Muat Suluh


Mun mangsana datang mobil treuk anu arek narik suluh meunang ngibik, barudak teh mani papada hayang kaajakan pikeun ngakutan suluhna. Saha anu teu hayang, da aya buruhanana. Sanajan buruhanana teu gede, tapi lumayan pikeun jajan mah. Eta oge pikeun budak anu resep kana ngakut anu beurat-beurat. Da budak anu hengker mah, langka anu miluan atawa diajakan.

Muat suluh samobil treuk teh biasana mah kurang leuwih ku genepan. Barudak anu laleutik bagean ngakutan, sedengkeun budak anu geus gede mah biasana bagean memeres suluh dina mobil supaya nyusun merenah.

Ari buruhan ngakutna lumayan pikeun jajan-jajan wae mah.

Di Tungtung


Teu apal
Teuing ku teu apal
Teuing atuh mani ku teu apal

Dianti ti tadi
Dicalukan ti baheula
Digupay ti sanggeyan
Dipapag ti beh ditu mula

Tungtungna geus katempo
Tungtung nu dituju geus enyay-enyayan
Tungtung deuleu lain dina tungtungna deuleu
Tungtung lain anu teu manggih tungtung
Tungtung anu geus nyampak
Tungtung anu geus nganti-nganti

Tungtung anu mungkas sagala hal, sagala rupa
Tungtung nu mungkas harepan
Tungtung nu mungkas sagala kahayang
Tungtung nu mungkas sagala kasenang
Tungtung nu panungtungan

(Dicutat ti: http://www.facebook.com/#!/note.php?note_id=237189816893)

Buruk-buruk Papan Jati


Hate mah bati ngajerit. Naha atuh nasib teh bet kieu. Naha salah naon, naha dosa naon atuh kuring teh?

[Padahal mah da loba nu ngaranna dosa mah, teu kaitung]

Cocoba teh asa beurat-beurat teuing. Da batur mah asa teu meunang cocoba anu saperti kieu teh. Naha kudu kumaha atuh kuring teh. Naha nepi ka iraha ieu cocoba teh arek aya di diri kuring. Mun menta tulung, menta tulung ka saha…. Mun kudu enggeusan, atuh kudu kumaha carana.

Nilik kana dedeganana mah teu nyirikeun atuda. Jeungna deui taya turunan kitu. Ditengetan ka luhurna, boh ti kuring boh ti bapana, da taya turunan goreng kitu. Pokona mah taya terah jadi jalma anu bangkawarah. Nini akina oge sarua da kalakuaanana aralus. Malahan mah jujtan ti bapanan mah apanan nyantri pisan. Akina teh apanan lulusan pasantren sababaraha pasantren, terus ayeuna teh jadi ustadz di masigit ageung.

Ari jujutan ti kuring, apanan sarua wae. Da kolot jeung karuhun ka luhur teh taya saurang oge anu jadi jalma tukang deleka. Naha atuh ari maneh, Acim, bet kabina-bina teuing.

Disakolakeun, ngan ukur ngaranna wae disakolakeun. Dipasantrenkeun, ngan ukur ngaranna wae jadi santri. Dikuliahkeun, ngaranna wae jadi mahasiswa. Ari kalakuan geningan bet jauh tangah ka langit. Gelar wae sarjana, ari kalakuan bet amit-amit. Teu hayang ema mah ngabogaan anak saperti kitu, ngabogaan anak saperti maneh, Acim!

Tapi, untung keneh bapana masih keneh aya kanyaah. Enya, kuring oge da masih keneh ngabogaan kanyaah. Cig, susuganan di tempat anu anyar mah maneh teh masing jadi jalma anu sadar, sadar saha maneh teh. Engke mun kaayaan geus aman, kakara ema bisa narima deui maneh datang ka imah. Ayeuna mah omat, omat pisan ulah waka hayang balik. Masih keneh loba anu neangan maneh. Omat ulah waka hayang balik ayeuna. Sanajan sadar ayeuna oge, omat ulah waka balik. Engke wae geus sababaraha bulan, kakara maneh balik ka imah.

