Mikat Manuk


Basa di sisi leuweung reujeung di pasir masih keneh loba manuk mah osok aya anu mikat manuk. Manuk anu remen dipikat teh manuk toed, manuk jogjog jeung manuk cangkurileung. Mikat manuk ku manuk deui. Lamun boga manuk toed anakna, bisa dipake pikeun mikat indung toed atawa manuk toed indungna. Kitu deui lamun boga anak manuk jogjog atawa anak cangkurileung, bisa dipake pikeun mikat manuk jogjog atawa manuk cangkurileung indungna. Salian ti eta, manuk bikang oge bisa dipake pikeun mikat manuk jalu. Kitu deui sabalikna. Tapi lolobana mah da mikat manuk teh ku anakna. Sabab anakna mah gampang neanganana, bisa diingu ti leutik keneh meunang ngala tina sayangna.

Da nu ngaranna mikat mah kudu aya anu dipikat reujeung pikateunana atawa eupanna. Anak manuk bisa dipake pikeun mikat indungna. Parabot anu osok dipake pikeun mikat manuk teh nyaeta palangkring atawa tempat pikeun cicing manuk anu jadi eupan. Dina palangkring teh diteundeunan atawa ditambahan ku sabangsaning dadahannan tangkal. Dina dahan anu diterapkeun kana palangkring, ditapelan ku leugeut. Dimana-mana manuk anu kapikat tea nyampeurkeun kana palangkring terus eunteup dina dahan anu aya dina palangkring, tangtuna eta manuk teh bakal nincak kana leugeut tea. Nya biasana manuk teh hese leupasna. Geus kitu mah tinggal newak wae.

Manuk dina palangkring

Leugeut anu osok dipake pikeun ngaleugeut suku manuk teh nyaeta leugeut anu lumayan rapet, nyaeta leugeut teureup. Leugeut ieu rapet pisan, jeung osok dipake oge pikeun ngaleugeut turaes. Leugeut teureup ieu, neanganana gampang, tinggal ka leuweung, neangan tangkal teureup.

Rasa nu Boga Rasa


Rasa eta, enya da rasa eta
Tetep aya, tetep minuhan, tetep nyaangan
Nu nyangkaruk dina kalbu, beuki husu jeung tawadu
Nu sidengdang na manah, matak betah tumaninah
Nu nyarande dina hate, teu weleh mepende

Nyaangan na waktu taya anu nyaangan
Nu nungtun na waktu taya anu nungtun
Nu ngajurung waktu taya anu ngajurung
Ka mana nya lampah lalampahan
Muru ka mana urang nuju

Diipuk digemuk, supaya henteu buruk
Disiram, anu dicaram nepi ka param
Dicaangan, nepi ka pakarangan, ti tukang
Diteang didongkang ulah nepi ka ilang
Didama-dama, ulah kaserang ku hama

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/mr.vikersta#!/note.php?note_id=350579061893)

Lalar Liwat


Urang datang lain dina sawangan
Urang miang lain dina implengan
Urang midang lain ngan ukur sidengdang
Datang, midang, mulang, eta sewang-sewangan

Lalar liwat bari keupat
Di dieu ngan ukur sakocepat
Lir pelor anu ngabelesat
Moal lana, bakal aya anu ngembat

Ngalalana lain harti taya sudana
Ngalalana ngala dina reuma jeung babanda
Sampeureun bekel mangsa jaga
Mangsa ngalalakon nu taya kendatna


(Dicutat tina: http://www.facebook.com/mr.vikersta#!/note.php?note_id=318677886893)

Ngaleut Ngeungkeuy Ngabandaleut, Ngemat-ngemat Nyatang Pindang


Poe Salasa kabeneran sakola eukeur pere. Tapi, sabenerna mah lain pere, da barudak sakola teh sakuduna mah arindit ka kacamatan pikeun ngiluan upacara dina raraga milangkala kamerdekaan Indonesia. Enya, poe Salasa teh kabeneran ninggal dina tanggal 17 Agustus. Pikeun barudak kelas lima reujeung kelas genep mah, ku guru teh dikudukeun pikeun ngiluan upacara di kacamatan. Sedengkeun kelas anu dihandapna mah henteu kudu. Tapi lamun arek datang ka kacamatan mah moal dicaram.

