Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Sosobatan


Di hiji leuweung, hirup sabubuhan monyet. Di antara monyét anu sakitu lobana téh, aya hiji monyét ngora anu lumayan pisan bangorna. Salian ti eta téh ditambahan ku harak deuih. Dipapatahan mah lain itungeun, boh ku kolotna atawa ku monyét mandahna, angger wae teu euih-euih. Bedegongna teh beak ku sorangan. Kusabab eta, manehna mah tara aya baturna, tara aya anu ngajak ulin ku babaturanana. Nya meureunan sasatna teh dipencilkeun wee ku babaturanana.

Nya lila-lila mah manéhna teh teu betaheun aya di dinya na téh. Atuda arék betah kumaha, hirup sosoranganan taya anu ngabaturan. Ulin sorangan, néangan hakaneun sorangan, nepi ka saré ogé kudu sorangan. Euweuh batur heureuy, euweuh batur pakumaha, euweuh batur ngobrol-ngobrol acan. Ari kalakuan teu daék robah. Angger baé bangor, bedegong, hayang meunang sorangan, jeung harak deuih.

Ahirna mah manéhna indit ti dinya, ninggalkeun sarakanana. Ceuk pikirna teh, ti batan hirup di dieu euweuh nu ngabaturan mah, mending indit ka tempat anu séjén. Sugan ari di tempat séjén mah manggih batur anu daék diajak sosobatan. Da tétéla, teu genah geuning hirup euweuh nu ngabaturan téh. Manéhna indit gugurayangan, luluncatan tina hiji tangkal kana tangkal séjénna. Ari datang peuting, saré dina tangkal anu gedé. Lamun beurang, neruskeun deui lalampahanana. Meunang sababaraha poé kituna téh. Ari dahareun mah, teu kurang-kurang, da di leuweung geledegan. Ngan ari pisobateun mah can manggih.

Nepi ka hiji mangsa, manéhna anjog ka hiji muara. Walunganana kaitung gede oge. Tuluy diuk dina tangkal kiara anu aya di sisi walungan. Rét ka handap, ku manéhna katingali aya kuya, keur cicing dina batu lémpar di sisi walungan. Jigana mah keur moyan.

“Lakadalah, ieu sigana mah pibatureun aing téh,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Jrut manehna turun tina tangkal kiara, tuluykeun nyampeurkeun ka kuya. Kuya batok anu umurna geus kolot.

“Keur naon maneh Sakadang Kuya?” Ceuk Sakadang Monyét nanya.

“Ah, keur kieu wé, keur moyan,” témbal Sakadang Kuya bari nelek-nelek Sakadang Monyét, “Ké, uing mah asa kakara ningali anjeun. Anjeun téh anyar ka dieu nya?”

“Enya,” témbal Sakadang Monyét bari ngadeukeutan Sakadang Kuya, “Uing mah lain urang dieu. Jauh asal mah, tuh ti leuweung beulah hilir, deukeut hulu cai walungan.”

“Ambu-ambu, atuh jauh nya ari ti dinya mah. Rék naon atuh los-los ka dieu? Piraku sugan ari di ditu kurang hakaneun mah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Ih, soal hakaneun mah, asal daék, loba jeung sagala aya deuih.”

“Enya, naha atuh los-los ka dieu?”

“Lah, nyaéta atuh. Keur naon sagala aya ogé ari euweuh batur mah,” ceuk Sakadang Monyét ngahelas.

“Na euweuh bangsa anjeun kitu di ditu?”

“Loba, malah nya di dinya pisan apan bangsa uing ngabubuhanana téh. Ngan, nyaéta atuh, hiji ogé euweuh anu daékeun babarengan jeung uing. Sasatna mah uing téh dipencilkeun wé. Anu matak uing lunta ti dinya oge, indit sakaparan-paran,” ceuk Sakadang Monyét semu humandeuar.

“Naon sababna cenah? Piraku sugan ari euweuh asal-muasalna mah. Da sagala rupa ogé apan kudu puguh sabab-musababna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Puguh éta anu matak uing teu ngarti téh. Pajarkeun téh cenah uing bangor, harak, hayang meunang sorangan. Ah, loba-loba deui wé anu nyababkeunana téh. Padahal uing mah teu rumasa kitu. Éta mah saririk meureun, pédah uing kaasup monyét anu pinter jeung loba kabisa. Dasar monyét!” ceuk Sakadang Monyét, jadi ngarasa keuheul ka bangsana sorangan.

“Oh, kitu nya,” Sakadang Kuya mésem bari unggut-unggutan. “Ari ayeuna anjeun rék ka mana?”

“Duka atuh.”

“Enggeus wé atuh cicing di dieu. Kabeneran uing ogé euweuh batur. Sorangan.”

