Ngaleugeut Turaés


Inget sababaraha waktu anu kaliwat, basa ngaliwat ka taman Cilaki, aya sora anu ngagerét mani tarik tina luhureun tatangkalan. Kana sorana moal bireuk deui da geus biasa mun usum panen teh di lembur mah reang pisan sorana teh. Matak waas inget ka lembur, waas ku sorana anu reang, waas ku ngalana jeung waas ku ngadaharna.

Inget ka mangsa katukang, waktu keur di lembur keneh….

Nincak mangsa panen pare di huma atawa bisa disebut oge mangga mamareng, di kebon teh osok reang ku sora Turaes. Lolobana mah dina tatangkalan anu jarangkung saperti tangkal jeungjing jeung tangkal peuteuy.

Mun geus usum Turaes teh mani resep. Soalna ku pun Bapa osok diajak ngaleugeut eta Turaes. Ngala turaes teh tara jauh-jauh teuing, paling oge ka kebon anu rada deukeut. Kabeneran di aya tangkal peuteuy anu gede.

Ngan saacanna ngala turae teh, pun Bapa ngajak ngala leugeut heula ka leuweung sakalian ngala gantarna. Ari leugeut anu biasa dipake mah nyaeta leugeut teureup. Leugeut teureup lumayan cepel atawa rapet. Sanggeus ngala leugeut, terus ngala gantar tina awi tamiang. Ngahaja neangan anu panjang supaya bisa ngahontal dahan anu jauh.

Di kebon, pun Bapa mah naek kana tangkal jeungjing atawa albasiah digigireun tangkal peuteuy anu loba turaesna. Sedengkeun kuring mah cicing wae di handap da teu acan bisa naek anu jangkung, jeung barina oge arek naon da tacan bisa nanaon mun kudu ngaleugeut turaes mah.

Teu lila, kadenge sora turaes anu reang bari jiga anu haliberan tina tangkal peuteuy. Singhoreng teh kagebahkeun ku babaturanana anu beunang kaleugeut. Tapi sanajan geus balubar tina tangkal, tetep wae balik deui kana tangkal peuteuy eta. Jadi wae turaes teh henteu beakeun da tetep loba wae.

Sababaraha jam lilana, pun Bapa turun bari mawa kantong anu dieusi ku kantetan turaes anu jumlahna lumayan loba oge. Aya meureunan sababaraha puluh mah.

Di imah,turaes teh diberehan tina jangjangna, terus dibeulahan. Sanggeus disamaraan, terus digoreng.

Dijadikeun deungeun sangu, mani nikmat karasana.

Ngamimitian Tatanén


Dina bulan Séptémbér, jalma-jalma keur meumeujeuhna segut kana pagaweanana sewang-sewangan. Ma’lum, anu jadi patani. Manggihan usum hujan teh jadi kasempetan pikeun mitemeyan atawa ngamimitian tatanen. Sabenerna mah da nu ngaranna pagawean tatanen mah ti beh dituna keneh oge geus dimimitian. Kira-kira bulan Juli-Agustus, patani geus ngamimitian nyacar. Ngan waktuna melak mah nya dimimitian ti mimiti usum hujan.

Ti bulan Juli keneh geus ngamimitian nyacar kebon anu bala ku jujukutan atawa tatangkalan. Kajaba kebon urut pepelakan, anu henteu dipinuhan ku jukut, tara ieuh dicacar, cukup ku langsung di pacul wungkul. Sanggeus nyacar, jukut atawa tatangkalan anu laleutik meunang nyacarna didurukan atawa dipiceunan ka piheuleutan supaya ulah jaradi deui dina pepelakan. Nu matak dina nyacar mah biasana mah dina usum halodo keneh supaya jujukutanana gampang didurukna atawa gampang paehna lamun dipiceunan teh. Beda jeung geus usum hujan.

Beres ngadurukan atawa miceunan jukut meunang nyacar, biasana mah diteruskeun kana macul. Macul mah bisa dina waktu usum halodo keneh, bisa oge mun geus usum hujan. Mun usum halodo mah taneuhna rada lempur kajaba mun tapak katincakan oso rada teuas. Mun usum halodo mah taneuhna jadi rada liket, jadi gampang narapelna kana pacul.

Satutasna macul, diteruskeun kana nemprang jeung ngarag. Nemprang mah pikeun ngalempurkeun taneuh meunang macul anu guguruntulan galede keneh, sedengkeun ngarag mah pikeun miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul.

Beres eta, kakara bisa ngamimitian tatanen. Perkara tatanen mah kumaha bibinihan anu arek dipelakna. Aya pepelakan anu kudu diaseuk, aya oge anu kudu digaritan, ditancebkeun, jeung cara sejenna.

Anu biasana diaseuk mah bibinihan sabangsaning pare (di huma), suuk, jeung nu sejenna. Ari pepelakan anu biasa digaritan mah sabangsaning cikur, jahe, kacang taneuh. Ari anu ditancebkeun mah ssaperti melak sampeu.

Dina pepelakan, aya pepelakan anu jadi pokona aya oge pepelakan anu jadi pepelakan tambahan. Pepelakan anu jadi poko atawa anu utama biasana umur nepi ka dipanenna teh leuwih lila tibatan pepelakan tambahan. Jeung nu ngaranna pepelakan tambahan mah tara leuwih loba tibatan pepelakan utama. Jeung deui anu ngaranna pepelakan utama mah osok ngan ukur sarupa wungkul, sedengkeun pepelakan tambahan mah bisa leuwih ti sarupa.

Pepelakan tambahan anu osok dipelak biasana mah sabangsaning kacang panjang, bonteng, waluh, jagong jeung anu sejenna.