékan nya…? Kitu deui bapa kuring.” Ceuk si Acim siga anu héraneun. “Siga anu haré-haré waé.”

“Teu apaleun meureunan.” Si Duyéh nebak. “Tah ti ayeuna mah teu meunang saré sareupan téh. Bisi matak….”

“Bisi matak nya….”

Si Duyéh teu némbalan. Manéhna ukur unggeuk.

“Tapi, da geus biasa kuring mah.”

“Heueuh anu enggeus mah keun baé. Ngan ka hareupna ulah….” Si Suyéh ngawawadian.

“Terus lamun arék saré kudu kumaha atuh…?”

“Nya saré mah kitu waé. Ari manéh kawas anu acan ngalaman saré waé. Nya ari saré mah peureum atuh. Ngedeng….” Si Duyéh keuheuleun.

Sare (gambar meunang ngunder ti: http://josephraven.files.wordpress.com/2008/11/sleep1.jpg)

Si Acim ngan ukur nyenghél waé nempo si Duyéh rada ambekeun téh.

“Ari manéh lamun saré osok kumaha…?” Si Acim bagéan nanya ka si Duyéh.

“Nya sarua atuh jeung manéh. Peureum di mana-mana ogé anu ngaranna saré mah.” Si Duyéh rada teugeug.

“Lain kitu.” Si Acim rada ngagebés. “Manéh lamun saré osok sareupna lain?”

“Apanan tadi ogé kuring mah ulaheun. Pamali!” Ceuk si Duyéh keuheul.

“Lain kitu maksud kuring mah. Lamun manéh saré osok sareupna lain, kumaha reupna lain…?” Ceuk si Acim ngajelaskeun.

Si Duyéh ngahuleng. Mikir.

“Kitu lain? Lamun saré mah iraha reupna waé. Lamun geus reup mah peureum, pasti langsung saré.”

“Teu ngarti ah!” Si Duyéh ngejat.

Si Acim ukur mésem.

Hirup téh Papasangan


“Maha Suci Gusti Allah anu geus nyiptakeun sagalana papasangan, naha arék anu dijadikeun ku taneuh (bumi) jeung anu disagédéngeun maranéhna katut tina nanaon anu teu dipikanyaho ku maranéhna.” (Q.S. Yaasiin 36: 36)

Kitu kurang leuwih unina tarjamah Al-Quran surat Yaasiin ayat 36. Aya di luhur nuduhkeun yén sagala hal anu diciptakeun ku Gusti Allah di dunya ieu téh pasti papasangan, pasti aya pasanganana.

Ngan dina prak-prakanana dina kahirupan ieu, aya jalma anu ngabogaan sangkaan atawa pikiran yén anu hartina papasangan téh sakumaha papasanganana salaki pamajikan atawa hiji lawan hiji. Saurang salaki ngabogaan pasangan nyaéta saurang pamajikan. Pon kitu deui jeung jinis jalma, aya lalaki jeung awéwé. Anu tungtungna, lamun disanghareupkeun kana kaayaan yén hiji jalma téh teu ngabogaan jinis jalma (naha awéwé atawa lalaki), jadi bingung mana pasanganana jeung jiga kumaha pasanganana. Sedengkeun lamun niténan ayat di luhur mah jelas pisan yén sagala hal (mahluk) téh diciptakeun kalawan ngabogaan pasangan séwang-séwangan. Naha pasanganana téh bisa dipikanyaho kalawan gampang jeung jéntré atawa kudu ngaliwatan panalungtikan anu leuwih jauh.

Lalaki jeung Awewe (sumber gambar: internet)

Kusabab geus jadi hal anu pasti yén Al-Quran téh dijamin bener jeung aslina, hal anu disebutkeun di luhur téh teu bisa dipondah deui. Sagala rupa anu diciptakeun téh pasti aya pasanganana. Ngan anu garanna papasangan ieu, lain hartina jumlah atawa wangunanana hiji lawan hiji. Papasangan di dieu condong kana kaayaan atawa pasipatan anu béda atawa papalingpang, contona waé beurang jeung peuting, bener jeung salah katut senang jeung sedih.