Si Acim, katut babaturana salemburna milih ngiluan indit ka kacamatan. Tapi lain arek ngiluan upacara, da manehna mah kakara oge kelas tilu. Ti lemburna teh henteu bareng reujeung kolot-kolotna. Manehna mah milih indit ka kacamatanana teh reujeung babaturan sakelas katut salemburna. Aya meureunan kana tujuhanana mah. Ari adina si Acim, nyaeta  si Onah mah henteu milu, da dititah tunggu imah ku indung-bapana si Acim.

Ari kolotna si Acim, oge miluan indit ka kacamatan. Da kabeneran indung bapana teh jadi ‘pajabat’ anu diangkir kudu hadir waktu pawai pembangunan, cenah. Ari bapana jadi ketua RT, sedengkeun indungna teh pangurus di pengajian Al-Hidayah.

Si Acim katut babaturanana inditna teh milih jalan motong anu henteu ngaliwatan jalan gede, tapi mapay-mapay sawah reujeung sisi leuweung. Nya lumayan teu pati jauh dibandingkeun ngaliwatan jalan gede mah. Ari kolot-kolot ti lembur mah milihna teh ngaliwatan jalan gede, da geus garaya meureunan da arek pawai tea. Ti imahna teh geus garinding marake pakean dinesna sewang-sewangan. Anu jadi ‘gegeden’ di lembur marake pakean saragamna, anu jadi patani oge teu tingaleun maka saragam patanina (pakean paranti ka kebon ngan beresih, pacul katut dudukuy cetok). Anu jadi tukang dagang teu poho kana daganganana. Ti lembur keneh geus ngabring ka kacamatan.

Waktu Si Acim saparakanca datang ka kacamatan teh geus der upacara. Maranehna neangan tempat anu uih, di handapeun tatangkalan tonggoheun lapang maen ball. Di dinya lain ngan ukur maranehna wungkul, tapi loba oge nu lianna. Ngahaja meureunan neangan tempat anu jangkung reujeung uih supaya bisa nempo ka sakurilingeun lapang katut bisa dariuk rineh.

Sanggeus upacara, nincak kana pawai pembangunan. Masing-masing desa mintonkeun kaonjoyanana, supaya bisa jadi anu pangunggulna jeung jadi jawara. Jalma-jalma ngalabring ti jalan beh kulon, nuju ka tengah lapang ka hareupeun panggung paranti juri nganiley. Jalma-jalma teh mani ngaleut garinding, sagala dipake reujeung sagala dibawa. Aya anu mawa papayon anu eusina mararodel. Jalma ngalabringna teh jiga anu dikomando, leumpangna katut gayana sarua sarua reujeung babaturan anu sagrupna. Golongan patani ngantay patani wungkul, ibu-ibu pangajian ngabring reujeung rombonganana, barudak sakola oge teu tingaleun ngalabring sarombonganana. Tapi tetep, tiap desana mah mararisah.

“Cim. ari ti desa urang iraha nya?” Ceuk Si Omon ka Si Acim anu cicing di gigireunana.

“Duka teh teuing atuh nya. Da teu katempo kalangkang-kalangkangna acan.” Tembal si Acim teu kireum-kireum.

“Ih, maneh mah. Ditanya sabener-bener teh.” Si Omon keuheul.

“Ih, lain kitu. Da kuring oge teu apal. Teuing bagean ka sabaraha atuh. Da anu tiheula mah desa batur.” Si Acim ngupahan.

“Ceuk bapa kuring mah cenah bagean kaopat.” Si Duyeh milu nyarita.

