Hirup Teh Lir Ibarat Anu Keur Nyawah

17 03 2010

Jadi inget kana wejangan pun guru. Cenah, hirup manusa teh lir ibarat anu keur nyawah. Naha naon pakaitna atuh antara hirup jeung nyawah teh?

Mun dititenan wah jalma anu nyawah teh pasti ngabogaan kahayang atawa tujuan anu kudu hasil atawa nyata di akhir nyawahna. Nu matak patani nyawah teh pasti ngabogaan maksud. Maksudna patani migawe cape-cape nyawah teh kumaha supaya bisa panen pare. Malahan harepan anu leuwihna mah bisa panen anu kacida mucekilna. Hasilna kacida alusna pisan. Ulah nepikeun ka kaserang hama, komo deui mun parena hapa mah. Eta mah teu pisan dipiharep.

Jadi, patani dina nyawahna teh ngabogaan maksud hayang panen pare anu alus, beuneur parena.

Supaya bisa hasil pamaksudanana, patani kudu apal kana cara-cara nyawah anu alus. Nu utamana mah nyaeta dina nyiapkeun binih pare. Da nu ngaranna hasil mah biasa gumantung kana binihna heula. Mun hayang hasilna alus, tangtuna oge binihna kudu alus oge. Jadi modal mimiti dina nyawah teh nyaeta binih pare anu alus. Terus oge anu mangaruhan teh nyaeta taneuh reujeung caina (lahan). Taneuh reujeung cai anu cukup, eta anu dipiharep. Ulah nepikeun ka loba teuing cai, komo banjir mah. Kitu deui ulah nepikeun ka saat cai atawa kagaringan. Sanggeus kitu tinggal ngolah lahan supaya bisa dipelakan pare, naha arek diwuluku atawa dipacul.

Dina cara melakna oge, patani kudu apal carana melak pare (tandur). Awahan antara hiji binih jeung binih sejenna kudu sarua jeung aturan anu alus.

Dina salila nungguan panen, pare teh ku patani henteu diantepkeun sakahayangna wae. Tapi dipiara supaya jadina alus. Mun aya hama dibasmi hamana. Mun keri, dibere gemuk supaya subur. Mun pinuh ku jujukutan, dirambet heula sawahna. Jadi saacan dipanen, pare teh tetep wae dipiara ku patani tea. Mun mangsana geus beuneur hejo, komo deui beuneur koneng mah, patani teh osok nungguan sawah da bisi parena dihakanan ku manuh.

Aya sababaraha perkara atawa hal anu kapetik ku patani salila nungguan panen. Da nu ngaranna panen mah pastina oge kaala hasilna teh di tungtung atawa di akhir. Salila nungguan panen, patani osok beubeunangan anu memang teu pernah disiapkeun ti mimitina keneh. Beubeunangan teh misalna wae genjer atawa bengok. Taneman ieu bisa dimangpaatkeun ku patani/panyawah. Nu padahal mah patani teh teu pernah ngahajakeun melak atawa nanem eta genjer. Nu lianna, aya oge impun atawa lauk laleutik. Dina nungguan sawah panen, dina miara pare osok loba lauk leutik atawa impun anu bisa diala pikeun saharitaeun, pikeun bekel nungguan panen. Padahal mah sarua keneh, patani teh teu pernah melak eta lauk. Kadang aya oge belut jeung tutut, anu sarua bisa dimangpaatkeun keneh. Eta kabehanana bisa langsung dimangpaatkeun, henteu kudu nungguan panen pare.

Ari hirup jalma kumaha atuh…?

Hirup jalma oge sarua. Jalma hirup di dunya ieu teh pasti ngabogaan tujuan atawa maksud. Tujuan anu bakal kaala di tungtung atawa di akhir. Tujuan anu kudu bisa kaala tur alus jeung matak senang bungah. Tujuan ieu ngan hiji jeung diteundeun di tungtung. Satutas tujuan ieu taya deui tujuan sejenna.

Terus oge dina nyiapkeun kumaha supaya tujuan eta bisa kaala, mangka jalma kudu ngabogaan binih anu bener jeung alus. Binih eta kudu dipelak dina tempat anu cocok atawa bener. Sanggeus dipelak, mangka teu meunang ditinggalkeu kitu wae, tapi kudu dipiara, digemukan mun keri, kudu dibasmi hamana mun aya hama.

Naon atuh tujuan manusa hirup teh? Naon anu jadi maksud manusa hirup di dunya teh?

