Pieunteungeun Jeung Palajaran


Jaman baheula dina harti jaman anu geus kaliwat, mangrupakeun jaman anu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan jalma. Jalma hirup di dunya ieu teu bisa dipisahkeun tina rundayan waktu reujeung ranggeuyan ingetan anu nyangkaruk dina pikiran.

Rundayan waktu tetep aya reujeung teu bisa dipondah deui dina ka-aya-anana. Eta rundayan waktu teh tetep wae ngukuntit kahirupan jalma. Ti mimiti detik, menit, jam, poe, minggu, reujeung saterusna. Eta rundayan teh tetep marengan jalma. Jalma hirup ayeuna, aya dina waktu ayeuna. Jalma anu hirup dina waktu nu tadi, nya waktu anu tadi anu marengah renghap, kecap reujeung paripolahna. Jalma anu hirup engke, tangtuna bakal dibarengan ku waktuna sewang-sewangan.

Ranggeuyan ingetan, tetep bakal nyangkaruk dina pipikiran. Sapanjang manusa ngabogaan akal reujeung pipikiran katut ingetan teu lepas tina naon anu jadi ingetanana. Ingetan anu teu weleh aya reujeung mangaruhan kana rengkak paripolahna. Ingetan anu kadang osok diinget-inget atawa terus wae inget. Ingetan anu bisa oge dipopohokeun, pikeun sawarehna jalma.

Rundayan waktu reujeung ranggeuyan ingetan, ngakibatkeun ayana kaayaan yen jalma teh ngabogaan mangsa anu beda-beda. Aya mangsa anu geus karandapan, aya mangsa eukeur karandapan reujeung aya mangsana anu bakal datang. Eta tiluanana teh marengan kahirupan satiap jalma. Mangsa geus karandapan, eta mangsa geus kaliwat, mangsa kamari, mangsa baheula atawa mangsa cikeneh pisan. Ari mangsa ayeuna, mangsa renghap, kecap reujeung paripolah ayeuna nu keur dilakonan, mangsa anu dipake keur ngalalakon. Mangsa anu bakal karandapan, eta mangsa jaga, mangsa isuk jaganing geto, mangsa anu tacan katimu reujeung tacan kaalaman.

Rundayan waktu dihijikeun ranggeuyan ingetan, kadang osok jadi bahan pikeun ingetaneun reujeung aya kalana kacida mangaruhanana kana tingkah reujeung paripolah jalma. Inget ka jaman baheula, osok matak jadi poho kana jaman anu keur disanghareupan. Hade atawa goreng, bisa mangaruhan. Aya kalana jalma anu tetep dikukuntit reujeung asa diudag-udag ku mangsa geus kaliwat, naha kusabab ngalakukeun kagorengan atawa kahadean. Lamun goreng osok asa disingsieunan ku akibat reujeung kunaon bet ngalakukeun kagorengan. Lamun hade, diinget-inget kana eta kahadean, kacida alusna hirup teh.

Tapi, naha bet mangaruhan wae? Naha kudu diinget-inget wae? Sedengkeun kahirupan teu pernah balik ka mangsa anu geus kalakonan. Kahirupan (rundayan waktu) tetep maju, teu pernah sakali mangsa mah kahirupan teh eureun heula atawa mundur. Naha kudu kumaha atuh nyanghareupan kaayaan anu geus kaliwat teh? Naha tetep kudu dipangaruhan wae atawa ditinggalkeun salalawasna.
Kumaha atuh sikep jalma teh dina nyanghareupan ranggeuyan ingetan jaman anu geus kaliwat?

Taya deui anu bisa dicokot tina kaayaan baheula, tina naon anu geus karandapan, tina naon anu geus dilakonan, nyaeta naon anu geus kalakonan teh dijadikeun pieunteungeun atawa dijadikeun palajaran. Tapi anu kumaha anu bisa dijadikeun pieunteungeun teh? Reujeung nu kumaha anu kudu dijadikeun palajaran teh?

Lamun eta kajadian atawa lalakon anu geus kaliwat teh mangrupakeun hiji hal anu hade, mangka eta teh kudu dijadikeun palajaran. Eta hal anu hade teh kudu dijadikeun perkara tempat diajar, yen eta teh memang hade. Sedengkeun lamun anu geus kajadian teh mangrupakeun hal anu goreng, eta kudu dijadikeun pieunteungeun. Sabab lamun dijadikeun eunteung, jalma bakal apal yen anu kitu teh goreng.