“Kaopat nya…?” Si Acim mencrong ka Si Duyeh.

“Heueuh….” Tembal si Duyeh.

“Lila keneh atuh nya….” Si Omon melong ka rombongan jalma anu nuju ka tengah lapang.

“Nya lila pisan jigana mah. Tempo wae. Eta abringan jalma mani loba kituna. Mani ngaleut panjang pisan. Sakitu rarekepna teh, jigana mah acan sadesa-desa acan nya anu dinileyna oge.” Ceuk si Acim daria.

“Heueuh. Eta wae budak sakolana oge masih keneh jauh kitu.” si Atok anu ti tadi cicing, ngilu mairan.

“Jigana mah nepikeun ka beurang.” Si Omon ngarahuh.

“Nya urang tungguan wae atuh. Sing sabar. da engke oge bakal kabagean desa urang oge.” Si Duyeh ngupahan.

“Heueuh. Lain maneh hayang sangu tumpeng lain?” Si Acim nanya ka Si Omon.

“Nya puguh atuh.” Si Omon cenghar.

“Mun kitu mah sing sabar wae. Sanajan ngaleutna nepikeun ka iraha, najan nepikeun ka lohor urang tungguan wae atuh. Da engke oge bakal kabagean desa urang oge.”

Gugulusuran


Gugulusuran. Asal kecapna tina gusur (bener kitu?), terus diasupan rarangken tengah ul, jadi wae gulusur(?)

Naha leres kitu aya rarangken tengah -ul-? Da anu kapendak di sakola mah rarangken tengah teh mung ukur aya -ar-, -al-, sareng -um-. Janten, ieu kecap gulusur teh naha leres mangrupakeun kecap anu ditambihan ku rarangkeun tengah -ul-? Atanapi gulusur teh asal kecapna mah ditambihan ku rarangken tengan -al-, janten kecap galusur. Kusabab aya parobihan kecap jadi gulusur?

Tapi tiasa oge kecap gulusur teh mangrupakeun kecap mandiri anu teuaya atawa teu ngagaduhan asal kecap. Jadi kecap gulusur teh sanes kecap gusur anu ditambihan ku rarangken tengah -ul-. Da pami ditengetan mah, aya bentenna antawis gusur sareng gulusur. gusur mah biasana nandakeun dihaja, sedengkeun gulusur mah biasana nandakeun anu teu dihaja.

Eta mah nyanggakeun wae….

Gulusur teh biasana mah dipigawe di tempat anu mudun atawa lamping. Gugulusuran teh nyaeta barudak anu hareureuy di tempat anu lamping atawa mudun. Salian ti mudun teh, tempatna oge biasana mah rada leueur atawa sahenteuna nya rata henteu garinjul atawa darekok. Da lamun henteu rata mah biasana matak nyeri kana bujur, atwa matak soek kana calana/anderok.

Ari maen gugulusuran teh biasana mah bari diuk di tempat anu pangluhurna dina lamping atawa mudun tea. Sanggeus kitu, ngagulusur ka handap. Ngagulusurna bisa make tilam atawa henteu (ngan ukur ditilaman ku calana atawa anderok anu dipake wungkul).

Gugulusuran Make Upih

Salian di tempat anu mudun atawa lamping, gugulusuran teh bisa dipigawe oge di tempat anu datar atawa nanjak. Ngan ieu mah rada beda. Gugulusuran ieu mah biasana make tilam, ditambah oge osok aya budak anu narik eta tilam. Jadi dina gugulusuran ieu mah aya budak anu tumpak dina tilam aya oge anu jadi tukang narikna.

