Dina widang tatanen aya istilah-istilah anu remen dipake. Istilah-istilah anu osok dipake dina tatanen di kebon diantarana wae:
- Ngabukbak. Muka kebon atawa leuweung anu masih keneh loba tatangkalan pikeun dijadikeun lahan anu bakal dipelakan atawa dipake tatanen.
- Ngabaladah. Memener tempat atawa lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen.
- Nyacar. Meresihan lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen tina jujukutan jeung tatangkalan.
- Babad. Sarua jeung nyacar. Bedana, mun babad mah biasana make bedog, sedengkeun nyacar mah biasana make congkrang atawa arit.
- Ngahuru. Meuleuman tatangkalan meunang nyacar atawa babad.
- Ngadurukan. Meuleuman jukut jeung tatangkalan sesa ngahuru nepikeun ka beresih.
- Macul. Ngolah taneuh supaya lalempur kucara dipancongan make pacul.
- Ngawuluku. Ngolah taneuh ku jalan make tanaga sapi anu narik wuluku.
- Nemprang. Ngarempu-rempukeun taneuh anu masih keneh guluntungan meunang macul. Biasana make pacul.
- Ngarag. Miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul atawa nemprang.
- Ngaseuk. Nyieunan liang dina taneuh make aseuk (tongkat anu tungtung handapna diseukeutan) pikeun dipelakan bibinihan sabangsaning suuk atawa pare.
- Muuhan. Ngasup-ngasupkeun binih pepelakan kana liang meunang ngaseuk.
- Ngamalir. Nyieun jalan cai di kebon supaya ulah ngaganggu kana pepelakan.
- Ngagemuk. Merean gemuk kana pepelakan.
- Nyaangan. Ngalaanan jujukutan anu minuhan kebon anu dipelakan.
- Ngoyos. Sarua jeung nyaangan.
- Ngored. Miceunan jujukutan ti kebon make kored.
- Nyemprot. Ngabasmi hama pepelakan make panyemprot.
- Tunggu. Ngajaga kebon supaya ulah aya anu ngaganggu.
- Panen. Ngala pepelakan anu geus umurna diala.

Sedengkeun istilah anu osok dipake di lahan anu baseuh atawa sawah diantarana wae:
- Ngawuluku. Ngolah taneuh sawah make wuluku anu ditarik ku sapi atawa munding.
- Tebar. Nyieun pabinihan atawa melakeun binih saacanna dipindahkeun ka tempat melakna (sawah).
- Tandur. Melakeun binih pare ti tempat tebar ka sawah.
- Ngarambet. Miceunan jukut anu minuhan sawah supaya ulah ngaganggu pelak pare.
- Beuneur hejo. Kaayaan pare anu geus eusian tapi masih keneh warna hejo.
- Beuneur koneng. Kaayaan pare anu geus meujeuhna alaeun, geus beuneur atawa aya eusian jeung geus warna koneng.
- Dibuat. Ngala pare anu geus usumna diala.