Rorodaan: Rorodaan Gilindingna Tilu


Rorodaan teh mangrupakeun kaulinan barudak anu make gilinding. Roda teh mun dina basa Sunda mah gilinding. Tapi sanajan kitu leuwih dipikawanoh ku ngaran rorodaan tibatan gigilindingan. Rorodaan ampir sarua jeung momobilan, ngan anu ngabedakeunana teh ditempo tina jumlah gilindingna. Gilinding rorodaan mah biasana kurang ti opat, bisa tilu, bisa dua bisa oge hiji. Sedengkeun momobilan mah biasana gilindingna opat atawa leuwih. Dina wangunanana oge biasana mah aya anu ngabedakeunana. Wangunana momobilan mah biasana nyarupaan kana wangunan mobil nyaan. Sedengkeun rorodaan mah biasana henteu aya wangunana anu ngawengkuna. Rorodaan bisa dijieun kalawan wangunan anu bebas.

Sumber foto: http://www.facebook.com/note.php?note_id=170986280858#!/photo.php?pid=2860371&op=1&view=all&subj=170986280858&aid=-1&auser=0&oid=170986280858&id=39459917948

Rorodaan aya sababaraha rupa. Rorodaan aya anu osok ditumpakan ku barudak, aya oge rorodaan anu ngan saukur didodorong make tali atawa panyorong. Salian ti eta aya oge rorodaan anu osok dipake narikan wadah cai (jaliken atawa ember) ti tampian.

Rorodaan anu oso ditumpakan mah biasana gilindingna teh aya tilu, jiga bemo atawa sapedah gilindingna tilu. Dipajukeunana biasana di jalan anu mudun jeung rada rata henteu garinjul. Ari rorodaan ieu dijieunna tina kai papan atawa bahbir (kai panyesaan nyieun papan atawa tihang). Awakna diwangun ku wangunan kotak rada manjang ka hareup. Panjangna bebas, kumaha kahayang. Mun hayang bisa mawa leuwih ti saurang budak anu tumpakna, biasana mah rada dipanjangan. Wangunana sina kuat, dipakuan. Terus pikeun nyambungkeun kana setirna (dijieunna misah), biasana make leunjeuran tangkal kopi anu ukuranana kira-kira tilu ramo leungeun. Tapi teu aya patokan oge, da nu penting mah kuat pikeun nahan panumpang rorodaan. Di handapna diterapan gilinding dua siki, di kenca jeung katuhu. Gilindingna biasana dijieun tina papan atawa bahbir keneh anu dijieun supaya mangrupakeun gilinding (buleud). Dua gilinding ieu dihijikeun make as jiga as dina momobilan.

Sedengkeun setirna diwangun ku hiji gilinding jeung setir anu dijieun tina leunjeuran awi tali atawa awi nu sejenna. Minangka setangna dijieun tina dahan kai atawa tina awi keneh meunang ngaraut. Gilinding ieu diterapkeun kana awi minangka jangkana. Tengah-tengah awi tea dibolongan pikeun diasupkeun kana tangkal kopi anu aya dina wangunan awak rorodaan tea.

Saterusna mah setir jeung awak rorodaan teh dihijikeun. Palang tangkal kopi tea diasupkeun kana setir tina leunjeuran awi anu dibolongan tea.

Tinggal make di jalan anu mudun….