Tilam anu osok dipake mah biasana teh upih atawa lakop tina dahan tangkal jambe. Dahan jambe anu geus kolot osok murag. Dahan jambe anu murah ieu diarah lakop katut dahanna. Ari daunna mah dipiceunan, diraradan tina dahan jambe tea. Upih atawa lakop dahan jambe ieu dijeun amparan atawa tilam budak anu jadi panumpangna, sedengkeun dahanna dijieun paranti narik atawa ngagusur upih tea. Tah gugulusuran nu ieu mah bisa di tempat anu kumaha wae, teu kudu wae di tempat anu mudun atawa lamping.

Dina hiji upih teh bisa didiukan ku sababaraha budak, gumantung kana gedena upih reujeung kuatna budak anu ngagusur. Dina tampolana maen gugulusuran ieu, osok aya babalapan. Osok pagancang-gancang. Saha anu panggancangna eta anu meunangna.

Jadi dina maen gugulusuran ieu mah bisa dipake alat pikeun lomba. Salian ti eta oge, mangpaat anu katimu tina ieu kaulinan teh nyaeta kumaha ngamangpaatkeun barang-barang anu aya di sabudeureun atawa di sakurilingeun pikeun arulin.

Salian ti upih anu bisa dipake amparan pikeun gugulusuran, bisa oge make kai atawa karung goni. Tapi ieu mah biasana dipake eukeur ngalelemah nyieun tempat atawa ngaratakeun tempat anu bakal diwangun wangunan atawa imah. Gugulusuran ieu mah sakalian digawe mindah-mindahkeun taneuh ti tempat anu jangkung ka tempat anu handap. Da di lembur mah anu ngiluan digawe teh lain ngan ukur kolot wungkul, tapi budak oge osok ilubiung.

Paparahuan


Paparahuan tina dangdaunan. Diteundeunna di balong.

Daun anu bisa dipake paparahuan mah bebas. Bisa daun naon wae. Tapi anu biasa dipake nyieun paparahuan mah nyaeta daun anu teu pati rubak, terus oge eta daun teh nyarupaan kana parahu, rada melengkung jeung aya cerukan. Salasahiji daun anu osok dipake teh nyaeta daun marasi.

Tangkal marasi loba jadi di pakebonan saperti kebon kopi. Rungkun tangkal marasi mah saperti kongkoak tangkal kawung waktu keur leutik pisan, euweuh tangkalan. Tina akarna teh diteruskeun jadi dahan-dahan reujeung daunna. Anu osok dijieun paparahuan teh daun anu geus kolot jeung alus henteu sararoek atawa barolong. Daun marasi teh diteukteuk palebah puhu daunna.

Saterusna mah eta eta daun teh diteundeun dina cai balong. Cerukna atawa anu lengkobna diteundeun di luhur sakumaha parahu nyaan. Ari majuna eta parahu biasana mah make angin wae. Da lamun katebak angin oge bakal maju atawa bakal pindah, ngageuleuyeung. Ari majuna mah bisa ka tukang, bisa ka hareup, bisa oge ka gigir. Eta mah kumaha neundeun paparahuan reujeung ti mana datangna angin.

Mun hayang leuwih alus mah, bisa maju sorang, osok make budah odol atawa sabun. Alusna mah make budah odol. Eta budah teh diteundeun di tukangeun parahu, supaya ngayambah kana cai. Eta budah teh bisa ngadorong paparahuan.

Salian ti daun marasi, bisa oge make daun harendong leutik, atawa daun jujukutan.

Mangpaat Ieu Kaulinan

Mangpaat anu bisa diteuleuman tina ieu kaulinan teh diantarana wae:

  1. Kumaha cara nyieun parahu anu alus. Jeung mun leukeun mah ditengetan, dibarung dihijikeun atawa dikaitkeun jeung palajaran di sakola mah bisa dipake alat pikeun diajar, kunaon sababna eta paparahuan teh henteu titeuleum kana jero cai.
  2. Kumaha pangaruh angin kana parahu nyaan sakumaha pangaruhna kana paparahuan.
  3. Kumaha caranya supaya paparahuan bisa maju mun henteu make angin atawa euweuh angin.