Nurutkeun panalungtikan anu leuwih kahot, nanaon anu aya di dunya ieu téh dina jero-jerona mah dieusian ku dua jinis anu papasangan. Eta pangeusina téh mangrupakeun anu pangleutikna dina hiji hal (perkara, benda, barang) nyaéta atom. Dina atom, aya dua jinis pangeusi anu papasangan nyaéta éléktron dan proton. Dua jinis pangeusi ieu ngabogaan pasipatan anu béda jeung pasalia, anu hiji mah ngabogaan muatan positip nyaéta proton, sedengkeun éléktron mah muatanana téh négatip. Jadi lamun kitu mah dina dasarna sagala hal/benda/barang téh ngabogaan pangeusi anu papasangan.

Bener jeung Salah


Anu ngaranna kahirupan teu leupas tina dua hal, anu ngaranna papasangan. Sagala hal pasti aya papasanganana. Ti mimiti anu leutik nepikeun ka anu gedé, aya pasanganana. Pon kitu deui, dina hal anu dijalankeun ku jalma dina ngambah kahirupanan moal leupas tina dua anggapan atawa sangkaan: anu dilakukeun téh bener atawa salah. Bener jeung salah mangrupakeun dua perkara anu papasangan dina kahirupan ieu. Papasangan ieu mah salian ti papasangan ogé, kaduana mangrupkeun perkara anu pasalia atawa papalingpang. Duanana téh mumusuhan, moal aya perkara anu ngandung dua pasangan ieu. Lamun bener pasti bener, lamun salah pasti salah.
Jadi naon anu dipigawé ku tiap jalma, moal leupas tina dua hal éta.

Ngan anu jadi masalah téh, naon anu dianggap bener ku hiji atawa kalolobaan jalma téh naha bener-bener bener atawa salah. Naon anu dianggap salah ku hiji atawa kalolobaan jalma téh bener-bener salah atawa bener. Jadi kudu dipaluruh heula anu kumaha bener jeung anu kumaha salah téh. Kudu aya patokan atawa papagon anu bisa nangtukeun hiji perkara atawa pagawéan téh bener atawa salah. Ulah nepikeun ka hiji perkara anu dianggap bener téh, ahirna mah jadi salah. Kitu deui sabalikna.

Lamun dipakaitkeun jeung kahirupan di dunya, arék nanaonan jalma hirup di dunya ieu, anu ngaranna bener jeung salah téh pasti aya pakaitna reujeung kahirupan. Da anu diwengkuan ku bener jeung salah mah pastina ogé ngeunaan kahirupan di dunya ieu, ngeunaan laku lampah jalma dina ngalakonan kahirupanana. Dina ngalakonan kahirupan di dunya ieu, jalma geus dibéré papagon anu pasti, anu datangna ti anu nyipatkeun jalma. Ieu papagon téh ngawengku kana perkara-perkara anu bener jeung salah. Jadi lamun hayang apal kana naon-naon anu bener jeung salah, kudu apal kana eusi papagon anu geus diturunkeun ku anu nyiptakeun jalma.

Jalma salaku mahluk anu ngabogaan akal jeung haté, bisa digunakeun pikeun mikir jeung mutuskeun. Dina nyanghareupan kahirupanana, jalma bisa ngagunakeun pikiran jeung haténa pikeun nangtukeun hiji perkara téh bener atawa salah. Jadi salian ti papagoan anu geus tangtu, jalma ogé bisa nangtukeun perkara anu eukeur disanghareupan ku manéhna tur nangtukeun hukum éta perkara: bener atawa salah.

Bener jeung salah tacan tangtu bener jeung salah

Jadi salian ti papagon anu geus tangtu, akal jalma atawa haténa bisa mutuskeun hiji perkara ngeunaan bener jeung salahna. Ngan duanana tacan tangtu sapagodos ngeunaan hiji perkara. Anu dianggap bener ceuk papagon kahirupan, tacan tangtu bener ceuk pikiran jalma. Pon kitu deui sabalikna.

Anu mana atuh anu kudu dipilih téh? Naha papagon anu geus tangtu, anu diturunkeun kunu nyiptakeun jalma atawa kudu kudu pilih ceuk pikiran jalma?

Haseup Kapal Surutu


“Mon tempo ka dieu. Aya kapal gera….” Ceuk si Acim pahibut ka si Omon basa maranéhna eukeur di kelas.

“Aya naon ari manéh?” Ceuk si Omon bari gura-giru muru ka deukeuteun kaca di gigireun kelas, tempat si Acim nangtung baru ulak-ilik ka luar.

“Aya naon?” Si Omon nanya deui sanggeus manéhna deukeut ka si Acim.

“Itu aya kapal surutu.” Ceuk si Acim bari nuduhkeun ka awang-awang ngaliwatan jandéla kaca.

“Mana…?” Si Omon bari ulak-ilik.

“Itu…, mani bodas kitu….” Si Acim bari nuduhkeun kana gudat bodas di awang-awang.

“Éta mah lain kapal atuh.” Ceuk si Omon bari ngalieuk ka si Acim.

“Naha…, apanan anu bodas kitu mah kapal surutu lain?” Si Acim kerung.

“Lain atuh. Éta mah tapak kapal surutu.”

“Ih, manéh mah. Nya maksud kuring oge kitu. Maksud kuring mah tadi aya kapal surutu matak aya haseupna ogé.” Ceuk si Acim siga anu rada ambek.

“Tuda manéh mah salah méré nyaho.”

“Nya salah saeutik mah moal nanaon lain?” Ceuk si Acim bari nempo deui haseup anu ngagudat di awang-awang. Anu mimiti malencar.

“Wah sakeudeung deui oge bakal leungit gera.”

“Nya da moal bisa lila atuh. Bakal kabawa ku angin.” Ceuk si Omon.

Haseup kapal surutu (sumber foto: http://www.brianmicklethwait.com/images/uploads/WindyVapourTrail.jpg)

“Ka manakeun nya éta kapal surutuna?” Ceuk si Acim bari mikir.

“Tempo waé atuh, belah mana heula haseup anu tiheula leungitna. Hartina éta téh asalna kapal. Lamun disidik-sidik mah ka belah wétan.”

“Heueuh nya. Tapi sanajan acan leungit, tapi teu katempo kapalna nya. Sagedé kumaha kapalna kitu?”

“Nya ti dieu mah moal katempo atuh. Ngan lamun urangna deukeut mah, ceuk lanceuk kuring, gedé pisan cenah kapalna téh.”

Manuk Heulang Ménta Hujan


Kliiiik kliiiiik

Kliiiik kliiiiik

Kitu sora manuk heulang anu hiber di awang-awang. Sorana lumayan tarik, nepikeun ka kadaréngé ku urang lembur. Si Acim jeung si Omon anu eukeur jongjong ngala suluh di kebon Bah Minta, carengkat heula. Maranéhna nempo ka luhur, ngilik-ngilik ti lebah mana datangna sora manuk heulang.

“Mon, gancangan ah.” Ceuk si Acim basa geus manggihan lebah mana datangna sora manuk heulang téa.

“Sakeudeung deui atuh. Kuring mah da acan beubeunangan.” Témbal si Omon bari ngumpulkeun suluh beubeunanganana.

“Maenya…, apanan éta geus satumpukan kitu….” Ceuk si Acim bari nuduhkeun kana tumpukan suluh beunangna si Omon.

“Kakara saeutik éta mah.” Témbal si Omon.

“Tong lila teuing atuh nya.” Si Acim ngawawadian.

“Naha, mani tong lila teuing sagala?” Si Omon melong ka si Acim.

“Apanan bisi kaburu hujan.”

“Lila kénéh atuh hujan mah. Apanan ayeuna mah sakieu panasna.”

“Ih, siga anu teu ngareungeu waé manéh mah. Apanan bieu geus aya sora heulang disada.” Ceuk si Acim bari nempo ka awang-awang.

“Nya keun waé atuh heulang anu disada mah.”

“Ih, manéh mah. Apanan lamun manuk heulang disada kitu téh, tandana arék hujan.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh.”

“Ceuk saha éta téh?”

“Ceuk jenatna nini kuring.”

Si Omon mencrong ka si Acim. Siga anu panasaran.

“Teu percaya nya?” Si Acim malik melong. “Ceuk nini kuring mah cenah lamun aya manuk heulang disada klik-klikan, éta téh tandana manéhna menta hujan.”

“Ménta hujan?”

“Heueuh.”

