Ceramah Subuh Poé Kahiji: Wajibna Puasa


“Cim, coba kuring nempo Buku Amal manéh?” Ceuk si Omon ka si Acim waktu maranéhna arék baralik ti masigit, sanggeus réngsé ceramah subuh.

“Naon kitu?” Si Acim bari nyumputkeun Buku Amalna kana jero sarungna anu disoréndangkeun.

“Teu nanaon.” Ceuk si Omon.

“Nya enggeus ari teu nanaon mah.” Ceuk si Acim embung kapapanjangan.

“Ngan ayeuna mah bagéan kuring nempo Buku Amal manéh.” Ceuk si Acim ka si Omon sanggeus mikir sakeudeung.

“Naha…?” Si Omon melong.

Buku Amal Ramadhon

Si Acim ukur nyenghél. “Teu nanaon. Hayang nempo wungkul.”

“Ah, ulah sok loba alesan kitu.” Si Omon nyelok, “kuring ogé apal.”

“Apal naon…?” Si Acim malik mencrong ka si Omon.

“Eta, manéh mah arék niron eusi ceramahan nya?”

Dikitukeun téh si Acim rada kaéraan pédah kanyahoan maksud manéhna.

“Lain kitu. Kuring mah arék nyaruakeun wungkul.” Si Acim méré alesan.

“Lamun arék nyaruakeun mah atuh, kuring nginjeum anu manéh.”

“Ulah anu kuring mah. Acan dieusian.”

“Tuh…, apanan acan dieusian. Arék niron nya ka kuring?” Si Omon nyelok deui.

Si Acim teu némbalan.

“Nya heug atuh arék nempo mah. Ngan di dieu wungkul nya. Ulah dibawa ka imah.” Ceuk si Omon ahirna mah éléh déét.

Sanggeus dibikeun mah, ku si Acim terus dibaca naon anu ditulis ku si Omon dina ringkesan eusi ceramahan. “Nu penting mah apal eusina,” kitu ceuk gerentes haté si Acim. Da manéhna mah waktu Mang Ahmad ceramah téh, kalahka tibra di juru bari diharudung ku sarung. Jadi teu apal kana eusi ceramahan Mang Ahmad.

Aya sababaraha hal anu aya pakaitna jeung puasa téh, dumasar kana Pidawuh Gusti Allah dina  Al-Quran surat Al-Baqoroh ayat 183.

  1. Anu digero dina Pidawuh Gusti Allah téh nyaéta jalma anu ngabogaan Iman.
  2. Anu ngabogaan Iman téh digero supaya ngalaksanakeun puasa atawa saum. Hukumna éta saum téh wajib.
  3. Wajibna saum téh lain keur umat Muhammad wungkul, tapi geus diwajibkeun ogé pikeun umat Nabi saacanna Nabi Muhammad.
  4. Tujuanana puasa téh nyaéta supaya jalma anu ngalaksanakeun puasa téh bisa ngahontal darajat Taqwa.

Ceramah Subuh


“Ma, Pa! Abdi mah tipayun.” Ceuk si Acim ka indung bapana waktu manéhna réngsé saur.

“Ka mana…?” Indungna si Acim héraneun.

“Apanan ka masigit, Ma.” Témbalna si Acim.

“Naha…, mani saget kitu.”

“Pan nyampeur heula si Omon atuh Ma.”

“Nya ari kitu mah. Tapi apanan acan mandi lain?” Indungna si Omon nyelok.

“Wios lah teu ibak heula ogé. Engké waé siang ibakna.” Ceuk si Acim siga anu kaéraan.

“Éy….” Adina si Acim nyindiran.

Si Acim molotot ka adina. Anu dipolototan kalahkan nyengir. Tapi teu kalalanjonan. Manéhna terus indit bari nyoréndang sarung dina taktakna. Kopéyah hideungna dicongclokeun dina sirahna. Ari leungeun kéncana mamawa Buku Amal. Manéhna muru ka imahna si Omon pikeun nyampeur batur dalitna ka masigit.