Salin Jinis, Robah Alam


Layung di luhur gunung geus jucung
Kalangkang pating jurungkunung
Jiga anu ngajurung-jurung gera nangtung
Hamo ulah lali, hirup manjing ka tungtung

Warnana koneng ku matak aheng
Kade pancen anu malen-malen ulah kacoceng
Komo mung neangan nu saukur tameng
Loba anu seah loba anu saheng

Panonpoe tilem cahyana beuki melempem
Poma ulah asa aing kaalem
Ngeunah-ngeunah loba anu pelem
Bisi hirup jadi beuki ka kakerem

Beurang salin jinis jadi peuting
Sumanding, pipinding anu ngadalingding
Beuki ngeunah asa aya anu ngayun ambing
Naha aya, naha saha anu bisa mepeling

Sora gaang jadi reang, ku matak salempang
Hariwang, sieun teu manggih deui beurang
Taya jalan geusan balik mangsa ka tukang
Naha ayeuna, bet ayeuna waktu urang mulang

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/topic.php?topic=15050&post=89446&uid=88608078217#!/note.php?note_id=403982206893)

Mipit Kudu Amit, Ngala Kudu Bebeja


Rebun-rebun keneh pisan, si Acim reujeung si Omon geus indit ke kebon si Omon. Kabeneran harita teh keur pere sakola, jadi henteu arindit ka sakola. Duanana katempo nyaroren bedog leutik dina cangkengna. Ditambah deui si Acim mah bari mekel koja anu disorenkeun dina taktakna.

Duanana muru ke lebah kidul, ka sisi leuweung awi. Anjog ka sisi kebon, duanana kacida bungahna. Bener wae pepelakan di kebon teh keur usumna diala. Aya jagong, bonteng, kacang panjang, waluh, reujeung samangka, kapuhanan ari cau mah da taya usumna.

kebon

Atuh duanana oge papada bungaheunana pisan. Da balik ti kebon teh pastina oge bakal beubeunangan. Arek sagala diala anu geus arasak atawa karolot mah.

“Ayeuna ngala naon heula, Mon?” Ceuk si Acim ka si Omon anu miheulaan asup ka saung di tengah kebon.

Samemeh si Omon ngajawab, manehna jiga aya anu diteangan. Tapi teu kapanggih.

“Urang ngala bonteng heula wae supaya bisa langsung didahar.” Tembal si Omon.

“Hayu atuh lamun kitu mah.” Ceuk si Acim jiga anu teu sabar hayang gera gap-gap wae kana alaeun.

“Ari eta koja, gede teu?” Tanya si Omon ka si Acim bari ngilik-ngilik koja anu disorendang ku si Acim.

“Leutik ieu mah. Kumaha atuh…?” Si Acim malik nanya.

“Kumaha atuh nya. Da di saung oge euweuh wawadahan sabangsaning karung.” Si Omon ngahuleng.

“Urang talian wae atuh….” Si Acim mere bongbolongan.

“Ari maneh…, piraku bonteng, waluh are dibeungkeut?” Si Omon melong.

“Heueuh, nya….” Si Acim eraeun. “Nya kumaha engke wae atuh. Nu penting mah ayeuna urang ngala heula. Urang kumpulkeun.”

“Hayu atuh. Tapi omat, ngalana anu kolot wungkul nya. Anu ngora mah, ulah diala, antepkeun wae sina kolot.” Si Omon mamatahan.

“Tapi, ari bonteng mah pan alus keneh anu ngora. Anu kolot mah osok diantepkeun pikeun binih….” Si Acim melong ka si Omon.

“Nya…, kumaha maneh wae. Da kuring ma arek ngala jagong.” Si Omon bari ngaleos ka luareun saung.

“Ngala jagong? Naha…?” Si Acim teu kebal nyaritana. Da kaburu ditingalkeun ku si Omon. Manehna nyusul si Omon anu ngajugjug ka belah kidul, ka kebon anu dipinuhan ku tangkal jagong.

“Ari kuring mah kudu ngala bonteng nya…?” Si Acim nanya deui, sanggeus nyusul si Omon.

“Heueuh. Tuh lebah ditu. Loba gera bontengna.” Si Omon nuduhkeun ka lebah wetan. Bener wae lebah wetan mah loba areuy bonteng anu ngahunyud.

Si Acim muru ke belah wetan.

“Tapi, omat. Saacanna ngala maneh kudu bebeja heula….” Si Omon mapagahan.

Si Acim ngarandeg.

“Bebeja ka saha…?” Si Acim malik, nyanghareup ka si Omon. “Apanan geus diidinan ku kolot maneh oge. Komo ieu mah sasatna dititah….”

“Lain eta…,” Si Omon nyampeurkeun ka si Acim. Sanggeus deukeut manehna ngaharewos ka si Acim. “Bebeja teh kaanu ngageugeuh di dieu….”

Si Acim olohok. Melong ka si Omon. “Naha bet kudu bebeja kanu kitu sagala. Apanan anu bogana oge kolot maneh, lin?”

“Ih, da ieu mah ceuk kolot kuring keneh. Cenah kudu bebeja heula.”

Si Acim teu nyarita deui. Manehna rada handeueul. Naha boga babaturan teh masih keneh percaya kanu kitu…. Tapi teu lila, manehna muru ka beh wetan. Muru ka rungkun bonteng. Manehna tuluy ngalaan bonteng, dipilihan anu meujeuhna, henteu kolot teuing, henteu ngora teuing.

Keur segut ngalaan bonteng, si Omon ngagorowok, nyalukan si Acim.

“Cim…! Acim…! ka dieu heula…!” Ceuk si Omon, jiga anu reuwas.

