Ngala Suluh


Keur budak mah, pagawean teh salian ti ulin jeung babaturan, pastina oge mantuan kolot ngala suluh atawa ngala cai. Resepna ngala suluh teh mun ngalana babarengan jeung babaturan. Bisa bebas kumaha kuring. Beda mun ngala suluhna babarengan jeung kolot. Ngan pedah ngeunahna ngala suluh babarengan jeung kolot mah osok dipangalakeun suluhna, terus dipangmeungkeutkeun. Salian ti eta teh kolot mah osok karunyaan, mere suluhna teh osok saeutik, tara loba-loba. Da saurna teh bisi beurat, bisi mogok, bisi teu nepi ka imah.

Budak keur nanggung suluh
Budak keur nanggung suluh

Sedengkeun mun ngala suluh jeung babaturan mah, kudu ngala suluh sorangan. Tacan ditambah ku kudu paboro-boro jeung babaturan dina ngala suluhna. Da bisi beakeun. Terus kudu meungkeut sorangan, sanajan osok aya babaturan anu mangmeungkeutkeun, atawa silih bantuan. Salian ti eta oge, mun jeung babaturan mah osok pada-pada hayang katanggar pangaingna: pangbedasna, pangbisana, jeung pang-pang nu sejenna. Mun mawa suluh teh osok hayang paloba-loba, sanajan beurat oge.

Ari tempat ngala suluhna, mung jeung kolot mah osok ka leuweung (biasana). Tujuanna supaya meunang suluh anu tareuas jeung galede. Sedengkeun mun jeung babaturan mah tara ka tempat anu jauh-jauh teuing, biasana ka kebon batur, ngadon ngalaan dahan tatangkalan anu gararing atawa regang jeung dahan anu maruragan. Mun kabeneran aya tangkal kai anu garing (mun leutik keneh), kadang osok dituar, asal nu bogana euweuh (bisi nyarekan mun aya mah).

Ari balikna, rupa-rupa cara mawa suluhna. Mun indung kuring mah biasa mawa suluhna teh digandong make samping. Sedengkeun bapa kuring atawa kuring jeung babaturan mah aya anu manggul sabeungkeutan suluh.  Terus aya oge anu ditanggung, dua beungkeu suluh dipanggul make pananggung. Jeung aya oge anu disumiyat, sabeungkeut suluh make pananggung anu rada panjang supaya saimbang.

Nu matak nineung mah, waktu ngala suluh terus suluhna teh dijual kanu boga warung. Nya balik ngala suluh teh meunang duit jeung dahareun (aya bala-bala, gehu, kurupuk, jeung kadaharan sejenna).

Mangfaat anu Kapanggih

  1. Diajar hirup koloteun salian ti mantuan kolot teh. Ku jalan ngala suluh ti leuleutik keneh, geus jadi kabiasaan nepi ka kolotna. Da geus kolotna teh pasti biasa mun kudu ngala suluh teh.
  2. Dina hal mawa suluh, aya elmu panemu anu teu karasa bakal katimu di sakola, nyaeta dina hal “keseimbangan”. Mun manggul suluh kudu saimbang antara panjang ka tukang jeung ka hareup supaya suluhna gampang dibawa moal gampang murag. Komo deui mun mawana kucara disumiyat mah, kudu diitung heula kasaimbanganana supaya ulah témpat sabeulah.

Conto Babasan jeung Paribasa


  1. Laer biwir = osok ngabeja-bejakeun rusih batur, hal anu kudu disumputkeun kalahka diuwar-awur ka batur.
  2. Hampang birit = gampang dititah.
  3. Panjang leungeun = resep cocorokot kana barang batur, osok maling.
  4. Gede hulu = adigung, sombong, asa pangjagona, asa pang alusna.
  5. Hampang leungeun = gampang nyabok atawa nakol atawa nampiling atawa neunggeul.
  6. Handap asor = dépé-dépé, bisa ngahargaan batur.
  7. Nyoo gado = lahuta, ngaheureuykeun batur.

Conto salengkepna klik di dieu.

Babasan jeung Paribasa


Dina omongan sapopoé kadang osok aya kecap-kecap anu hartina téh lain saenyana atawa béda jeung susunan kecapna. Dua kecap atawa leuwih mun dihijikeun hartina téh béda jeung lamun kecap-kecap anu aya di jerona dipisahkeun. Contona wae gedé hulu. Mun ditengetan tina kecap-kecapna anu diwangun ku kecap gedé jeung hulu. Mun saliwatan mah hartina teh sarua jeung jelema anu ngabogaan hulu ukuranana gedé. Padahal anu dimaksud ku ucapan éta téh lain kitu, tapi aya harti kecap anu khusus, anu béda jeung nu dimaksud ku wangunan kecapna. Gedé hulu anu dimaksud di dieu mah nyaéta nuduhkeun jalma anu sombong, asa aing pangalusna, asa aing pangbeungharna jeung asa pang-pang nu séjénna. Terus aya ogé kecap buruk-buruk papan jati. Mun nengetan kecap-kecapna nuduhkeun ka hiji tangkal anu ngaranna tangkal jati, lain nuduhkeun ka jalma. Padahal anu dimaksud ku éta kecap teh nuduhkeun ka jalma, anu hartina téh sanajan goréng atawa bangor ogé tetep nu ngaranna ka dulur mah pasti bakal mantuan mun aya dina kererepetan atawa dina kaayaan susah.

Wangunan kecap-kecap anu saperti di luhur téh katelahna babasan jeung paribasa.

Naon atuh anu dimaksud ku babasan jeung paribasa téh? Sabenerna mah babasan jeung paribasa téh aya bédana, ngan susah ngabédakeunana.

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda beunang LBSS 1976, nu ngaranna babasan teh nyaéta “ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman, saperti gedé hulu, panjang leungeun, legok tapak jst.” Sedengkeun numutkeun R. Satjadibrata dina Kamus Basa Sunda 1954: ‘babasan atawa paribasa: sawatara kecap nu disusun nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi basana geus kamaphum ku saréréa.” Ari ngeunaan paribasa, Ama Satja nerangkeun kieu: “paribasa: kecap-kecap nu disusun jadi omongan nu hartina piluangeun atawa jadi pituah.”

Ceuk kuring mah (teuing salah teuing henteu), nu ngaranna babasan mah parondok jeung nuduhkeun kana pasipatan anu aya di diri hiji jalma. Sedengkeun paribasa mah anu paranjang….  Kitu tah ceuk kuring anu bodo mah.