Arsip Blog

Bebedilan


Bebedilan, sakumaha ngaranna mangrupakeun kaulinan barudak anu nyaruaan kana bedil. Bebedilan, asal kecap tina bedil. Bedil dipaké pikeun mentangkeun atawa nyéntangkeun atawa némbakeun pélor kana tempat atawa barang anu ditojo saperti manuk (ngabedil manuk). Bebedilan ogé dadasarna mah kitu. Ngan kusabab ngaranna ogé kaulinan atawa kaheureuyan barudak, bedil téh henteu dipaké saperti bedil nyaan. Malahan mah aya bebedilan anu euweuh péloran. Dina aya péloran ogé henteu bisa dipaké pikeun ngala manuk.

Bedil Jepret, salasahiji conto bebedilan

Bedil Jepret, salasahiji conto bebedilan

Dina prak-prakanana aya sababaraha rupa bebedilan anu osok dipaké kaulinan ku barudak. Aya bebedilan anu dijieunna tina tangkal awi, anu biasa disebut bedil jeprét, anu pangokangna tina awi anu dirautan. Salian ti éta aya deui bebedilan tina tangkal awi anu paranti narik pélorna tina karét geulang. Aya ogé bedil anu dijieunna tina dahan cau.

Sanajan kitu, dina prak-prakanana mah henteu diwawatesanan ku wangunan anu tangtu. Dina nyieun bebedilan, gumantung ogé kana motékarna budak anu nyieunna. Najan geus aya wangunan anu tangtu yén bebedilan téh sarupa kitu wujudna atawa tangtunganana, ari dina nyieun mah bisa waé robah. Hal ieu salian ti gumantung kana motékarna barudak, ogé gumantung kana bahan anu sayaga atawa bahan anu aya. Najan hayang nyieun bebedilan saperti bedil jeprét, ari bahanna kurang atawa euweuh mah bisa maké bahan anu séjén anu geus nyampak.

Ari mangpaat bebedilan dina kaulinan barudak nyaéta bebedilan biasana osok dipaké pikeun peperangan atawa tétémbakan.

(Gambar diropéa meunang nginjeum ti http://www.disparbud.jabarprov.go.id/)

Imtihan Maulid Nabi Muhammad saw 1434 H


Saptu peuting, sanggeus solat Isya, barudak santri ngarumpul di Madrasah Miftahul Huda. Santri-santri téh maraké saragam corak héjo. Dariuk dina korsi meunang nginjeum ti Balé Musawarah Dusun anu dijéjérkeun di buruan madrasah. Supaya henteu kahujanan, luhurna ditiungan maké terepal. Ari tamu anu haladir, nyaéta kolot-kolotna barudak santri diangkir supaya asup ka jero rohangan madrasah. Pon kitu deui reujeung sémah anu diondang, sina asup ka jero madrasah. Aya dua rohangan madrasah anu dipaké tempat acarana. Kikiding hahalang rohanganana digeblangkeun (dibuka) supaya dua rohangan éta bisa ngahiji.

Barudak santri keur mintonkeun Mars KPM Miftahul Huda

Barudak santri keur mintonkeun Mars KPM Miftahul Huda

Bari diamparan ku karpét, kolot-kolot jeung sémah anu diondang dariuk dina karpét bari dihareupeunana dijajarkeun idangan kayaning kuéh jeung inuman. Di tungtung rohangan anu hiji diteundenan babangkuan minangka panggungna. Panggung pikeun mentaskeun barudak santri. Ayeuna mah henteu nyieun panggung di luar, da keur usum hujan. Bisi kahujanan, pangpangna anu lalajona. Ari di jero rohangan mah apanan sakabéhna (anu mentas jeung anu lalajo) bisa kaiuhan.

Acara anu diluuhan ku Kapala Desa katut MUI Desa téh bisa lumangsung kalawan lancar. Hanjakal waktuna henteu cukup pikeun mentaskeun sakabéh barudak di luhureun panggung. Anu dipentaskeun téh ngan ukur bisa ceramah jeung Tahfidz Juz’amma wungkul. Salian ti éta mah kapaksa henteu dipentaskeun. Engké waé dina pas Rajaban, bakal dipentaskeun sakabéh barudak. Kitu kasauran Ketua Panitia.

Salasahiji pintonan anu diancokeun

Salasahiji pintonan anu diancokeun

Barudak anu kalolobaanana mah santri istri (satriwati), mentas ka luhur panggung. Mintonkeun hasil latihanana séwang-séwangan. Ti mimiti Qosidahan/Tagonian, Tahfidz Juz’amma katut ceramahan (tausiah). Salian ti éta ogé aya babagi hadiah ka santri anu miboga kapinunjulan (prestasi) anu dipasrahkeun langsung ku Bapa Kapala Desa katut Kapala Dusun. Acara Imtihan téh réngsé dina jam 12 peuting.

Barudak Sakola SD Darul Hikam Diajar Nyieun Kokoprak


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku inilahkoran.com http://www.inilahkoran.com/read/detail/1938876/siswa-darul-hikam-belajar-bikin-kokoprak, SD Darul Hikam Primary International School ngayakeun Sundanese Days anu dijerona diayakeun kagiatan diantarana diajar nyieun kaulinan barudak katut kadaharan tradisional. Kaulinan barudak anu diayakeun téh nyaéta nyieun bebedilan tina palapah daun cau. Sedengkeun kadaharan anu dijieun téh surabi. Salian ti nyieun kaulinan barudak, barudak sakola SD Darul Hikam ogé diajar nyieun kokoprak. Kokoprak téh nyaéta paranti ngagebahkeun manuk di sawah atawa di huma. Ngan bédana reujeung kokoprak anu osok dijieun di huma atawa di sawah anu dijieunna tina tangkal awi, barudak sakola Darul Hikam mah nyieun kokoprakna téh tina barang urut, lain tina awi.