Aya sababaraha hal anu bisa dijadikeun elmu atawa pelajaran dina kaulinan ieu. Utamana wae ngeunaan:

  1. Kumaha cara nyieun rorodaan anu kuat. Nyieun rorodaan anu kuat kudu neangan bahan anu kuat. Papan anu kuat, palangna oge reujeung setirna oge dijieun tina bahan anu kuat.
  2. Mun ditengetan mah bisa dijieun bahan pelajaran elmu pasti anu diajarkeun ti sakola. Utamana wae elmu Fisika. Misalna wae elmu anu aya pakait jeung Gaya. Supaya rorodaa hayang lancar majuna, aya hal-hal anu bisa diterapkeun kana rorodaan. Nyieun gilindingna kudu buleud, entong penjol. Terus oge asna biasana teh osok diulasan ku minyak keletik supaya leueur. Terus oge biasana mah osok bisa dikira-kira nepi ka mana rorodaan teh majuna mun dina hiji jalan anu muduna sakitu. Supaya ulah ngeleuwihan bates, da teu salilana jalan anu dipake rorodaan teh panjang.
  3. Diajar motekar kumaha nyieun rorodaan anu alus. Da diantara barudak anu maen rorodaan teh osok tanding, pajauh-jauh majuna rorodaan atawa pakuat-kuat.

Kapahui


Pabeubeurang, si Acim geu balik ti sakolana. Di imahna kabeneran keur araya, indung bapa katut adina. Indungna eukeur di dapur ngagoreng kiripik sampeu, sedengkeun bapana eukeur nyugu kai di pipir imah pikeun papan meja. Sedengeun adina eukeur anyang-anyangan di hareupeun imah jeung babaturanana.

Sedengkeun si Acim sorangan eukeur gogoleran dina korsi di tengah imah bari nyenyekel buku bacaan. Keur maja buku ti sakola jigana mah. Teu lila ti harita, adina si Acim asup ka jero bari ngabejaan si Acim yen di hareup aya semah. Sapertina mah dulur keneh, cenah ceuk adina.

Si Acim noong ka luar ngaliwatan kaca jandela. Bener oge. Dulur anu beda lembur jeung budakna keur ngajanteng di hareupeun imah. Buru-buru manehna kaluar ngabageankeun semah tea.

“Eh, uwa geningan. Mangga kalebet, Wa.” Pokna bari ngajak sasalaman. ka Uwana jeung budakna.

Si Acim gura-giru asup ka imah meresan buku anu ku manehna eukeur dibukaan. Terus muru ka dapur ngabejaan indungna jeung bapana yen aya Uwana di lembur landeuh.

Sanggeus dibageakeun k indung bapana si Acim, Uwana teh diuk dina korsi di tengah imah. Terusna mah ngobrol gutreng pisan reujeung bapana si Acim. Si Acim mah ngan ukur ngabandungan wae di gigireun bapana, teu loba cacarita. Ari budak Uwana oge sarua wae cicing di gigireun Uwana si Acim.

Tapi teu lila. Da Uwana si Acim ujug-ujug nanya ka si Acim.

“Cim, arek neruskeun ka mana sakola teh?” Pokna teh.

“Duka atuh Uwa.” Tembal si Acim bari ngareret ka bapana. “Pami hoyongna mah ka SMA.”

“Oh, ka SMA nya….” Uwana si Acim unggut-unggutan.

“SMA mana kitu A?” Anakna Uwana si Acim ngiluan nanya ka si Acim.

“Eit, eta salah.” Gebes Uwana si Acim ka anakna. “Sanajan saluhureun oge, nyebutna mah lain Aa, tapi Ade.”

“Naha, kumaha kitu Wa?” Si Acim panasaran.

“Enya, sanajan jang Acim leuwih kolot tibatan Dedi, tapi Dedi kudu ngabasakeun Ade ka Acim.” Uwana si Acim ngajelaskeun.

Si Acim jeung Dedi tayohna tacan keneh ngarti naon anu dipimaksud ku Uwana si Acim.

“Kieu atuh. Apanan bapana Acim jeung Uwa teh adi lanceuk.” Uwana si Acim neruskeun omonganana. ” Jadi Acim ka Uwa teh pan perenahna teh Uwa. Jadi ka anak Uwa teh perenahna kapilanceuk. Jadi Acim ka Dedi teh perenahna lanceuk. Sedengkeun Dedi ka Acim mah perenahna teh kapiadi. Kitu…. Ngarti…?”

“Oh….”