“Naha bet ménta bujan sagala? Hayangeun huhujanan kitu éta heulang téh?”

Manuk heulang hiber (sumber foto: internet)

“Lain hayang huhujanan ieu mah. Ceuk nini kuring. Cenah manuk heulang mah lamun hayangeun nginum téh kudu tina cai hujan waé. Da manéhna mah ulaheun ti cai walungan.” Si Acim ngajéntrékeun.

“Naha cenah?” Si Omon panasaran.

“Sababna, baheulana manuk heulang mah teu milu mantuan nyieun walungan.”

“Kitu nya?” Si Omon siga anu teu percayaeun.

Masalah (Bagéan Ka-4): Masalah Panggedéna dina Kahirupan


Masalah anu panggedéa mah nyaéta lamun jalma geus teu satuhu kana kahayang anu nyiptakeunana. Tapi ieu lain masalah pikeun Gusti Allah. Da Gusti Allah mah teu kudu ngamasalahkeun ciptaanana. Perkara ciptaanana arék kukumaha ogé dina nyorang kahirupanna, moal nepikeun ka ngarudetkeun Gusti Allah.

Masalah ieu bakal balik deui ka jalma anu ngalakukeun atawa anu nyababkeun masalah. Manusa lolobana mah dina ngalakonan kahirupanna téh osok jadi masalah. Gusti Allah miharep supaya sakabéh ciptan-Na téh turut tumut ka Anjeunna, ngabakti ka Anjeunna, ngalaksanakeun naon anu jadi Paréntahan-Na. Tapi dina kanyataanna, lolobana jalma téh papalingpang reujeung naon anu dipiharep ku Gusti Allah. Nya, dina ngalalakon hirupna téh pinuh ku masalah, masalah anu bakal balik deui ka dirina. Akibat tina nyieun masalah éta bakal balik deui ka dirina.

Ngeunaan masalah ieu, sawaréh jalma nganggapna mangrupakeun masalah anu gedé, anu kudu gancang diungkulan. Ngungkulanana, taya teu jalan kajaba balik deui kana naon-naon anu geus digariskeun ku Gusti Allah. Sagala hal anu diparéntah ku Anjeunna dilakonan, sedengkeun anu dicaram ku Anjeunna dijauhan. Ku jalan kitu, masalah téh bakal réngsé munggu Gusti Allah.

Masalah dina ngajalankeun kahirupan (sumber gambar: internet)

Sedengkeun pikeun sawaréh jalma deui, aya anu nyangka éta téh lain masalah atawa nyangka mangrupakeun masalah anu leutik. Masalah anu teu kudu dijadikeun obrolan atawa dijadikeun masalah. Masalah papalingpangna antara kahayang Gusti Allah reujeung kahayang jalma, éta mah lain masalah deui. Da jalma anu hirup di dunya ieu mah kumaha anu ngajalanana, kumaha jalmana. Arék papalingpang ogé teu kudu tagiwur, teu kudu sieun.

Dina lebah dieu, aya dua golongan jalma anu ngajalankeun kahirupanana. Hiji golongan ngabogaan kahayang jeung milampah supaya kahirupan anu dilakonanana téh sarua jeung kahirupan anu dipiharep ku Gusti Allah. Sedengkeun di pihak séjén, golongan anu hiji deui, ngabogaan kahayang ngajalankeun kahirupanana téh kumaha maranéhanana. Di antara dua golongan ieu aya golongan anu bisa biluk ka mana waé, ka ditu hayu ka dieu bisa. Golongan ieu mah teu ngabogaan pamadegan anu kuat.

Dina perkara ieu, tinggal kumaha urang. Arék milih anu mana. Naha arék milih kahirupan anu sarua jeung anu dipikahayang ku Gusti Allah atawa arék milih anu papalingpang. Duanana ngabogaan jalan sewang-sewangan jeung tujuan ahir sewang-sewangan. Duanana moal pasalia di tungtungna….

*****

Tulisan anu saranggeuyan:

  1. Masalah (Bagean Ka-1): Naon Atuh Ari Masalah teh?
  2. Masalah (Bagean Ka-2): Jujutan Masalah
  3. Masalah (Bagean Ka-3): Sabagean Masalah dina Kahirupan