“Aya naon, Mon…?” Tembal si Acim bari lumpat nyampeurkeun si Omon anu aya di kebon jagong.

“Aya naon, Mon?” Pokna deui sanggeus aya di deukeuteun si Omon.

“Tempo…. Itu tempo.” Si Omon bari tutunjuk ka lebah kebon jagong. “Jagong teh geu aya anu ngala….”

Si Omon bangun anu kaduhung jeung keuheul.

“Aya anu ngala…? Si Acim nelek-nelek ka tatangkal jagong anu dituduhkeun ku si Omon. “Bener oge….”

“Saha nya, anu wani-wani ngala jagong eta…?” Si Omon keuheul. Ngan teu bisa kukumaha.

“Eta sugan. kolot maneh geus ngala atawa encan?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Numatak nitah urang oge, kolot kuring mah acan ngala. Kakara ayeuna arek dialana oge ku urang.” Si Omon bingung.

Si Acim milu bingung. Diala ku saha atuh jagong teh? Mani teu bebeja heula? Lamun lain kunu bogana, tangtuna oge ku jalma sejen meureunan.

Pacampur Getih


Pasosore, sore tonggeret geus disarada. Si Acim keur dariuk reujeung babaturanana, Si Omon dina babangkuan anu ngahaja maranehna nyieun di handapeun tangkal kopi di sisi buruan imah si Omon. Maranehna kacirina eukeur guntreng wae ngobrol.

“Ari maneh, Mon osok ulin jeung barudak awewe tara?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Naha kitu?” Si Omon malik nanya.

“Henteu wae….” Si Acim embung terus terang.

“Nya osok atuh.” Ceuk si Omon bari nyarande kana tangkal kopi anu aya di tukangeun pangdiukan. “Da di dieu mah ulin teh salian reujeung budak lalaki oge reujeung budak awewe.”

Si Acim cicing.

“Ari maneh kumaha Cim?” Si Omon bagean nanya malik ngareret ka batur ngobrolna.

“Kuring mah tara, euy.” Tembal si Acim.

“Naha…?” Si Omon mencrong kana beungeut si Acim. Ari si Acim ongkoh-ongkoh wae.

“Teu kukumaha da….” Tembal si Acim deui.

“Eh, ketang, di tonggoh mah euweuh barudak awewe nya…?” Si Omon bari seuri ngaheureuyan si Acim.

Si Acim nyenghel. “Lain kitu.”

“Enggeus kumaha atuh? Kabuktianana kitu lain? Paling budak awewe teh adi maneh lain….” Si Omon asa meunang.

“Ih…. Lain eta alesanana atuh.” Tembal si Acim embung eleh.

“Terus naon atuh?” Si Omon mencrong ka si Acim.

“Ieu….” Si Acim ngahuleng. Jiga anu bingung.

Sedengkeun si Omon tetep mencrong, da hayangeun apal naon anu jadi pikiran si Acim.

“Maneh apal pacampur getih teu?” Si Acim neruskeun ucapanana, nanya ka si Omon bari ngareret ka si Omon.

“Pacampur getih…? Naon kitu?” Si Omon malik nanya.

“Heueuh. Apal teu?” Si Acim keukeuh.

“Naon heula ieu teh?”

“Apal teu? Jawab heula atuh…!”

“Henteu….” Si Omon ngelehan.

“Oh…, sugan teh apal.”

“Aya naon kitu? Bet nyabit-nyabit pacampur getih sagala?” Si Omon panasaran.

“Teu nanaon….” Si Acim embung terus terang.

“Ah…, sok kitu teh.” Si Omon ngarojok cangkeng. Si Acim ngajerete, reuwaseun. “Pastina oge aya maksud, lin. Da moal ujug-ujug, ojol-ojol tatanya perkara eta lamun taya sababna mah, nya…?

Si Omon ngaheureuyan si Acim, supaya kedal naon anu jadi pasualanana. Sedengkeun si Acim tetep tacan hayangeun balaka.

“Sok atuh, gera terus terang, aya naon ieu teh.” Si Omon maksa deui ka si Acim. “Mending keneh balaka. Da ku kuring ope moal dibeja-beja ka batur, komo lamun ieu teh rusiah mah. Kuring jangji, sumpah moal dibeja-beja ka batur.”

“Da ieu mah lain rusiah atuh.” Si Acim melong ka hareup.

“Tah komo lamun lain rusiah mah. Gera wakca balaka atuh.”

“Eu…,” Si Acim bingung. “Ieu, basa poe kamari. Basa kuring arek arulin reujeung barudak awewe di tonggoh, kuring teh dicaram ku indung kuring. Cenah kuring teh entong ulin reujeung barudak awewe.”

“Oh, kitu.” Si Omon unggut-unggutan. “Terus…?”

“Ceuk indung kuring, cenah tong ulin reujeung barudal awewe, da bisi pacampur getih….” Si Acim ngareret ka Si Omon.

“Oh kitu. Mun kitu mah kuring oge teu apal….”

Si Acim cicing.

“Lain tanyakeun atuh ka indung maneh…?” Si Omon mere jalan.

“Ah, embung, Era atuh….” Tembal si Acim.