Ukuran Anu Tangtu


Pasosore si Acim keur arulin di buruan reujeung babaturanana. Aya si Atok, si Duyeh, si Akum, si Juju jeung si Omon. Limaanna oge lalaki, genepan katut si Acim. Maranehna katempona pogot pisan dina arulinna. Maranehna duka teuing keur nyarieun naon atuh. Da nyarekelan peso reujeung bedog. Aya leunjeuran awi tali sababaraha hiji mah, lumayan paranjang.

“Cim, kuring nyieun naonna?” Ceuk Si Duyeh ka si Acim menta pagawean.

“Heueuh,  deek oge. Bagean naonna, Cim?” Si Juju miluan nanya.

“Sakeudeung heula atuh.” Tembal Si Acim. Manehna mikir heula sakedapan mah.

“Arek nyieun sabarah hiji kitu?” Si Acim malik nanya ka babaturanana.

“Nyieun hiji ewang wae atuh.” Si Atok mere saran.

“Hiji ewang nya…. Tapi, apanan awina oge ngan ukur aya opat. Moal mahi jigana mah.” Tembal Si Omon bari milang leunjeuran awi.

“Heueuh, nya….” Si Atok unggut-unggutan

“Mun opat mah, urang nyieun dua wae atuh.” Si Acim mere kaputusan. “Sanggeus beres urang babalapan.”

“Hayu lah. Urang piligenti wae, nya….” Si Omon bungah. “Ngan, kudu dibagi ti ayeuna. Saha jeung saha wae….”

“Nya sok atuh.” Ceuk Si Duyeh.

“Heueuh. Bagi ku maneh Cim.” Penta Si Juju.

“Sok wae bagi ku sewang-sewangan.” Si Acim embungeun. Manehna kalahkan milihan jeung mariksa leunjeuran awi.

“Ih, kumaha ieu teh. Mending keneh ku maneh, Cim. Supaya rata. Ulah anu pinter reujeung anu pinter deui.” Si Atok maksa.

“Sok atuh. Saha wae anu hayang ngahiji reujeung Si Atok?” Tanya Si Acim ka babaturanana.

“Naha bet kuring…?” Si Atok neuteup ka Si Acim.

“Pan maneh mah alus lumpatna.” Tembal Si Acim daria. “Terus saha anu arek ngahiji jeung Si Omon?”

Maranehna kabeh malikir.

“Ari kuring mah arek ka Si Omon wae.” Si Acim miheulaan mere kaputusan ka babaturanana.

“Nya sok atuh. Kuring oge milu ka Si Omon.” Ceuk si Duyeh, samemeh babaturan nu sejenna nyarita.

“Nya sok atuh. Da kuring jeung Si Juju mah teu bisa milih deui.” Ceuk Si Akum.

“Nya sok atuh masing-masing babagi tugas.” Ceuk Si Acim deui. “Kuring reujeung Omon nyieun tihangna, maneh mah Duyeh nyieun titincakanana wae, dua siki reujeung paseukna.”

“Nya sok atuh.” Tembal Si Omon reueung si Duyeh.

Genepanana migawe pagaweanana sewang-sewangan. Maranehna ngumpul jadi dua grup.

“Jangkung titincakanana sakumaha Cim?” Si Omon nanya ka Si Acim.

“Sakumaha nya…? Mun tilu jeungkal jangkung teuing moal nya….” Si Acim ngahuleng.

“Moal lah sakitu mah.” Tembal si Duyeh.

“Nya sok atuh mun kitu mah, jangkungna tilu jeungkal wae nya….” Si Acim nyatujuan.

“Ari panjang titincakanana sakumaha Cim?” Si Duyeh neuteup ka Si Acim.

“Nya sok wae arek sakumaha oge, nu penting mah cukup mun ditincakna.” Si Omon miheulaan nembalan.

“Nya, mun kitu mah sajeungkal oge cukup lah, nya…?” Si Duyeh menta panyatujuan.

“Nya sok.” ceuk Si Acim.

Sanggeus kitu mah tiluanana neruskeun hancana deui. Sanggeus beres terus dihijikeun. Titincakanana diterapkeun kana tihang jajangkungan make paseuk. Nu tiluan deui katempona oge geus beres nyieunna.

Kari nyoba jajangkunganana, naha kuat atawa henteu.

“Cobaan ku maneh Cim.” Penta si Duyeh.

“Ah, da kuring mah acan bisa pisan. Ku maneh wae Yeh, da maneh mah apanan geus biasa.” Tembal Si Acim.

Si Duyeh kapaksa nyobaan naek kana jajangkungan. Sanggeus naek terus leuleumpangan. Kitu deui grup Si Atok katempo geus nyobaan tiluanana oge. Sedengkeun ari Si Acim reujeung si Omon mah acan nyobaan.

Teu lila Si Duyeh balik deui kaanu duaan ti grupna. Jajangkunana digusur.

“Kunaon Yeh? Teu kuateun? Atawa kunaon?” Si Acim melong.

“Heueuh. Kunaon Yeh?” Si Omon oge panasaran. “Henteu labuh mah?”

“Lain kitu….” Si Duyeh eureun terus ngarekepkeun jajangkungan. “Rarasaan kuring mah asa jangkung sabeulah ieu teh.”

“Jangkung sabeulah…?” Si Acim panasaran bari ngilikan jajangkungan anu masih keneh dicekelan ku Si Duyeh. “Naha bet bisa nya? Apanan sarua lain jangkungna teh tilu jeungkal?”

“Bener. Da tadi kuring nyieunna tilu jeungkal.” Si Omon milu panasaran.

“Aya naon ieu teh…?” Si Atok nyampeurkeun, dituturkeun ku babaturanana anu duaan.

“Ieu cenah aya anu salah.” Si Acim nyokot jajangkungan ti leungeunna si Duyeh. Terus disaruakeun. Bener oge jangkung sabeulah.

“Ari tadi Mon ngukurna sabaraha jeungkal?” Si Acim malik ka Si Omon.

“Bener. Kuring ngukurna tilu jeungkal.” Si Omon ngabela sorangan.

“Tapi naha bet beda nya…? Padahal kuring oge sarua ngukurna teh tilu jeungkal.” Si Acim ngahuleng. Bingung.

“Nya pasti atuh….” Si Atok nyarita. ” Da jeungkalanana oge tangtuna oge beda. Sok wae ukur. Jeungkal maneh Cim jeung si Omon, moal sarua panjangna, sanajan ngan ukur saeutik.”

“Enya nya….” Si Acim melong ka si Atok. “Teu kapikir titadina keneh.”

“Ari maneh, Tok. Kumaha ngukurna?” Si Acim nanya ka Si Atok.

“Kuring oge sarua dijeungkalan, ngan jeungkalanan nu kuring duanana. Jadi jangkungna oge sarua da ukuranana ngan hiji, henteu dua saperti nu maneh, Cim.

“Oh kitu nya.”

“Nya heueuh atuh. Mun hayang sarua mah kudu aya ukuran anu hiji atawa mun loba kudu ngabogaan ukuran anu sarua. Da nu ngaranna jeungkal mah jarang anu ngabogaan panjang anu sarua. Aya bedana wae sanajan ngan ukur saeutik.” Si Atok ngajelaskeun. “Mun arek oge make ukuranana teh tina jidar atawa meteran. Da eta mah geus pasti ukuranana teh sarua. Naha arek di mana wae oge panjangna sarua.”

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Robih )

Google photo

You are commenting using your Google account. Log Out /  Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Robih )

Connecting to %s