Tujuan utama pikeun hirupna jalma teh nyaeta Rido Allah. Eta mangrupakeun tujuan pangakhirna, tujuan anu utama. Taya deui tujuan sejen pikeun kahirupan jalma. Da eta tujuan anu panggedena jeung panungtunganana mah. Rido Allah anu aya engke di akhir teh taya deui kajaba ti Sawarga. Jadi tujuan utama pikeun jalma hirup teh taya deui kajaba ti Sawarga. Kitu oge pikeun jalma anu apal.

Terus, naon atuh binihna teh supaya bisa panen Rido Allah engke di akhir? Manusa hirup di dunya ieu teh dibere binih pikeun dipelakeun jeung dipiara, nyaeta Akidah. Eta mangrupakeun modal hirup anu pangawalna dibikeun ka jalma. Jalma gubrag ka dunya teh samemehna ditanya heula perkara akidah ieu. Sanggeus akidahna bener, manehna kakara digubragkeun ka dunya.

Tah binih ieu teh kudu dipelak di tempat anu cocok, di tempat anu bener supaya eta binih atawa akidah teh bisa jadi kalayan alus. Da teu sambarangan tempat bisa dipelakan. Kitu deui pikeun melakeun Akidah ieu. Akidah bisa jadi kalawan mulus banglus di tempat anu memang pitempateunana.

Sanggeus melakeun eta binih di tempat anu bener, kakara bisa nungguan panen. Ngan salila nungguan panen ieu, jalma kudu ngaroris atawa miara jeung nempoan eta pelak. Teu beunang diantep kitu bae. Da sanajan binihna geus bener, terus tempatna geus bener oge, lamun henteu dipiara mah moal bisa panen kalawan mucekil atawa sakumaha anu dipikahayang. Bisa-bisa teu hasil atawa teu bisa panen. Jadi jalma masih keneh ngabogaan tugas pikeun miara eta tatanen.

Dina salila miara eta tatanen, eta jalma pasti bakal beubeunangan perkara anu bisa dimangpaatkeun pikeun sahariteun atawa pikeun hirupna di dunya, hirup anu nungguan panen. Eta beubeunangan teh bisa langsung dimangpaatkeun pikeun bekel nungguan panen.





Nyadap Gula Kawung (Bagean Ka-1)

17 03 2010

Hiji pagawean anu bisa dijadikeun jalan ngahasilkeun teh nyaeta nyadap. Pikeun sabagean urang lembur mah nyadap teh lumayan nguntungkeun oge. Tina hasil nyadap teh bisa dipake pikeun napakah sapopoe.

Tapi, ketang teu salilana nguntungkeun.

Nyadap teh asal kecapna mah tina sadap. Sadap basa Sunda beda jeung sadap Bahasa Indonesia. Kecap sadap dina Basa Sunda mah biasa dipake, hususna, pikeun jalma anu ngala lahang tina tangkal kawung atawa kalapa. Aya oge kecap sadapan, hartina tempat atawa bagean tina tangkal anu disadap, tempat kaluar cai anu disadap tea.

Perkara naha aya hubunganana antara kecap sadap dina Basa Sunda jeung sadap Bahasa Indonesia, anu harti jerona mah jiga sarua wae, eta mah jigana aya pakuat-pakaitna. Kadua kecap bisa ngabogaan harti megat hal atawa perkara saacan nepi ka tempat tujuanana. Nyadap dina Bahasa Indonesia mah, megat informasi naon eusina. Sedengkeun nyadap basa Sunda mah nyadap teh megat cai tina tangkal saaacan kaluar tina tempat kaluarna.

Balik deui kana nyadap anu jadi pagawean nyaeta ngala cai tina tangkal, hususna tangkal kawung. Nyadap dina tangkal kawung mah tujuanana teh nyaeta ngala cai tina cupat buah kembang kawung atawa anu disebut langari. Samemeh langari ligar jadi buah, cupatna atawa biasa disebut oge leungeun kawung teh dipapas atawa diteukteuk supaya bisa kaluar caina. Cai anu diala ieu disebutna teh lahang. Lahang mangrupakeun bahan anu baris diolah jadi gula beureum.

Ngan dina ngala lahang ieu teu sagawayah kitu wae, da aya cara-cara anu biasa dipake saacaanna ngala lahang teh.