Wilujeng Ngalaksanakeun Ibadah Shaum

Indit ka masigit pangheulana téh lain tanpa maksud. Da peuting ogé geus diwawadian ku si Omon lamun hayang ngeunah waktu ngadéngékeun ceramah Subuh, datang ka masigitna kudu pangheulana. Lamun datang ka masigit pangheulana mah dina solatna bisa milih shof atawa jajaran kahiji jeung belah katuhu. Lamun meunang jajaran kahiji mah, dina ngadéngékeun ceramah subuhna bakal bisa milih tempat di hareup da tacan aya anu nempatan. Jajaran kahiji mah dina sasalamanana sanggeus solat téh osok pangheulana. Jadi bisa néangan tempat anu ngeunah. Bisa milih tempat di juru. Lamun tunduh téh bisa sakalian ngagojod tibra, sanajan eukeur ceramah ogé da moal pati katempoeun kunu ceramahna. Salian ti éta, lamun pangheulana mah bakal meunang tempat anu maké amparan, henteu langsung kana téhel.

Kabeneran maranéhna duaan, sanggeus datang ka masigit téh masih kénéh kosong. Di masigit téh kakara aya lima urang, kaasup Mang Ahmad jeung Bah Minta. Nya duanana sabataé néangan tempat anu alus: di jajaran hareup belah katuhu. Da lebah dinya mah anu bakal pangheulana sasalaman jeung imam.

Silih Anteuran Dahareun


Teu karasa waktu téh nyérélékna. Peuting anu sepi jempling geus ngagayuh ka wanci janari leutik. Ti masigit geus kadéngé sora anu nitah urang lembur harudang ngaliwatan TOA (spiker). Mun ngadéngé sorana mah siga sora Mang Ahmad. Nya ngadéngé kitu saurang-saurang, urang lembur téh harudang. Ibu-ibu mah langsung waé muru ka dapur, masak atawa ngahaneutkeun dahareun pikeun saur. Ari bapa-bapana mah biasana teu langsung harudang. Komo ari barudak mah najan dititah hudang ogé lolobana mah ngagojod waé, saré disimbut ku sarung.

Lila kénéh paribasana téh ka saurna ogé. Kitu alesanana téh.

Da bener ogé. Ari waktu saurna mah lumayan rada lila kénéh. Nya diantepkeun waé. Bari jeung arék naon hudang ogé, da dahareun acan asak. Kakara arék diasakan. Kajaba lamun arék mantuan masak di dapur.

Sanggeus bérés mah kakara dihudangkeun kabéhanana, bapana jeung budakna.

“Cim, gera hudang atuh. Gera sibeungeut kaditu….” Ceuk indungna si Acim ka si Acim anu eukeur saré kénéh di enggonna.

Anu dititah hudang téh teu langsung hudang. Manhéhna kukuliatan heula dina kasur, tunduh kénéh sigana mah.

“Gancangan, Cim.” Pokna deui.

“Sakedap,” témbal si Acim bari hudang. Lulungu kénéh.

“Engalan atuh, A.” Si Onah milu nitah hudang ka lanceukna. Manéhna mah da geus hudang ti tadi kénéh ogé.

Si Acim teu némbalan. Manéhna langsung ka luar ti enggonna, muru ka tengah imah. Di tengah imah geus nyampak dahareun mani loba. Sangu beureum dina boboko leutik, sedengkeun boboko gedé mah dieusian ku sangu bodas. Dina piring, lauk jaer meunang ngagoreng garing geus aya. Ditambah ku saun dina baskom kapalang. Daging hayam meunang ngangeun dina baskom leutik, ari meunang ngagoreng mah dina piring. Wah, bakal dahar ngeunah sigana mah, kitu ceuk pikirna.

“Gera sibeungeut ka ditu.” Ceuk indungna nitah sibeungeut heula. Indungna mah dibantuan ku adina eukeur pak-pik-pek wae mungkusan sangu dina daun cau, nyieun sangu timbel. Eta sangu téh terus diwadahan kanu boboko. Adina mah kabagéan mungkusan deungeun sanguna.

Si Acim terus ka dapur muru ka jamban. Di dinya geus aya bapana, anu sarua eukeur sibeungeut. Sanggeus réngsé sibeungeutna manéhna muru deui ka jero imah.

“Éta kanggo saha, Ma?” Pokna si Acim nempo indungna ngélék boboko bari indit ka luar.

“Apanan kanggo Bi Ilah.” Témbal indungna.

“Si Kenyi ka mana kitu, Ma?” Si Acim nanyakeun adina ku sesebutan Kenyi, nya minangka sesebutan pikeun Nyai atawa Nyi.

