‘Untung’, Antara Narimakeun jeung Sukur


“Untung teu nanaon. Batur mah cilaka mani parna.”

“Untung ngan ukur baréd saeutik. Batur mah nepikeun ka potongna.”

“Untung ngan ukur potong leungeun. Baturna nepikeun ka tilar dunya.”

“Untung paéh. Coba lamun hirup mah, bakal cacad.”

Kecap untung mangrupakeun kecap anu osok dipaké pikeun nyanghareupan hiji hal anu dianggap leuwih alus tibatan kaayaan séjénna. Jadi kecap untung téh dikedalkeun lamun manggihan kaayaan anu dianggap leuwih hadé. Ngabanding-bandingkeun éta kaayaan téh bisa robah tina hiji kaayaan kana kaayaan séjénna. Da dina prak-prakanana mah kabéh kaayaan ogé osok dianggap untung waé. Lamun dina hiji waktu mah kaayaan ieu teh leuwih alus tibatan kaayaan éta, dina waktu séjénna mah bisa tibalik. Bisa waé dina waktu anu séjénna mah kaayaan éta téh leuwih alus tibatan kaayaan ieu. Anu jadi pokona mah, nyaéta narima kana kaayaan anu karandapan, narima kana kaayaan anu kajadian. Jadi kecap untung téh bisa jadi kecap anu digunakeun pikeun narima hiji kajadian anu karandapan, sanajan lamun henteu karandapan mah tacan tangtu ditarimakeun.

Untung

Kusabab éta kaayaan téh geus kajadian, geus karandapan, teuaya deui kecap anu alus anu dikedalkeun kajaba narima éta kaayaan. Nya kecap untung ieu téh osok kedal, kaluar jadi kecap narimakeun kaayaan sanajan bisa waé henteu sapagodos lamun henteu karandapan mah.

Narimakeun kaayaan kana kaayaan anu karandapan, nyaéta kedalna kecap untung ieu téh bisa disebut ogé ciri sukur. Sukur atawa narimakeun kana kaayaan anu karandapan. Sanajan arék kumaha waé ogé narima. Sahenteuna, nya nitah sukur lamun kaayaan anu karandapanna téh ku batur atawa jalma anu diajak ngomong. Jadi salian ti jadi kabiasaan anu diucapkeun téh, bisa jadi éta kecap téh jadi tanda sukur.

Mudah-mudahan, kecap untung téh lain ngan ukur kabiasaan wungkul. Kabiasaan anu ngan ukur tanpa taya kecap anu dikedalkeun jeung teuaya maksud anu alus. Mudah-mudahanana mah sing jadi tanda sukur kana kaayaan.

Bookmark and Share

Ngabuburit: Mulung Buah Saninten


“Cim kamari manéh ka mana? Ditéangan ku kuring jeung nu séjén.” Ceuk si Omon ka si Acim wanci haneut moyan.

“Kuring mah aya waé di imah. Tibra kuring mah.”

“Ih manéh mah kana saré waé atuh.”

“Naon kitu? Apanan anu puasa mah saréna ogé ibadah. Kitu lain ceuk Mang Ahmad ogé.”

“Heueuh ari lebah dinyana mah. Ari ayeuna manéh arék saré deui…?”

“Ayeuna mah teuing nya. Naon kitu?”

“Urang mulung buah saninten yu?”

“Saninten?” Si Acim mencrong.

Si Omon unggeuk, tandana ngaheueuhkeun.

“Iraha?”

“Ayeuna atuh. Meungpeung acan panas.”

“Saha waé?”

Buah Saninten (sumber foto: http://thesaninten.files.wordpress.com/2009/07/castanopsis-argentea-buah-41.jpg?w=495&h=371)

“Nya lobaan atuh. Kamari ogé ka ditu. Ngan manéh anu teu ngiluan téh. Kamari mah lobaan.” Ceuk si Omon siga anu ngabibita si Acim.

“Hayu atuh. Kuring ka imah heula nya. Engké ku kuring disampeur ka imah manéh.” Ceuk si Acim bari indit ka imahna. Manéhna nyokot heula bedog leutik bogana, teu poho mawa koja pikeun wadah buah saninten beubeunangana. Sanggeus siap, manéhna muru ka imahna si Omon. Nepi ka buruan imah si Omon, di tepas geus aya sababaraha urang babaturanana, aya si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna. Malah budak awéwé ogé aya anu miluan. Teu lila maranéhna ngabring muru ka sisi lembur deukeuteun kuburan. Kabeneran di sisi lembur deukeuteun kuburan téh loba tatangkal anu galedé, sababaraha diantarana nya tangkal saninten. Barudak téh mencar muru ka unggal handapeun tangkal saninten. Maranéhna néangan buah saninten anu maruragan kusabab geus kolot atawa kabawa angin. Buah saninten anu katimu teh terus waé dipesékan make péso atawa régang, aya oge anu ditakolan maké batu supaya bencar. Sanggeus dipesék tina kulitna anu dipinuhan ku cucuk, diwadahan bawana séwang-séwangan. Kusabab bulan puasa, éta buah saninten téh teu bisa langung didahar atawa diasaan.

Bookmark and Share

Ceramah Subuh Poé Kadua: Tingkatan Puasa


“Mon manéh mah bisaan ngeusian ceramahna.” Ceuk si Acim muji ka si Omon.

“Bisaan kumaha?”

“Heueuh éta. Manéh mah bisaan ngaringkes eusi ceramahan.” Si Acim ngajéntrékeun, “kumaha carana?”

“Gampang atuh éta mah. Ceuk lanceuk kuring, lamun arék ngaringkes eusi ceramahan mah, pangpangna ceramahan Mang Ahmad, déngékeun waé dina tungtung ceramahna. Biasana mah Mang Ahmad téh osok nyieun kasimpulan. Jadi, ceuk lanceuk kuring mah, catet waé naon kasimpulanana.”

“Oh kitu nya. Kakara apal kuring mah.”

“Nya heueuh atuh.

“Bisa atuh…?” Si Acim melong.

“Bisa naon?” Si Omon malik mencrong.

“Éta, nginjeum Buku Amal manéh.”

“Manéh mah kabisa téh nginjeum jeung nginjeum waé.”

“Nya ieu mah anu panungungtungan lah. Isukan mah moal nginjeum.” Ceuk si Acim.

“Jangji nya…?”

“Heueuh lah.”

Hambalan

Saur Imam Al-Ghozali, jalma anu ngalaksanakeun puasa téh bisa dipisahkeun jadi tilu golongan atawa tingkatan:

  1. Shaum Umum, nyaéta puasana jalma biasa anu ngan ukur nahan lapar jeung hanaang wungkul. Pokona mah nahan tina anu ngabatalkeun puasana wungkul.
  2. Shaum Khusus, nyaéta puasana jalma anu salian ti nahan lapar jeung hanaang téh ogé nahan anggauta awakna tina ngalakukeun kagoréngan
  3. Shaum Khususil Khusus, nyaéta puasana jalma anu tadi ditambah jeung puasa haténa ogé.