Sampeu, Pepelakan Sagala Mangpaat


Saha anu teu wawuh kana tangkal sampeu…? Pikeun urang lembur mah asa harianeun mun teu apal teh. Tangkal sampeu mah mangrupakeun pepelakan anu loba mangpaatna jeung kacida gampangna dina melak katut miarana. Saha wae oge asal boga tempat (lahan) jeung binih sampeuna, melak sampeu mah pasti bisa. Da kacida gampangna melak sampeu mah, teu kudu boga kabisa atawa kaahlian nanaon.

Kebon Sampeu

Melak sampeu mah ngan ukur tinggal nancebkeun tangkal sampeuna anu meunang neukteukan. Tangkal sampeu anu leunjeuran panjang teh diteukteukan kira-kira 25 sentian mah. Tangkal sampeu meunang neukteukan teh dipelakeun kucara ditanceubkeun dina taneuh (lahan). Renggang antara tangkal nu hiji jeung nu sejenna kira-kira sameteran. Jero nancebkan kira-kira satengahna tina jangkung tangkal sampeu anu jadi binih sampeu tea.

Dina ngurusna, teu jadi masalah. Da ngurusna mah teu susah. Diantepkeun atawa henteu dicaangan oge henteu jadi soal. Tapi, nya leuwih hadena mah dicaangan mun lahanna barala ku jujukutan.

Ari mangpaat tina sampeu teh lumayan loba oge. Ti mimiti dauna nepi ka beutina aya mangpaatna. Kaasup oge tangkal reujeung kembangna.

  1. Ari beutina, nya da tujuanna melak sampeu teh utamana mah hayang diarah beutina. Beutina bisa diolah jadi mangrupa-rupa kadaharan. Lumayan loba kadaharan anu asalna tina sampeu. Salian ti diolah oge, sampeu bisa langsung didahar. Salian ti sampeuna, kulumud sampeu oge bisa dimangpaatkeun jadi kadaharan (deungeun) sangu, ngaranna teh biasa disebut kadedemes. Duka teuing meunang ti mana ngaran eta teh. Duka pedah jiga jelema anu kadedemes meureunan, ka kulumud sampeuna wae nepi ka diarah.
  2. Daun sampeu anu ngorana, bisa diarah jadi lalab atawa deungeun sangu. Naha ngan ukur ku diseupan jadi coel sambel atawa digoreng. Sedengkeun anu geus kolotna bisa dijadikeun parab domba atawa parab kelenci.
  3. Dahan sampeu, bisa dipake kaulinan barudak. Dahan sampeu osok dijadikeun nyieun wawayangan atawa puputeran. Bisa oge dijieun kongkorong-kongkorongan. Mun peperangan make karet, dahan sampeu osok dipake pelorna.
  4. Kembang sampeu. Mun anu apal mah, kembang sampeu teh osok dipake deungeun sangu. Asal bisa ngolahna, kembang sampeu bisa dijadikeun kadaharan anu lumayan nikmat.
  5. Buah sampeu osok dipakeu hareureuy ku barudak.
  6. Tangkal sampeu. Salian ti dijadikeun bibit pelak sampeu, tangkal sampeu oge osok dijadikeun parab domba. Mun barudak mah osok ngarah busa dina jero tangkal sampeu dijadikeun rorokoan. Tangkal sampeu oge bisa dijadikeun suluh.

Kudu Bisa Ngaji


Ngaji, dina harti ngaji Quran geus jadi kabiasaan pikeun barudak mah. Komo deui mun geus sakola di SD. Da ti keur leutik keneh oge, saacanna asup ka SD teh, barudak osok dititah-titah pikeun ngiluan ngaji ku kolot-kolotna. Jadi geus jadi kabiasaan mun barudak ngaji teh. Anu henteu ngaji, kakara disebut henteu biasa.

Salian ti dititah ku kolotna oge, kana ngaji teh geus jadi kabutuh oge pangpangna di sakola. Da di sakola osok ditanya ku guru ngeunaan ngaji ieu. Naha osok ngaji atawa tara. Nu kangaranan geus ditanya ku guru mah, tangtuna oge aya maksud pikeun ngaroris nepi ka mana kabisa budak sakola ngeunaan bagbagan agamana. Leuwih dituna deui, mun tara ngaji teh meureunan bakal pada moyok ku babaturan sakelas. Mangkaning babaturan sakelas teh henteu ngan ukur babaturan salembur. Jadi bakal papada nyaho.

Kumaha atuh mun tara ngaji…?

Nya kudu ngaji…! Minimal bisa maca Al-Quran. Leuwih jauhna deui apal ngeunaan bagbagan agama, ngeunaan elmu-elmu anu aya pakuat-pakait jeung agama. Elmu ibadah, elmu beberesih, jeung elmu kumaha supaya jadi anak anu soleh anu babakti ka kolotna, ka guruna jeung akur ka sasama.

Aya oge budak anu era lamun dititah ngaji teh. Nya alesanana teh era cenah, da geus jebrog (geus gede). Piraku geus gede tacan bisa nanaon….

Saur pun guru mah, mun era ngaji mah cenah kudu mawa gula.

Naon maksudna nya…? Nepi kaayeuna, tacan kaharti naon maksudna…!