“Apanan keur nganteuran ka Bi Mamah.” Tembalna bari ngaleos muru ka imahna Bi Ilah.

Geus kailaharan di lembur mah, lamun dina mimiti saur téh osok silih anteuran dahareun jeung tatangga anu deukeut. Sanajan henteu wajib atawa kudu, tapi geus jadi kabiasaan. Nya itung-itung silih asaan dahareun sigana mah.

Tarawéhan


Ti masigit geus kadéngé sora anu méré béja yén mimiti peuting ayeuna dilaksanakeunana solat Tarawéh. Atuh urang lembur anu geus biasa osok ngiluan solat Tarawéh mah mani saraget pisan muru ka masigit. Dina peutingan ka hiji mah masigit téh pinuh kunu solat Tarawéh, malahan aya anu nepikeun ka émpér sagala. Kolot budak, aki-aki nini-nini, lalaki awéwé mariluan solat. Teuing pedah peutingan kahiji meureunan. Jadi lobaan anu ka masigit téh.

Dina prak-prakanana solat, teu bisa kabéh husu miluan solatna téh. Aya waé gangguanana, komo barudak mah. Anu ngaranna budak mah dina solatna téh osok dibarengan ku heureuy. Aya anu silih tincak jeung babaturan anu di gigireunana, aya anu silih dupak, silih sedekeun, jeung silih rojok sagala. Malahan mah aya ogé kolot anu kaasup tukang heureuy kalahka miluan heureuy. Ngan pédah teu kamalinaan, béda jeung barudak, ti mimiti nepikeun ka bérésna solat téh angger waé heureuy. Éta ogé lain  euweuh anu nyarék. Anu nyarék mah aya, malahan mah loba. Tapi anu nyarék mah nyarék, anu heureuy mah tetep waé heureuy.

Solat Tarawéh anu dipakéna téh nya 23 rokaat, 20 rokaat solat Tarawéh ditambahan ku tilu rokaat solat Witir. Nya lumayan rada lila ogé. Komo imamna Mang Ahmad mah, da maca Surat Al-Fatihah jeung Surat tambahanana téh rada anca. Jadi waé rada lila nepikeun ka bérésna téh. Béda jeung Mang Didin. Lamun Mang Didin mah rada gancang. Jadi kadang barudak jeung rumaja mah, lamun imamna Mang Ahmad mah osok nyaralsé waé solatna téh. Aya ogé anu solatna téh ngan ukur rokaat mimiti jeung rokaat tungtung wungkul, di tengah-tengahna mah henteu miluan. Nu penting mah katempo ngiluan solat waé. Komo barudak sakola anu kudu ngeusian Buku Amal mah, solatna téh lolobana mah pikeun ngeusian éta Buku. Teu kabéh kétang éta téh, masih kénéh aya anu husu dina solatna sanajan kudu ngeusian Buku Amal ogé.

Masigit

Sanggeus réngsé solat Witir, acan ogé sasalaman, barudak laleutik mah langsung riab ka luareun masigit. Pangpangna mah muru ka tempat neundeun bedug. Nya tujuanana mah pikeun nakolan éta bedug, ngadulag téa. Ngan da barudak leutik mah lain ngadulagna, ngan ukur milu raraméan nakolan kongkol atawa tihang bedugna. Da bedugna mah jangkung jeung loba anu teu bisaeun nakolna. Anu biasa ngadulag mah Mang Dadan.

Sanggeus sasalaman, anu ngiluan solat Tarawéh téh mimiti naringgalkeun masigit. Aya sababaraha urang anu ngadon dariuk di masigit, kaasup Mang Ahmad. Sigana mah arék Tadarusan.

“Mon, ku kuring disampeur waktu subuh nya….” Ceuk si Acim ka si Omon anu eukeur ngajanteng dina lawang panto masigit.

“Heueuh, ngan entong telat teuing nya, bisi teu kabagéan tempat.” Ceuk si Omon ngawawadian.

Si Acim unggeuk.

“Ari manéh arék ka mana kitu? Terus balik waé?” Si Omon nanya ka si Acim anu terus ka luar ti masigit.

“Nya heueuh atuh.” Témbal si Acim.

“Moal Tadarusan…?” Si Omon mencrong.

“Moal ah ayeuna mah. Paling peuting isukan.” Témbal si Acim bari ngaléos muru ka imahna.