17 Agustus, Poéan Anu Ahéng?


Baheula mah anu ngaranna tanggal 17 Agustus téh katelah poéan anu ahéng atawa karamat. Kabéh jalma dina poéan éta téh kudu miluan atawa husu nujukeun pikiran jeung léngkah pikeun mapag éta poé, poéan merdékana nagara Indonésia. Dina éta poé téh kabéh jalma kudu ngareuah-reuah, minangka miéling kamerdékaan nagara. Lamun bisa mah apanan ngiluan miéling kamerdékaan ku jalan ngiluan upacara bandéra di désa atawa kacamatan. Lamun henteu bisa ngiluan upacara, nya datang ka tempat upacara téa pikeun ngiluan ngareuah-reuah, miluan ngaramékeun pawéy pembangunan. Lamun henteu bisa kénéh, nya cicing di imah ulah ka mamana.

Dina sakalieun ngalakukeun perkara anu taya pakuat-pakaitna jeung mieling kamerdékaan téh, osok aya istilah kakeunaan ku apes atawa matak cilaka. Pernah dina hiji waktu mah, aya urang lembur anu dina poéan mieling kamerdékaan téa henteu miluan ngareuah-reuah. Dina waktu batur daratang ka kacamatan, ari éta jalma kalahka indit ka leuweung pikeun ngala jéngkol. Dina waktu ngala jéngkol, éta jalma téh kalahka meunang cilaka, ragrag tina tangkal jéngkol. Ari parna mah henteu, ngan angger waé anu ngaranna cilaka mah. Tambah deui jadi mangaruhan jalma séjén, jeung mangaruhan kayakinan urang lembur. Sanggeus aya kajadian kitu mah, urang lembur téh ati-ati dina poéan miéling kamerdékaan téh. Lamun henteu datang ka kacamatan atawa désa téh, nya mending milih cicing waé di imah.

Bendera Negara Indonesia (sumber foto: internet)

Ku nyérélékna waktu jeung robahna jaman, kaayeunakeun mah, éta perkara téh henteu dipaké atawa kapaké deui. Poéan 17 Agustus téh teu pati dipiroséa. Komo lamun aya pakaitna jeung néangan pakaya dunya mah. Sanajan dina poéan 17 Agustus téh sawaréh jalma téh ngahajakeun daratang ka kacamatan pikeun upacara atawa pawéy, sésana (lolobana) mah nya ngalakukeun pakasabanana séwang-séwangan. Anu tatanén, nya datang ka kebon atawa sawahna séwang-séwangan. Anu perlu jukut atawa suluh, nya néangan kaperluanana séwang-séwangan.

Naha geus teu metu deui kitu ahéngna poéan 17 Agustus téh? Atawa gara-gara geus ganti pamingpin?

Ceramah Subuh Poé Kadua: Puasa anu Gagal


“Édas ayeuna mah manéh henteu nginjeum Buku Amal kuring?” Ceuk si Omon héraneun ku si Acim anu bet henteu nginjeum deui Buku Amal manéhna.

“Apanan kamari kuring geus jangji, lain. Moal nginjeum deui Buku Amal manéh.” Ceuk si Acim méré alesan.

“Heueuh nya….”

“Da ayeuna mah kuring ogé apal cara ngeusianana.” Pokna si Acim deui.

“Sukur atuh lamun kitu mah.” Ceuk si Omon bari seuri, “ayeuna mah bagéan kuring anu nginjeum atuh nya?”

“Nginjeum?” Si Acim mencrong. “Nya ulah atuh!”

“Naha bet ulah sagala?”

“Pokona mah ulah waé….” Si Acim teu méré alesan.

“Naon kitu eusi ceramah anu bieu téh?”

“Ah gampang éta mah.”

Buku Amal Ramadhon

Dina hiji hadis diterangkeun yén teu saeutik jalma anu puasa tapi ganjaranana ngan ukur lapar jeung hanaang wungkul.

Naon atuh sababna:

Sababna mah, éta jalma téh henteu ngajauhan tina perkara anu matak ngabatalkeun kana pahala puasana. Ari kana perkara anu matak ngabatalkeun puasana mah, dijauhan saperti henteu dahar jeung nginum atawa sapatemon. Tapi dina perkara anu matak ngabatalkeun kana ganjaran puasana mah, angger waé dilakonan saperti ngomongkeun batur, ngaraheutan haté batur, jeung anu séjénna.