Bendungan Jatigedé, Ngadadak jadi Tempat Pakanci


Bendungan Jatigedé nurutkeun rarancang anu anyar mah, bakal mimiti dipaké dina ping 1 Oktober 2013. Torowongan anu salila ieu dipaké kokocoran cai gaganti walungan saméméhna anu ngaliwatan bendungan téh bakal ditutup. Cai anu salila ieu ngocor terus téh sina minuhan patempatan di girangeun bendungan. Ngeunaan pangwangunana, ayeuna masih kénéh dipaju ku kontraktor ti nagri China, Sinohydro.

Salasawios jalan anu bisa diliwatan pikeun muru ka bendungan Jatigede
Salasawios jalan anu bisa diliwatan pikeun muru ka bendungan Jatigede

Méakeun kapanasaran kumaha kaayaanana éta bendungan dina danget ayeuna, dina poé Saptu (10/8) kamari mah nyobaan ngincig muru ka bendungan Jatigedé. Nyokot jalan anu ti wewengkon Tomo muru ka béh kidulkeun, mapay jalan gedé anu alus nuju ka wewengkon Jatigedé. Jalan anu disorang alus pisan, béda reujeung kalolobaan jalan anu aya di wewengkon Sumedang. Ngan hanjakal pabeubeurang mah hawana kacida panasna. Anu muru ka bendungan téh geningan loba batur: aya anu maké kandaraan gilinding dua, aya ogé anu maké kandaraan gilinding opat. Ngadon arulin ka bendungan, papada hayang apal kumaha kaayaanana. Henteu anéh lamun pikeun sawatara waktu mah bendungan téh jadi tempat pakanci lebaran taun ayeuna. Kabeneran, dina wanci peré ayeuna mah wewengkon deukeuteun bendungan téh dibuka bisa diasupan ku saha waé. Da lamun dina poé biasa mah henteu meunang diasupan ku masarakat. Antukna bendungan téh ramé ku anu ngadon arulin.

Saméméh bendunganana dipaké (dicaian), bisa apal kana wangunanana ti kadeudeutan. Torowongan caina béh girang (lain béh hilir wungkul) katut témbok bendunganana. Lamun dina poéan biasa mah cenah ngan ukur bisa nempo bagéan hilirna wungkul.

6 thoughts on “Bendungan Jatigedé, Ngadadak jadi Tempat Pakanci

  1. hatur nuhun adi, kenging gambaran anyar ngeunaan bendungan jati gede basa aba keur leutik 45 taun katukang cenah rek dibendung ….jigana ayeuna jadina, muga bae abah bisa nungkulan lalayaran ti tomo nepi ka cadas ngampar…naek ka wado…

    Like

Tunda talatah