Wanci Sareupna, Barudak Kudu Ngarampih Bisi aya Sandekala


Wanci sareupna bisa jadi wanci anu kudu dijauhan pikeun jalma-jalma urang lembur, hususna pikeun barudak. Lamun wanci geus ngagayuh ka wanci sareupna, kolot-kolot biasana mah ngageroan budak-budakna pikeun gera ngarampih ka jero imah. Ulah aya budak anu kumawani ngulampreng atawa masih kénéh ulin di luareun imah. Kabéhanana kudu arasup ka imah. Ceuk basa mah cenah, bisi aya sandékala.

Nya biasana mah barudak téh narurut pikeun gagancangan arasup ka jero imah. Ngaringkeb waé di imah, ulah kaluar dina waktu éta. Tapi, kaayeunakeun mah dina waktu sareupna téh lolobana mah barudak téh arinditna ka masigit. Malahan mah dina wanci saacan sareupna ogé barudak mah geus arindit ka masigit. Lamun ngulamprengna arék ka masigit mah, taya ieuh anu ngalarang kolot-kolot téh. Da ka msigit mah kolot téh osok ngajurung-jurung. Sigana mah meureunan éta sandékala téh sieuneun lamun kudu manggihan barudak anu ka masigit mah.

Nincak wanci sareupna

Jadi, pikeun danget ayeuna mah barudak téh teu dilarang deui dina waktu sareupna arindit ka masigit. Béda jeung barudak anu henteu indit ka masigit. Anu henteu ka masigit mah biasa osok dicarék pikeun ngulampreng di luareun imah, kudu cicing di jero imah.

Terus, naon atuh anu ngaranna Sandékala téh?

Ceuk kolot mah sandékala téh mahluk anu pikasieuneun. Anu dipikaresep ku éta mahluk téh nyaéta barudak. Sedengkeun ari wujudna éta mahluk téh kacida gedéna.

Sanajan kitu, nepi ka ayeuna tacan aya kabéjakeun urang lembur anu nangénan atawa manggihan éta mahluk.

Ulah Saré dina Waktu Sareupna


“Duyéh, duyéh, hudang heula.” Indungna si Duyéh ngagero si Duyéh ka anakna ti tengah imah. Kituna téh pédah nempo anakna anu keur ngagojod waé di enggonna.

“Geus sareupna kieu.” Pokna deui bari ngabedega di lawang enggon si Duyéh.

Ari si Duyéh ngulisik, asa kagareuwahkeun.

“Naon atuh Ma.” Pokna bari gigisik.

“Hudang heula. Geus sareupna.” Ceuk indungna deui.

“Sareupna nya, Ma.”

“Heueuh.”

“Tunduh kénéh atuda, Ma.” Ceuk si Duyéh embungeun hudang.

“Maenya saré ti tadi masih kénéh tunduh.”

“Ari tunduh kénéh….”

“Hudang heula atuh. Geus sareupna ieuh. Engké ogé geus liwat sareupna mah sabataé arék saré deui ogé.”

“Kunaon kitu, Ma?”

“Pamali deuleu saré wayah kieu mah. Teu meunang saré dina wanci sareupna.”

“Kitu nya, Ma?” Si Duyéh neuteup.

“Heueuh. Matakna gera hudang.” Indungna si Duyéh keukeuh.

Anu dititah hudang téh mani kalékéd pisan hudangna.

“Gancangan atuh. Engké ogé arék saré mah sabataé.”

Nincak wanci sareupna

Si Duyéh kukuliatan, siga anu horéam hudang. “Sakedap atuh, Ma.”

“Ulah saré deui nya….” Indungna si Duyéh ngawawadian, bari terus indit ka dapur neruskeun masak.

Anu ditinggalkeun siga anu bingung. Hudang entong ieu téh…?

Ngabuburit: Mulung Cangkaléng


Wanci lingsir ngulon, si Omon geus nyampeur ka imahna si Acim dibaturan ku si Duyéh. Duana katempo marawa wadah palastik jeung péso. Nepi ka imahna si Acim, duanana ngageroan si Acim ti hareupeun tepas imah. Teu lila si Acim norojol ka luar.

“Aya naon, Mon?” Ceuk si Acim nanya ka si Omon bari nitenan babawaan si Omon katut si Duyéh.

“Urang ulin, yu?” Ceuk si Omon ngajak si Acim.

“Ka mana…?” Tanya si Acim.

“Urang mulung cangkaléng.” Si Duyéh mangnémbalankeun si Omon.

“Mulung cangkaleng?” Si Acim melong ka si Duyéh.

Si Duyéh ukur unggeuk.

“Di mana…?” Si Acim nanya deui.

“Di kebonna Bah Minta.” Ceuk si Omon.

“Naha saha kitu anu ngala cangkaléng?” Si Acim panasaran.

“Pokona mah hayu waé lah. Arek ngilu moal?” Ceuk si Duyéh embung kapapanjangan.

“Nya lamun loba kénéh mah hayu waé.” Ceuk si Acim bari neuteup ka si Duyéh.

“Nya mudah-mudahan loba kénéh. Da biasana mah tara kaala kabéhanana. Sok aya waé anu nyésa.” Si Omon méré jaminan.

“Sakeudeung atuh nya. Urang mawa heula pésona.” Ceuk si Acim bari léos asup ka jero imahna.

“Kadé poho wadahna.” Si Omon ngawawadianan.

Sanggeus si Acim mawa péso jeung wadah, tiluanana muru ka sisi lembur, muru ka kebonna Bah Minta. Kabeneran kebonna Bah Minta mah deukeut ka lembur téh. Di kebonna loba tangkal kawung. Sanajan henteu melak ogé, teuing ti mana binihna, da tangkal kawungna téh mani loba. Sakebonan loba kénéh tangkal kawungna tibatan tangkal kai. Teu héran lamun Bah Minta mah sanajan pakasabanana kana tatanén, tapi cenah untung kénéh tina nyadap. Da beubeunangan tina nyadap mah unggal poé.

Cangkaleng (sumber foto: internet)

Tiluanana terus muru ka deukeuteun saung anu perenahna di tengah kebon. Di luareun saung katempo aya urut durukan saperti hahawuan. Di sakurilingeunana loba cangkang caruluk meunang ngulub. Atuh tiluanana tuluy naréangan caruluk anu masih kénéh acan dipesékan, naha dihaja atawa kaliwat. Cenah mah éta caruluk téh urut ngulub dulurna Bah Minta anu ngahajakeun hayangeun cangkaléng.

Nya hasilna lumayan tiluanana ogé beubeunangan. Meunang cangkaléng sawadah séwang.

“Lumayan pikeun buka,” ceuk si Duyéh.

Sanggeus kitu mah tiluanana baralik ka imahna séwang-séwangan.