Dikuramas


Waktu geus nyérélék waé. Panon poé geus ngiser lingsir ngulon, sakeudeung deui ogé bakal datang cicirén ti masigit. Sakeudeung deui bakal aya anu nakol dulag, méré tanda pikeun urang lembur anu arék dikuramas. Geus jadi kabiasaan, unggal arék ngalaksanakeun puasa téh urang lembur osok dikaruramas heula. Urang lembur téh marandi bari dianggir. Anggirna mah aya anu maké sampo aya ogé anu maké daun sampeu anu daunna téh paranjang leutik (sampeu naon nya…? Poho deui lah ngaranna mah). Tapi anu teu resep dianggir mah, tara dianggir, ngan ukur mandi biasa waé.

Atuh di tampian téh osok pinuh ku urang lembur anu ngadon dikuramas. Ngan kaayeunakeun mah, sanggeus nyarieun sumur, anu ngadon dikuramas di tampian téh ngan ukur anu teu bogaeun sumur.

Waktu beuki nyérélék….

Tampian

Teu lila, ti masigit geus aya anu nakol bedug, ngadulag méré tanda geus waktuna dikuramas. Atuh si Acim gura-giru indit ti imahna bari mamawa anduk. Manéhna muru ka imahna si Omon. Sanggeus nepi ka deukeuteun imahna si Omon, manéhna terus ngageroan si Omon ti buruan imah, ngajak buru-buru indit ka tampian. Sanajan manéhna jeung si Omon geus ngabogaan sumur, maranéhna ngahajakeun waé dikuramasna téh di tampian.

“Supaya ramé waé di tampian mah. Soalna lamun di imah mah moal ramé.” Kitu alesanana si Acim ka si Omon téh. Itung-itung ngolo supaya si Omon daékeun dikuramas di tampian.

“Saha waé kitu?” Si Omon masih kénéh acan satujueun.

“Nya jeung babaturan ulin urang, si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna.” Ceuk si Acim nataan babaturan anu séjénna anu bakal bareng dikuramas di tampian.

“Nya lamun kitu mah.” Ahirna mah si Omon éléh déét. Nyatujuan kana kahayang si Acim.

“Tapi engké sampeur ka imah nya?” Pokna si Omon méré sarat.

“Nya heug lah.” Témbal si Acim sanggeus meunang kapastian kitu mah.

Munggah


Sanggeus meunang warta anu nyebutkeun yén poéan mimiti puasa téh isukan, urang lembur mani haget pisan nyanghareupan poé isukan. Isukan téh geus asup kana bulan puasa. Rupa-rupa cara anu dilakukeun pikeun mapag éta bulan. Ti sababaraha poéna kénéh ogé, loba anu geus popolah pikeun mapag éta bulan. Aya anu nyieun opak jeung rangginang. Aya ogé anu meuncit domba atawa hayam. Anu teu boga atawa teu kabeuli, nya paling meuli lauk ti balongna Mang Engkos anu ngahajakeun dibedahkeunana téh unggal dina mimiti puasa. Lumayan pikeun mapag bulan puasa mah. Kabéhanana téh nya pikeun mapag bulan puasa. Supaya dina ngamimitian bulan puasa téh rada béda kadaharanana ti biasana.

Wilujeng mapag Sasih Shaum 1431 H

Buritna ibu-ibu mah kupruk-keprek waé di dapurna séwang-séwangan. Nyiapkeun kadaharan pikeun engké subuh, pikeun dahar saur. Ngahaja kituna téh supaya dina waktuna saur, tinggal ngahaneutkeun deui, teu kudu ngasakan kadaharan heula.

Lamun aya kulawarga anu jauh ogé saumpanana anakna anu eukeur nyiar élmu, di sakola atawa masantrén, osok ngahajakeun mulang heula. Supaya dina prak-prakanana mimiti puasa téh bisa ngariung sakulawarga. Ngariung ngamimitian puasa, pangpangna mah ngariung dina ngadahar kadaharan anu teu biasana, da kadaharan téh mani sagala diayakeun. Arék ngeunah atawa henteu, nu penting mah kadaharan anu henteu biasa téh bisa kaasaan ku kabéh kulawarga, ku jalma sakulawarga.

Mimiti Puasa


“Cim! Acim!” Si Omon ngageroan si Acim siga anu gumbira pisan bari nyampeurkeun si Acim anu eukeur diuk dina golodog imah si Duyéh.

“Kunaon ari manéh siga anu kaganggu waé.” Si Acim teu euleum-euleum.

“Ari manéh…. Teu kaop batur meunang kagumbira….” Si Omon melong ka si Acim. Tapi teu kateterusan kituna téh.

“Apal teu manéh, yén puasa téh mimitina poé isukan?” Ceuk si Omon deui sanggeus deukeut ka si Acim.

Wilujeng mapag Sasih Shaum 1431 H

“Teu…. Manéh apal ti saha kitu?”

“Ti lanceuk kuring atuh.” Témbal si Omon. Siga anu agul pédah boga lanceuk anu cicing di dayeuh.

“Iraha panggihna kitu?”

“Apanan poé kamari balik ka lembur.” Témbal si Omon bari diuk. Manéhna ulak-ilik ka jero imah si Duyéh, siga aya anu ditéangan. “Ari si Duyéh ka mana, Cim?”

“Di jero imah kénéh.” Témbal si Acim bari ngalieuk ka lawang panto imah. “Peré kitu lanceuk manéh téh?”

“Nya heueuh atuh. Da hayangeun munggahan di lembur.”

“Eta lanceuk manéh meunang warta ti mana kitu?” Si Acim melong ka si Omon anu diuk di gigireun manéhna, “apanan ka urang mah acan aya béja-béjana acan. Di urang mah acan aya béjana puasa téh iraha-irahana. Acan aya uar-uar tina TOA.”

“Nya di urang mah osok telat atuda.”

“Telat kumaha…?” Si Acim panasaran.

“Heueuh di urang mah béjana osok telat. Béda jeung di dayeuh. Di dayeuh mah cenah béja téh osok gancang nepina.”

“Kitu nya?”

“Bener….”

“Tapi puasana mah sarua lain?”

“Maksud manéh sarua kumaha?” Si Omon melong ka si Acim. “Dina ngalaksanakeunana mah nya moal béda atuh. Sarua waé di mamana ogé.”

“Lain éta. Maksud kuring mah, mimitina puasa mah sarua waé lain?” Ceuk si Acim ngajéntrékeun.

“Nya lamun mimitina isukan mah, nya sarua atuh. Ngan teuing tah lamun mimitina pagéto mah. Sigana béda.”

“Béda nya?” Si Acim nguji si Omon.

“Nya heueuh.”

“Nya ceuk kuring mah sarua waé atuh. Arék isukan atawa pagéto ogé.”

“Nya béda atuh. Isukan mah Jumaah, pagéto mah Saptu.”

“Kéla…,” si Acim megat caritaan si Omon. “Ceuk manéh anu bener téh, mimiti puasa iraha kitu?”

“Nya isukan atuh. Apanan ceuk lanceuk kuring ogé isukan.” Si Omon negeskeun pamadeganana.

“Ceuk kuring mah lain isukan.”

“Pagéto nya…?” Si Omon mencrong.

“Lain….”

“Iraha atuh?”

“Anu bener mah mimiti puasa téh tanggal 1 Romadon.” Ceuk si Acim bari nyengir.