Saacan prak-prakana teh aya bahan anu kudu diayakeun. Bahan anu biasa digunakeun teh diantarana wae:

  1. Paninggur, osok dipake pikeun ninggur leungeun kawung (cupat atawa dahan tempat ranggeuyan langari ngagarantung). Paninggur biasana dijieun tina tangkal kai, tangkal nangka, supaya kuat lila. Wangunana jiga gada, aya paneunggeul jeung paranti nyekelan.
  2. Lodong, wadah tina leunjeuran awi surat. Panjangna kira-kira sabeuteung kolot. Buku-bukuna dibolongan kajaba buku anu di dadasar atawa di handap. Tuntung luhur biasana dicowakan sabeulah terus make tali pikeun ngagantungkeun lodong kana leungeun kawung tea.
  3. Sigay, leunjeuran awi anu panjang anu dipake pikeun naek kana tangkal kawung. Awi anu osok dipake biasana mah awi tali. Tiap luhureun buku osok dibolongan, anu gedena ngaleuwihan jempo suku. Tujuanana teh pikeun tempat titincakan anu nyadap waktu keur naek.
  4. Peso Sadap, bedog atawa peso anu osok dipake pikeun ngeureut leungeun kawung. Wangunan pesona beda jeung peso biasa. Peso ieu mah rada gendut jeung pondok.
  5. Tali Aisan, tali anu dikuribengkeun kana tangkal kawung ngan rada logor. Tujuanana teh pikeun nahan awak anu nyadap mun eukeur di luhureun tangkal kawung.
  6. Raru, dangdaunan tina tangkal raru anu osok digunakeun pikeun campuran lahang. Saacan lodong ditandekeun kana leungeun kawung, lodong teh diasupan daul raru.




Jadi Manusa Sagemblengna

16 03 2010

Manusa diciptakeun teh jadi mahluk anu sampurna, anu ngabogaan pangleuleuwih tibatan mahluk Allah nu sejenna saperti Malaikat jeung Jin. Sampurna dina dedegan, oge sampurna dina bekel (fitrah) anu dibikeun langsung ku Allah. Manusa ngabogaan jasad anu sampurna pikeun ngalakonan hirupna di dunya. Manusa ngabogaan akal pikeun mikir jeung milih anu kudu dipilih. Manusa ngabogaan hate jeung nafsu.

Manusa gubrag ka dunyana teh bari dibere modal pikeun ngalumangsungkeun kahirupanana. Modal anu pangmimitina dipiboga ku manusa teh nyaeta fitrah, suci beresih tina kokotor jeung sagala dosa. Kaasup dina kayakinanana oge masih beresih, ngaku yen Pangeran manehna teh Allah.

Tapi sanggeus gubrag ka dunya, taya anu ngajamin manehna teh bakal tetep dina kaayaan suci beresih. Da nu ngaranna dunya mah pinuh ku gogoda. Loba jalma anu teu bisa ngajaga dirina supaya beresih tina dosa. Pangpangna ngajaga kayakinan ka Pangeranana. Loba jalma anu kasasaran, katipu ku kaayaan dunya, ku kani’matan dunya. Teu saeutik jalma anu ngorbankeun kayakinanana pikeun ngudag dunya, ngudag harta, ngudag tahta jeung wanoja. Parandene kitu teu saeutik oge jalma anu bisa ngajaga kayakinanana. Sanajan dibibita ku kani’matan dunya anu sakitu matak poho kana wiwitan, kana asalna.

Manusa digubragkeun ka dunya teh tangtuna oge ngabogaan tujuan atawa tugas anu kudu dijalankeun di dunya ieu. Da teu ujug-ujug Pangeran teh nyiptakeun ciciptaan, mun euweuh maksudna mah. Jadi manusa digubragkeun ka dunya teh pasti ngabogaan tujuan.

Naon atuh tujuan manusa digubragkeun ka dunya teh?

Ceuk guru mah, cenah, manusa diciptakeun ka dunya teh supaya ibadah. Sakumaha dina Quran disebutkeun, yen tujuan Pangeran nyiptakeun manusa jeung jin teh taya deui pikeun ibadah. Jadi tujuan manusa hirup di dunya teh taya deui iwal ti pikeun ibadah. Mun henteu ibadah tangtuna oge teu saluyu jeung tujuan manehna hirup di dunya salaku manusa. Da ciciptaan Pangeran anu disebut manusa mah tugasna teh ibadah.

Ceuk guru nu lianna, cenah, tujuan manusa diciptakeun teh nyaeta supaya jadi kholifah di dunya ieu. Jalma teh ngabogaan tugas pikeun ngokolakeun ieu dunya. Jalma teh ngabogaan tugas pikeun jadi wakil Pangeran di dunya anu ngamakmurkeun anu ngolah dunya ieu. Anu ngaranna wakil, tangtuna oge kudu turut-tumut kanu ka anu diwakilanana. Ceuk anu diwakilanana kitu, mangka kudu kitu. Ceuk anu diwakilanana kudu kieu, mangka kudu kieu.

Jadi manusa anu bener-bener jadi manusa teh, nyaeta jalma anu hirupna pikeun ibadah jeung jadi wawakil Pangeran dina ngokolakeun dunya ieu.





Muat Suluh

9 03 2010

Mun mangsana datang mobil treuk anu arek narik suluh meunang ngibik, barudak teh mani papada hayang kaajakan pikeun ngakutan suluhna. Saha anu teu hayang, da aya buruhanana. Sanajan buruhanana teu gede, tapi lumayan pikeun jajan mah. Eta oge pikeun budak anu resep kana ngakut anu beurat-beurat. Da budak anu hengker mah, langka anu miluan atawa diajakan.

Muat suluh samobil treuk teh biasana mah kurang leuwih ku genepan. Barudak anu laleutik bagean ngakutan, sedengkeun budak anu geus gede mah biasana bagean memeres suluh dina mobil supaya nyusun merenah.

Ari buruhan ngakutna lumayan pikeun jajan-jajan wae mah.





Istilah dina Tatanen

26 01 2010

Dina widang tatanen aya istilah-istilah anu remen dipake. Istilah-istilah anu osok dipake dina tatanen di kebon diantarana wae:

  1. Ngabukbak. Muka kebon atawa leuweung anu masih keneh loba tatangkalan pikeun dijadikeun lahan anu bakal dipelakan atawa dipake tatanen.
  2. Ngabaladah. Memener tempat atawa lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen.
  3. Nyacar. Meresihan lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen tina jujukutan jeung tatangkalan.
  4. Babad. Sarua jeung nyacar. Bedana, mun babad mah biasana make bedog, sedengkeun nyacar mah biasana make congkrang atawa arit.
  5. Ngahuru. Meuleuman tatangkalan meunang nyacar atawa babad.
  6. Ngadurukan. Meuleuman jukut jeung tatangkalan sesa ngahuru nepikeun ka beresih.
  7. Macul. Ngolah taneuh supaya lalempur kucara dipancongan make pacul.
  8. Ngawuluku. Ngolah taneuh ku jalan make tanaga sapi anu narik wuluku.
  9. Nemprang. Ngarempu-rempukeun taneuh anu masih keneh guluntungan meunang macul. Biasana make pacul.
  10. Ngarag. Miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul atawa nemprang.
  11. Ngaseuk. Nyieunan liang dina taneuh make aseuk (tongkat anu tungtung handapna diseukeutan) pikeun dipelakan bibinihan sabangsaning suuk atawa pare.
  12. Muuhan. Ngasup-ngasupkeun binih pepelakan kana liang meunang ngaseuk.
  13. Ngamalir. Nyieun jalan cai di kebon supaya ulah ngaganggu kana pepelakan.
  14. Ngagemuk. Merean gemuk kana pepelakan.
  15. Nyaangan. Ngalaanan jujukutan anu minuhan kebon anu dipelakan.
  16. Ngoyos. Sarua jeung nyaangan.
  17. Ngored. Miceunan jujukutan ti kebon make kored.
  18. Nyemprot. Ngabasmi hama pepelakan make panyemprot.
  19. Tunggu. Ngajaga kebon supaya ulah aya anu ngaganggu.
  20. Panen. Ngala pepelakan anu geus umurna diala.

Sedengkeun istilah anu osok dipake di lahan anu baseuh atawa sawah diantarana wae:

  1. Ngawuluku. Ngolah taneuh sawah make wuluku anu ditarik ku sapi atawa munding.
  2. Tebar. Nyieun pabinihan atawa melakeun binih saacanna dipindahkeun ka tempat melakna (sawah).
  3. Tandur. Melakeun binih pare ti tempat tebar ka sawah.
  4. Ngarambet. Miceunan jukut anu minuhan sawah supaya ulah ngaganggu pelak pare.
  5. Beuneur hejo. Kaayaan pare anu geus eusian tapi masih keneh warna hejo.
  6. Beuneur koneng. Kaayaan pare anu geus meujeuhna alaeun, geus beuneur atawa aya eusian jeung geus warna koneng.
  7. Dibuat. Ngala pare anu geus usumna diala.