“Na ka marana kitu anu séjén?”

“Geus parindah batur mah, ka béh hilir. Ka tempat anu leuwih tenang. Ari sababna, di daérah ieu ayeuna geus aya bangsa manusa. Sarieuneun ku manusa.”

“Na atuh anjeun henteu milu pindah?”

“Nyaéta uing mah asa beurat mun kudu ninggalkeun ieu patempatan téh. Atuda ti leuleutik nepi ka ayeuna geus kolot kieu, can kungsi ingkah ti dieu, ari lain kapaksa mah. Sakali-kalieun. Hanas éta aya manusa, asal urang bisa nyingkahanana wé jeung ulah ngaganggu ka manéhna, tangtu manéhna ogé moal ngaganggu ka urang.”

“Enya kitu.”

“Tah, lamun anjeun daék, enggeus baé cicing di dieu jeung uing.”

“Nya ari Sakadang Kuya daék mah sosobatan jeung uing, atoh wé nu aya. Uing henteu hirup nyorangan deui. Sahenteuna atuh aya batur pakumaha,” ceuk Sakadang Monyét, paromanna marahmay.

Tuluy baé duanana uplek ngobrol dina luhureun batu. Sagala dicaritakeun, sagala diomongkeun. Duanana ngarasa bungah, copélna aya batur ngobrol. Jadi henteu tiiseun teuing.

Tah, ti harita mimiti sosobatanana Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét téh.

Dongéng Saméméh Saré


Mun keur cicing jeung pun Nini, kumatak nineung. Nineung ku kanyaahna, nineung ku kahemanna, nineung ku kasabaranana. Jeung ku matak nineung mun geus mangdongengkeun. Samemeh sare, pun Nini osok mangdongengkeun kuring. Ari dongengna lolobana mah dongeng sasatoan. Aya dongeng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Peucang”, “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet”, “Sakadang Bagong jeung Sakadang Maung”, jeung dongeng sasatoan nu sejenna.

Memang nu ngaranna dongeng sasatoan mangrupakeun hiji dongen anu lumayan dipikaresep ku barudak jaman baheula, samemeh aya alat hiburan modern saperti radio jeung tipi katut komputer. Eusina dongeng eta lolobana mah silih elehkeun saperti dongeng “Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya” atawa “Sakadang Kuya jeung Sakadang Peucang”. Dina dongeng “Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya”, duanana silih elehkeun dina melak cau, terus dina maling pelak cabe. Mun dongeng “Sakadang Kuya jeung Peucang” mah silih elehkeun dina balap lumpat. Aya deui dongeng “Sakadang Bagong jeung Sakdang Maung” anu nyaritakeun kumaha cara Sakadang Bagong nangtayungna anakna supaya henteu didahar wae ku Sakadang Maung.

Rumasa


Pikir asa ngalongkewang
Rarasaan asa risi
Mun inget jaman bareto
Inget nya ka si manehna
Teuing ku gede cintana
Hate ku teu pararuguh
Kumaha atuh ayeuna

Lima taun geus kaliwat
Teu karasa kieu jadi
Kuring henteu tibra bobo
Mun inget kari waasna
Kajadian rumaja
Pinuh ku rasa karidu
Ka si manehna nu anggang

Rumasa kuring teu sadar
Kumaha cinta ka kuring
Ridoeun ngadago-dago
Nolak lamaran nu lian
Nganti kalawan sabar
Teu mikirkeun kana waktu
Teuing nepi ka iraha

Tempat anu ngalongkewang
Nu anggang jarang papanggih
Geus deuekeut matak cape
Cape hate cape rasa
Kuring henteu biasa
Kudu kumaha nya atuh
Hate teh henteu ngidinan

Rumasa kuring teu sadar
Nu asih dipulang sengit
Hayang ngalejokeun hate
Hayang ngaheureuykeun cintana
Dipupuja nukangan
Dipupusti malik bendu
Teu malire ka inyana

Ayeuna kuring sadar
Kuring enggeus nganyenyeri
Mudah-mudahan ngawaro
Daek ngahampura dosa
Leungitkeun bimbang rasa
Nepi ka tiap juru
Guligah hate nu aya

Kaayaan teu dinyana
Kuring rek mulangkeun asih
Basa anjeun raheut hate
Nasibna jadi ka mana
Teu paruguh tungtungna
Kuring henteu jadi baku
Kana asih jeung cintana

Sadar kana kaayaan
Kuring ngeunteung kana diri
Naon nu geus dipigawe
Salila dipikacinta
Kuring henteu ngabalesan
Diri pinuh ku timburu
Bongan teu mulangtarima

Cikago, 8 Februari 2002
Pangropea: A.M.I.D