Barudak sakola SD Darul Hikam anu ngiluan Sundanese Days

Barudak sakola SD Darul Hikam anu ngiluan Sundanese Days

Kagiatan anu dilumangsukeun dina poé Salasa ping 18 Désémber 2012 ieu, didadasaran ku hayang ngajaga jeung miara budaya sorangan nyaéta budaya Sunda supaya ulah kalindih ku budaya bangsa deungeun anu geus asup ka Indonésia. Kuayana kagiatan ieu, barudak hususna bisa mikawanoh budaya Sunda kalawan leuwih deukeut deui ti mimiti kadaharan, kaulinan, jeung anu séjénna. Kitu cenah nurutkeun Kapala Sakola SD Darul Hikam dina biantarana.

Dina ieu kagiatan, barudak sakola téh diwanohkeun kana surabi katut bebedilan tina daun cau ogé kokoprak. Sanggeus diwanohkeun jeung diajarkeun cara nyieunna, barudak téh sina nyieun sorangan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.inilahkoran.com/)

Cécéndét


Tangkal cécéndét geus teu bireuk deui, komo pikeun barudak mah. Dina mangsa usum hujan, lamun ulin ka kebon pipireun imah téh osok loba tangkal cécéndét. Pikeun barudak mah resepna téh ngala buahna anu geus asak, terus didahar. Nya lumayan waé ngeunah da rada amis-haseum. Malahan lamun anu tacan asak bener ogé osok maksakeun diala.

Tangkal cecendet

Tangkal cécéndét téh kaasup taneman anu miboga tangkal anu pendék. Jadina biasana dina keur usum hujan di tempat anu bala ngahiji reujeung jujukutan atawa di tegalan. Tangkal cecendet biasana mah ngarampidak atawa ngarangkadak. Tina satangkal téh miboga sababaraha dahan anu miboga dahan deui. Daunna rada paranjang, sedengkeun buahna ngagarantung dibungkusan ku bungkus anu wangunna saperti segi lima. Ari buahna mah baruleud leutik. Buah anu ngora jeung atah kénéh rupana héjo, sedengkeun anu geus asak mah semu konéng.

Sanajan buahna dipikaresep ku barudak, tapi urang lembur mah tara maksakeun pikeun melak ieu tangkal. Jadi, tangkal cécéndét jadina ku sorangan (jadi sorangan). Ceuk warta mah, tangkal cécéndét téh sabenerna miboga mangpaat séjénna hususna pikeun ubar.

Kaulinan Barudak jeung Diajar Jadi Jawara


Dina arulinna atawa maénkeun kaulinan barudak, aya sababaraha kaulinan anu kudu silih éléhkeun. Unggal budak kudu bisa meunang atawa jadi jawara ku jalan ngéléhkeun babaturan anu jadi lawanna. Naha ngéléhkeun kabéh babaturan anu jadi lawan atawa ngéléhkeun golongan barudak anu jadi lawanna. Dina ucing lumpat kudu bisa ngéléhkeun lumpat babaturan supaya bisa ngudag jeung noél babaturan supaya bisa jadi ucing, dina maén pris-prisan ogé kitu.

Kaulinan barudak anu dina maénna dibagi dua golongan atawa grup biasana mah osok silih éléhkeun. Pon kitu deui dina maénna anu sewang-sewangan tapi masih kénéh hiji kaulinan, osok silih éléhkeun. Contona waé dina gegelutan, peperangan, pris-prisan, galah, ucing-ucingan, balap lumpat, balap rorodaan, dam-daman, balap jajangkungan, tatarucingan, jeung réa-réa deui.

Jadi dina maénkeun kaulinan teu salawasna kudu jadi hiji golongan anu sabobot sapihanéan. Tapi aya ogé kaulinan anu dina maénkeunana kudu silih éléhkeun. Kudu pada-pada hayang meunang atawa jadi jawara. Ngan tetep dina maénkeunana, aya tetekon atawa patokan anu teu meunang dirempak. Dina ngahontal kahayang supaya bisa meunang jeung ngéléhkeun babaturan, angger aya tetekon anu kudu dijalankeun. Saméméh maén biasana mah osok dirempugkeun heula aturan atawa tetekon dina maénna, supaya dina prak-prakana teu jadi bahan pacéngkadan. Dirempugkeun heula naon waé anu meunang dilakonan reujeung naon waé anu teu meunang dilakonan. Ogé naon waé cirina atawa tandana anu jadi jawara atawa anu meunang. Contona dina peperangan, dina maénna kudu jelas heula naha lamun katémbak téh kudu langsung paéh (jadi éléh atawa henteu), atawa kudu sabaraha kali katémbak bisa éléhna. Hal ieu kudu jelas jeung jadi cekelan dina prak-prakan maénna. Pon kitu deui dina maén pris-prisan: kudu jelas gawangna, tempat nawan musuh anu katawanna jeung ka mana waé tempat anu bisa dijadikeun panglumpatan.

Barudak keur maen pris-prisan

Mangpaat anu bisa diala tina kaulinan barudak ieu, dina kahirupan aya hal-hal anu kudu silih éléhkeun diantara sasamana. Kudu pihak atawa golongan aya anu meunang. Ngan dina ngahontalna tetep kudu aya dina tetekon anu geus ditetepkeun, teu meunang ngarempak tetekon atawa aturan anu geus ditangtukeun saméméhna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://fahmee76.wordpress.com/)

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

Join 439 other followers

%d bloggers like this: