Congklak di Lambaran Google Indonésia


Poé ayeuna, kabeneran keur ninggang di Hari Anak Nasional. Pikeun miluan ngaramékeunana atawa ngareuah-reuahna, penyungsi Google mintonkeun lambaran hareup mangrupa kaulinan barudak nyaéta Congklak. Pikeun anu panasaran, mangga waé longok wébna. Ngan husus dina poé ieu wungkul, da isuk atawa pagéto mah bakal ganti deui gumantung kana jejer atawa kajadian anu keur ramé.

Lambaran hareup panyungsi Google anu mintonkeun kaulinan Congklak
Lambaran hareup panyungsi Google anu mintonkeun kaulinan Congklak

Lambaran Google anu mangrupa kaulinan Congklak ieu bakal mawa anu nyungsi atawa nempo loka Google Indonésia ka lambaran hasil nyungsi ngeunaan Congklak. Jadi anu panasaran naon ari Congklak, bisa langsung neken kenop mouse kana gambar Congklakna.

Kaulinan Congklak sabenerna mah lain ngan ukur kaulinan urang Indonésia wungkul, da di luar nagri ogé aya anu ngulinkeunana. Saperti di Malaysia jeung Singapur, aya kaulinan anu sarupa reujeung Congklak ieu. Pikeun urang Indonésia, ieu kaulinan sumebar ampir di sakabéh wewengkon Indonésia.

Tunda talatah